Cenah, tgl 14 Februari teh, poe Valentine, poe "kasih sayang". Di lembur
soal ngarayakeun poe Valentine teh aya nu protes sabab cenah ieu teh
budaya kulon nu sekuler, budaya jahiliyah malah aya nu nyebutkeun poe
Valentine teh leuwih bahaya ti Flu manuk ...hehehehe. Tapi nu ngarayakeun
tonngoy we, komo para pangusaha mah, malah digede-gedekeun, di Mall-mall
di jual coklat poe Valentine nu bentukna siga jantung (hate). Tapi lain
pangusaha gede wae, tukang kembang ge ngamanfaatkeun. Di Jalan Dago
bandung, ti kamari keneh, rapang nu jualan kembang meunang mungkusan di
stopan lalulintas.

Ari ceuk kuring mah, soal ngarayakeun Poe Valentine teu kudu diprotes kom
bari demo sagala mah, ka beak-beak tanaga. Nu kieu bisa disebut Budaya Pop
tea, tambah dicarek ...malah tambah ngahajakeun. Bung Karno baheula
ngalarang musik "ngak-ngik-ngok", tepi ka Koes Bersaudara asup bui. Naon
hasilna? malah beuki nerekab. Dangdut baheula kungsi dilarang nonghol dina
TV, hasilna Dangdut tambah populer!. Jadi, satungtung poe Valentine teu
ngarugikeun sasaha, naha make kudu ijigimbrang ngambek sagala?

Baktos,
WALUYA








Kirim email ke