Nyanggut hiji euy!:)))

Kang,
Kaayaan eknomi Iran mangrupa hiji faktor penting. Tapi aya nu leuwih penting 
deui sigana mah. Sistem diktator nu aya ayeuna geus ngahudangkeun deui 
kasadaran masyarakat Iran? Sabab urusan milih teu milih ge taya gunana dina 
sistem anu aya ayeuna, sabab sagala rupa urusan politik ditangtukeun ku 12 
ayatollah. Ieu ayatollah boga akses langsung ka Pangeran, jadi taya nu bisa 
ngontrol na.

Lebah dieu mah, kaayaan politik RI ayeuna kaitung HADE oge. Rahayat ngontrol 
pamingpin liwat pemilu. Tinggal memener proses jeung tatalaksana na, sina 
leuwih hade.

Hirup RI!!! :))))

baktos,

Rahman



--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "waluya2006" <waluya2...@...> wrote:
>
> > "Rahman" <rsyaifoel@> wrote:
> > Wah... kamarana ieu teh? Topik hade siga kieu mani euweuh nu noel2 
> > acan euy?
> 
> Hehehehe ... atuda di indonesia ge keur "demam" demokrasi. Ahamdimejad di 
> Indonesia mah loba nu "muja", bukuna ge kaasup nu laku. Meureun pedah kaasup 
> pamimpin nu wanian ka Amerika. Ngan kakoncara diluar, acan tangtu di jero 
> nagarana. Sigana di Iran aya masalah, duka masalahna mah naon, tapi sangkaan 
> kuring mah ekonomi. 
> 
> Boa-boa ngaharib jeung Bung Karno baheula, nu kakoncara di LN, tapi teu 
> didukung ku kaayaan ekonomi di jero nagara, akibatna BK kapaksa "turun" ..... 
> 
> Baktosna,
> WALUYA
>


Kirim email ke