Ilen Kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan Baraya,

Kunaon seueur pisan legenda anu mapandekeun Sunda buhun sareng Islam? 

================

Kumaha mun urang naros ka diri pribadi:

1. Naha Agama anu monotheis teh mimitina ti Tim-Teng. Boh Agama Yahudi, Kristen 
jeung Islam. Naha teu di Tatar Sunda ?

2. Naha kitu di Tatar Sunda samemeh aya Agama Yahudi geus aya hiji 
"civilization " anu percaya ka Sang Hiyang Tunggal ?

3. Naha ari Nabi Ibrahim, ku percaya ka Tuhan Yang Maga Esa disebat ISlam ?  
Padahal, jaman Nabi Ibrahim apan samemeh ayana Agama Islam.

4. Naha Nabi Ibrahim kalebet Islam tapi ari karuhun urang teu disebat-sebat 
Islam ?

5. Logisna, nurunken Agama Monotheis tangtuna ge leuwih perlu di civilization 
anu percaya kana ratusan "Tuhan", lain Kaabah samemeh Agama Islam teh tempatna 
nyembah ratusan "Tuhan".

Tapi euweuh kagunaanna mun nurunkeun Agama anu monotheis di civilization anu 
geus ngaku jeung hirup sapopoe ayana Sang Hiyang Tunggal. 

Karuhun urang geus sadar yen ku datangna Agama Islam ka urang teh teu beda 
jeung  ageman aranjeuna.Karuhun urang ngarti pisan yen kahoyong Anjeuna, jalma 
sadunya kabeh kudu nyembah Sang Hiyang Tunggal. Ku datangna Agama anu sarua 
jeung ieu mah aya "Manual"-na, leuwih praktis jeung gampang nyebarkan 
kapercayaan ka Sang HiyangTunggal ku basa Arab tibatan ku basa Sunda. 

Basa Arab ditarima di Mingkabau, oge di Sulsel,Jawa Wetan aya kasaranggaman.

Coba mun ku basa Sunda, di Minangkabau bisa protes da manehna boga basa 
sorangan, di Sulsel nyakitu keneh, komo deui di Jawa. Buktina we di Aceh nepi 
ka ayeuna, jadi bagian Republik ngarasa dijajah ku urang Jawa.

lamun karuhun urang "ngotot" dina solat kudu make basa Sunda, bisa riweuh. 
Bayangkeun, solat Jumah di Cianjur ari Imamna urang Banten asli...boa-boa 
kecap-kecapna aya nu nyentug kana hate, kumaha urangna rek khusu.

Atawa, kabenaran khotibna teh seler Cina urang pasar, moal salah deui nyentugna 
teh...ieu teh solat atawa nyarekan.

Tah ari ku basa Arab, jeung deui lain basa Arab nu dijalanan, ieu mah basa Arab 
Al-Quran, di Afrika,di Eropa, di Amerika, di Cina pokokna dimana wae didunia 
mun urang ngilu solat Jumaah, teu asa-asa deui. Nya ari kana khotbahna mah 
tangtuna ge basa satempat anu dipake. Tapi da wajib, ngarti teu ngarti nya 
ngabandungan we. Batur ngucap amin nya urang ge ngilu wae ngucap amin jeung teu 
kaharti oge.

Saenyana mah US teh salangkah leuwih kahareup tibatan seler sejena, ngan eta 
boga "ajian"..handap asor, someah, nu dianggap ku batur mah "kalemahan" US.  
Hudang euy !!

Abah Joe

 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke