TAH.... KITU BARAYA, ARI KUDU DIBEJER BEASKEUN MAH YEN SUNDA JEUNG ISLAM TEH ETA ETA KENEH "PIRAKU TEU NGARTI KENEH BAE!?"
Kanggo Abah Joe, "kuring angkat topi" Wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: Joe Ragan To: [email protected] Sent: Thursday, May 19, 2005 2:30 AM Subject: Re: [kisunda] Re: PR: Islam dan Sunda Dalam Mitos Ilen Kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Haturan Baraya, Kunaon seueur pisan legenda anu mapandekeun Sunda buhun sareng Islam? ================ Kumaha mun urang naros ka diri pribadi: 1. Naha Agama anu monotheis teh mimitina ti Tim-Teng. Boh Agama Yahudi, Kristen jeung Islam. Naha teu di Tatar Sunda ? 2. Naha kitu di Tatar Sunda samemeh aya Agama Yahudi geus aya hiji "civilization " anu percaya ka Sang Hiyang Tunggal ? 3. Naha ari Nabi Ibrahim, ku percaya ka Tuhan Yang Maga Esa disebat ISlam ? Padahal, jaman Nabi Ibrahim apan samemeh ayana Agama Islam. 4. Naha Nabi Ibrahim kalebet Islam tapi ari karuhun urang teu disebat-sebat Islam ? 5. Logisna, nurunken Agama Monotheis tangtuna ge leuwih perlu di civilization anu percaya kana ratusan "Tuhan", lain Kaabah samemeh Agama Islam teh tempatna nyembah ratusan "Tuhan". Tapi euweuh kagunaanna mun nurunkeun Agama anu monotheis di civilization anu geus ngaku jeung hirup sapopoe ayana Sang Hiyang Tunggal. Karuhun urang geus sadar yen ku datangna Agama Islam ka urang teh teu beda jeung ageman aranjeuna.Karuhun urang ngarti pisan yen kahoyong Anjeuna, jalma sadunya kabeh kudu nyembah Sang Hiyang Tunggal. Ku datangna Agama anu sarua jeung ieu mah aya "Manual"-na, leuwih praktis jeung gampang nyebarkan kapercayaan ka Sang HiyangTunggal ku basa Arab tibatan ku basa Sunda. Basa Arab ditarima di Mingkabau, oge di Sulsel,Jawa Wetan aya kasaranggaman. Coba mun ku basa Sunda, di Minangkabau bisa protes da manehna boga basa sorangan, di Sulsel nyakitu keneh, komo deui di Jawa. Buktina we di Aceh nepi ka ayeuna, jadi bagian Republik ngarasa dijajah ku urang Jawa. lamun karuhun urang "ngotot" dina solat kudu make basa Sunda, bisa riweuh. Bayangkeun, solat Jumah di Cianjur ari Imamna urang Banten asli...boa-boa kecap-kecapna aya nu nyentug kana hate, kumaha urangna rek khusu. Atawa, kabenaran khotibna teh seler Cina urang pasar, moal salah deui nyentugna teh...ieu teh solat atawa nyarekan. Tah ari ku basa Arab, jeung deui lain basa Arab nu dijalanan, ieu mah basa Arab Al-Quran, di Afrika,di Eropa, di Amerika, di Cina pokokna dimana wae didunia mun urang ngilu solat Jumaah, teu asa-asa deui. Nya ari kana khotbahna mah tangtuna ge basa satempat anu dipake. Tapi da wajib, ngarti teu ngarti nya ngabandungan we. Batur ngucap amin nya urang ge ngilu wae ngucap amin jeung teu kaharti oge. Saenyana mah US teh salangkah leuwih kahareup tibatan seler sejena, ngan eta boga "ajian"..handap asor, someah, nu dianggap ku batur mah "kalemahan" US. Hudang euy !! Abah Joe [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
