Haturan Baraya, Kunaon seueur pisan legenda anu mapandekeun Sunda buhun sareng Islam? sabab aya rasa ERA di kalangan urang Sunda anu Islam lamun karuhuna henteu nyekel ajaran Islam, sabab embung disebut turunan jahiliyah. Kukituna der wae didamel dongeng-dongeng anu DIPAKSAKEUN sapertos kieu, Kean Santang tarung sareng Bagenda Ali, Kean Santang diajar Islam ka Kangjeng Nabi Muhammad. Sanghiyang Hariang Kancana diajar Isalam ka Kangjeng Nabi Muhamamad, dongeng Anak ngabeberik Bapa gara-gara beda ageman, jsb.
Naon salahna atuh lamun Urang Sunda buhun nyepeng ageman kasundaan? Naha beut teu meunang? Naha urang beut era boga karuhun anu boga kayakinan beda ti Islam? Saha anu nyiptakeun ngalahirkeun Urang Sunda? Naha Urang Sunda beheula teu kabagean welas asihna Gusti? Urang rojong pangajakna ti kang Ira, sasama urang sunda ulah tepi ka padungdung gara-gara beda 'baju' jeung 'tutumpakan', tingali Urang Sunda-na wae, jelemana, manusana. Saur papatah sunda mah Bina Ika Tunggal Ika, kitu soteh lamun urang geus boga jiwa anu MARDI IKA. Nyanggakeun At 07:13 AM 5/16/2005 +0100, you wrote: >Aya oge nu nyaritakeun yen Bagenda Ali didieu sanes Khalifah Ali nu di >abad 6, tapi turunanana (bao??) nu dingaranan Ali oge. Cenah mirip >Khalifah Umar nu boga turunan Umar oge, Umar bin Abdul Azis. Nampa legenda >mah santey we lah teu kedah kerut tarang....ngaranage dongeng. > >tirta > >waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >Saleresna mah Pak Jakob oge henteu nyebatkeun Keansantang leres-leres >papendak sareng Bagenda Ali, tapi nyarioskeun legenda ieu "hirup" di >masyarakat Sunda (utamina di generasi heubeul). Urang Sunda janten >mayoritas Islam, salah sahijina ku jasana legenda ieu. > >Baktos, >WALUYA > > >--- In [email protected], "dede_bgr" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Saya mah bingung bin bengong, ari Kean Santang pan abad >kadieunakeun, > > teu jauh2 teuing....., abad 15-16 an lain??. Ari jamanna Nabi > > (Muhammad SAW),,,,abad ka 6??, Ari Sayidina ALI... iraha??....Piraku > > Jakob Sumardjo asal nulis wae nya, pan tos sering tuh dibantah >sareng > > seuer tulisan anu mempermasalahkeun "pertemuan" maranehna teh >sanes??. PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
