Si Jay keur ngahuleng sorangan di pos ronda.
Panona nu beureum alatan kurang sare, neuteup langit nu rada 
ceudeum. Sukuna nu kenca ucang-ucang angge, nu katuhuna ditaekeun 
bari sila.  Sakapeung gagaro sirahna, sakapeung ngorong.
kitu jeung kitu we titatadi. Ramo leungeun kenca nyapit udud
keretek meunang nganjuk ti warungna ceu upit. 
Serebung...haseupna nyerebung bari dibuleud-buleudkeun, sesa
haseupna dikaluarkeun tina liang irung jeung liang ceulina.
heu heu..aya ku bisaan. Udud we ge bisa diulik kitu.

Teu saurang-saurang acan jelma nu ngulampreng. Boh nu kawarung,
boh nu rek kamana. Asa karasa tiiseun lembur teh..
Biasana mah jelma di ieu lembur teh teu beurang teu peuting,
aya we nu ngagarimbung. Rupa-rupa anu dicaturkeun mah, ti hal 
bagbagan agama nepi ka pulitik, atawa ngobrolkeun gosip-gosip nu 
keur haraneut.

"Hmmm...ngaduruk imah wae kitu ?", kitu ceuk pikiran si Jay.
maksudna mah meh haneuteun.

Juringkang si Jay hudang, tuluy leumpang ka beh kulon..
Langit beuki ceudeum, hujan pras pris maseuhan alam.




-dul-









Kirim email ke