Teh Maria, asa pabaliut ngabandungannana padahal mah masalah valentine
ulah dijadikeun masalah berat, keun bae anu erek ngarayakeun valentine
atuh mangga, anu moal oge mangga, bebas, anu penting mah ulah
ngarayakeun perang, teror, ngebom... 

Ari kata-kata kasih dan sayang kapirengna raos, tinimbang perang,
atanapi ngebom gedung-gedung maehan jalma anu teu dosa.

Ari valentine mah artina umum nyaeta kasih sayang, saha bae oge gaduh
perasaan kasih sayang, teu aya hubunganna jeung agama. Atuh contohna
urang Afganistan dikerudung ngucapkeun "Happy Valentine" kamari.
Padahal mah abdi & Wayne teu mikir-mikir ngucapkeun happy valentine
kamanehna. 

Aya saena kanggo peluang bisnis produk-produk valentine, nyiptakeun
lapangan kerja, biasana mah produk rumah industri saperti ngadamel
lilin berbentuk ati, ngadamel kembang ros, kartu ucapan buatan tangan
sendiri, kaos, topi, buku dll... , janteun tiasa ngajak tatangga
damel, atuh tiasa kanggo nambah penghasilan ngabantu suami/istri,
biarpun kecil anu penting mah daya kreatif tinggi, atanapi mungkin
kanggo para remaja anu kreatif tiasa jadi masukan penghasilan, atuh
lumayan tiasa kanggo meser buku pelajaran sakola.   

Atuh positifna dihari kasih sayang anu tos mampu tiasa ngundang kaum
miskin bagi-bagi sembako/pakean/ vitamin-vitamin. Ari hari valentine
sanes kanggo para pasangan wungkul, tapi kanggo sadaya umat manusia,
termasuk hewan, intina mah kanggo perdamaian. 

Tapi seueur oge di hari valentine dijadikeun salah kaprah, wah...
matak sedih, sagala oge balik deui kasifat jeung pandangan manusa. 
Ari abdi pribadi mah "hari kasih sayang" diartikeun sami sebagai hari
perdamaian, cinta kasih, cinta damai kanggo sadaya umat manusa,
atanapi hewan didunia.

Baktos,
Nn

Kirim email ke