Muhun eta panafsiran SD dina Nyucruk Sajarah Pajajaran & Prabu Siliwangi,
SIliwangi teh Sri Baduga Maharaja nu mokteng di Rancamaya. Beda jeung
panafsiran Mang Ayat nu nyebutkeun yen kabeh raja ti Prabu nu mokteng di Bubat
boga gelaran Siliwangi. Siliwangi terakhir nya nu mokteng di Gn Pulasari waktu
perang jeung Banten (Ragamulya?).
Bisa disimpulkeun yen raja pajajaran teh tetep jelema nu maot lain ngahyang.
Numutkeun abah Anis Djatisunda mah ngahyangna Siliwangi teh ngan saukur
karangan. Ieu ge kedah ditalungtik kunaon atuh aya karangan nu jadi mitos, naon
tujuanana.
Tumali jeung dedegan Prabu Siliwangi oge ngamasalahkeun dedegan pakean, naha
raja pajajaran kawas raja India/Wayang, atawa kawas raja eropa nu make makuta
atawa kawas kumaha?
Masalah Prabu Siliwangi hiji (SBM) atawa leuwih ti hiji rupina kedah dicek deui
sumber nu jadi dadasar naha jentre disebutkeun atawa hasil tina panafsiran.
salam
tirta
nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ceuk Saleh Danasasmita pamadegan yen Siliwangi teh leuwih ti hiji teh cenah
salah anu bener mah Siliwangi teh nyaeta Sri Baduga Maharaja Ratu Haji sok
disebut oge Jayadewata sok disebut oge Pamanah Rasa. Siliwangi teh raja anu
disebut dina prasasti batu tulis salaku pangeling - ngeling ti anakna nyaeta
Surawisesa. Kuburan Siliwangi cenah mah ayana di Kabuyutan Rancamaya anu ayeuna
jadi real estate. Jadi bohong carita anu nyebutkeun Siliwangi ngahiyang tuluy
jadi maung di leuweung Sancang teh
dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Tah geuning aya raratanana "yen anu disebat
prabu siliwangi teh henteu mung hiji" jadi upami aya gambarna gambar prabu
siliwangi anu mana?
Jeung deuih sakumna urang sunda boga kasempetan kanggo nyepeng eta kalungguhan
(maqom), kukituna ayeuna mah hayu urang paheula-heula ngahontalna......,
gajleng...........!!!
---------------------------------
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today!
Download Messenger Now
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/