Pribados oge ti kapungkur hoyong pisan aya nu ngaguar perkawis ayana agama sunda atanapi aliran kapercantenan nu sanes nu hirup di masyarakat Sunda. Da di henteu-henteu oge, kedah diangken perkawis ieu teh aya nyata sareng karaos ayana di masyarakat. Tapi hanjakal kumargi masyarakat urang katingalina mah teu acan tiasa nampi aya nu benten sareng nu umumna diagem, sering ngavonis sareng moyok ka kaum anu benten ieu, nu akhirna aranjeunna nararik diri janten "tertutup". Informasina janten sapotong-sapotong nu tungtungna malah beuki nebihkeun antara nu mayoritas sareng nu minoritas.
Saleresna didieu, di kisunda, aya kang Ira nu asli ti tutugan Gunung Ciremai alias ti Cigugur Kuningan. Anjeunna kantos ngaguar perkawis ageman Kyai Madrais di Cigugur Kuningan. Dina Arsip kisunda tiasa ditingali posting-posting kang Ira. Atuh kanggo pembandingna aya posting ti kang Gunawan Yusuf anu nyutat ti salah sahiji buku nu ngabahas perkawis aliran Madrais ieu. Jarang urang sunda nu ngagem ageman sanes salian Islam, nu sawantun Kang Ira, wantun nyarios dina millis, oge wantun nyarios dina TV (TVRI Bandung dina acara Bruk- Brak). Tapi ageman urang sunda diluar Islam, sanes aliran ti Cigugur wae, tapi cenah mah aya oge ageman nu sanes. Tah manawi aya nu terang, ceuk pribados mah langkung sae urang bruk-brak didieu. Atuh supados ulah janten silih poyok sareng silih salahkeun, kumaha lamun sifatna mung informasi wungkul teu nganggo opini pribadi. Hatur Nuhun. Baktos, Waluya --- In [email protected], Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >Nuhun kana waleran Kang Ade. Sapribadoseun mah tangtos, moal hoyong kalebet anu pro atanapi kontra, komo jajauheun kana ngagorengkeun atanapi silih poyok. Satadina ma hoyong uninga we, margi ari aya hal anu ngagere kana otak teh sok teras wae ararateul hoyong terang. Tapi ari teu aya anu tiasa nerangkeun kalawan eces, atanapi kedah khususon mah teu sawios, moal maksa (satadina mah pedah dibuka diruang publik -- susuganan tiasa bruk brak -- margi kayakinan atanapi naon oge tiasa dianggap elmu -- minimal kangge perbandingan. Insya Alloh, kapayun upami aya waktos, hoyong nganjang ka Pasewakan, da numutkeun lalakon mah, pun Aki pge urang Gunung Leutik Ciparay, teu patos tebih ti Baru Jati. Janten samentawis mah kapanasaran teh seja dipendem wae dina sanubari. > > Nuhun sareng neda dihapunten kasadayana. > > > > >-Sampurasuuun.., > > > >Haturan Baraya kisunda ...., > > > >Kang.., wacana ngeunaan ieu ngawitan ditampi ku mangle teh din ping > >21-07-2004 dina jam 23;22:... tah ti ngawitan harita seueur pisan > >anu baraya sunda anu mairan aya anu pro sareng kontra, mangga di > >tinggal di wacana: tanggapan, anu seseueurnamah silih > >gorengkeun,silih poyok, silih cerca, silih ejek mun kongangmah > >panginten hoyong silih tonjok umpama pahareup-hareupmah. > > > >nu katinggal ku pribados, ieu golongan teh kagungan sipat alim > >ngagangu da embung di ganggu, alim ngusik da embung di usik, moal > >nyarios di hareupeun umum sok bilih teu ngarti, da can puguh anu > >dicariosanana hayangeun ngarti. > > > >tah kuring kaleresan saatosna ngontak salah sahiji sesepuh eta > >golonngan, aranjeuna muka lawang, mangga bilih ka singsaha bae anu > >hoyong muka wawasan kanggo ieu ajaran dongkapan bae pupuhuna > >taroskeun sagala rupa kapanasaran, tah engke umpama tos kaharti teu > >kaharti prak buka dina ieu rohangan. > >da urangmah lain jalma tukang maksa pan, lamun batur alim nyarios di > >rohangan, dasarebu kali gogorowokan oge da moal aya nu ngajawab. > > > >Pupuhu anu kahiji namina: Bp. Rustama di jakarta alamt aya di mangle, > >kadua tiasa ngadongkapan Gedung Pasewakan di Ciparay, taroskeun > >pupuhu di ciparay-da tarerangeun. > > > > > >Mangga sakieu heula bae... ti sim kuring > > > > > >Baktos > > > > > > > >Asep Oeking-FL > > > > > > > > > > > >-- In [email protected], Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >> >Leres pisan, pribados oge sapagodos sanes bade ngocal-ngocal. Ieu > >mah estuning hoyong terang. Seueur anu nyebatkeun ayana agama Sunda, > >tapi ari wujudna kumaha? kumaha prak-prakanana? samar keneh wae, > >margi teu aya anu nerangkeun kalawan eces. Padahal cenah, mibanda > >kaarifan anu luhung. > >> Nuhun. > >> > >> >Assalaamu'alaikum, > >> > > >> >Kahatur baraya sadaya, > >> > > >> >Simkuring kuram-kirim naon bae, kaasup nu jadi bahasan di dieu > >lain > >> >maksud rek ngocal-ngocal, ngaganggu kayakinan atawa ageman batur. > >Taya > >> >lian, maksud teh pikeun muka wawasan bae, ngeunaan naon nu aya di > >> >sabudeureun urang. Nya tangtuna (kusabab ieu mah milis urang > >Sunda) > >> >kaasup naon (bae) nu jadi ageman urang Sunda, ti sumber mana bae > >nu > >> >bisa kasungsi. > >> > > >> >Sakitu bae anu kapihatur, mangga lajengkeun! > >> > > >> >sikandar > >> > > >> >---------- Forwarded message ---------- > >> >Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >> > > >> >Rahayu Kang...., > >> > > >> >Haturan tepang sareng Sim Kuring Asep Oeking, wiwitan ti Ciwaruga, > >> >Bandung, ayeuna nuju Ngalanglan di nageri deungeun-FL,USA. > >> > > >> >Langkung ti payun sim kuring bade sanuk2,parantos tumorojog tanpa > >> >rarapan, teu kirang sareng teu langkung bade nyuhunkeun dihapunten > >> >bilih aya luhur bahe carek, dina mairan artikel dina ieu rohangan, > >> >teu aya sanes sim kuring teh hoyong mungkas obrolan perkawis ieu > >anu > >> >tos di padungdengkeun ku Kang kumincir, soalna masalah ieumah > >> >masalah kayakinan ulah rek di parebutkeun, da ujung-ujungnateh > >bakal > >> >lumpat kana kayakinan. > >> > > >> >Didunya aya mangratus-ratus kayakinan anu nerap dina kahirupanana, > >> >sumebar di tiap juru dunya ngan sababraha bae anu bisa dibedakeun, > >> >anu niat hade jeung niat teu hade, carana nyebarna bari maksa > >jeung > >> >teu maksa, kayakinan anu sok ngagogoreng kayakinan anu lian jeung > >> >anu tara ngagogoreng, tah... tos ayeunamah urang pungkas bae > >> >padungdengan ieu obrolan teh, satuju lah,... mangga bae urang > >silih > >> >cepeng kayakinan masing2 kukalakuan nyata anu hade dina kahirupan, > >> >ulah rek silih oleg kana kayakinan anu lian, da ari geus waktuna > >> >rungkad caringin di buruan mah ngan iwal tikalakuan anu hade anu > >> >bisa di andelkeun, iwal ti amal perbuatan, cag.. tutup lawang > >> >sigotaka. > >> > > >> >Hayu urang silaturahmi bae.... > >> >Baktos > >> > > >> >Asep-Oeking-FL > >> > > >> > > >> >PENTING..! > >> > > >> >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > >> > > >> >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai > >sanksi berupa pencabutan membership. > >> > > >> >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk > >selalu mengupdate antivirusnya. > >> > > >> >Yahoo! Groups Links > >> > > >> > > >> > > >> > > >> > > >> > > >> > > >> > > >> Ganjar Kurnia > > > > > > > > > > > >PENTING..! > > > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > > >Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > > > > > > > > Ganjar Kurnia PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
