Sampurasun, kidulur sunda
Simkuring ngiring mairan perkawis ieu,
Upami ku urang dibandungan, memang sok matak hemeng
kana pikiran kunaon nya bangsa urang teh bet teu weleh
manggih persoalan. Urang geus dibere bagja nu kacida
gedena ku Gusti nu Maha Suci, diparengkeun mibanda
alam nu endah tur subur mamur lohjinawi, sagala
pangabutuh jalma rea sadunya dipibanda jeung
disayagikeun ku Ibu Pertiwi, tapi nyatana nu
kalaparan, nu miskin-rudin teu saeutik, lir ibarat
boga bagja teu daulat. Moal kitu ieu teh akibat bangsa
urang geus loba nu ingkar jeung kumawasa, jeung geus
kumawani nyokot hak jeung wewenang Gusti Nu Maha Suci
pikeun nangtukeun bener-salahna atawa halal-haramna
jalma-jalma dina sumembah ka Anjeunna. Padahal teu aya
jalma/kaum nu ngabogaan hak pikeun ngabenerkeun atawa
nyalahkeun sumembah jeung kayakinan jalma/kaum lianna,
komo deui bari ngahukum mah, sabab hal ieu estuning
hak "prerogatif" Gusti Nu Maha Suci, .. Naha bet
kumawani ???. Naha teu aringgiseun kitu engke dipenta
taggungjawabna ku nu Kagungan Hak-na. Eta cenah
dumasar kana ajaran agama nu dicepengna. Di dieu urang
ulah seupeut pikir jeung rasa, sabab kabeh nu nganut
kayakinan pada-pada yakin kana kabeneran ajaran agama
nu dianutna. Conto badagna bae Islam pangbenerna soteh
ceuk urang Islam tapi ceuk Hindu, Budha, Kristen jeung
sajabana can tangtu dibenerkeun (da lamun ngabenerkeun
mah tinangtu moal aya nu nganut Hindu, Budha, Kristen
jsb), kitu oge Hindu pangbenerna soteh ceuk urang
Hindu, tapi can tangtu ceuk urang Islam, Budha,
Kristen jsb. Nya kitu deui diudak leuwih jero, upamana
di Islam aya Muhammadiyah, aya NU, aya Syiah, aya
Persis, aya Ahmadiyah tinangtu masing-masing golongan
bakal ngaraku pangbenerna (da lamun teu ngarasa kitu
tangtu moal dianut), Nya tungtungna lamun urang
seupeut pikir jeung rasa, teu nurut kana ingsunna
(Ar-Ruh tea meureun)tinangtu bakal parasea "parebut
bener", silih tandasa silih ruksak nu pasti bakal
ingkar tina tungtunan ajaran kamanusaan nu diajarkeun
di masing-masing agamana. Padahal sakali deui nu boga
hak nangtukeun bener jeung salahna hiji kayakinan
jeung cara sumembah ka AnjeunNa iwal AnjeunNa ku
Anjeun. 

Jadi di dieu kuring mihape ka dulur-dulur, ceuk ajaran
kisunda mangkahade ulah kumawani barang cokot nu sanes
hak urang komo deui ieu mah hakna Gusti Nu Maha Suci
(ampun paralun). Cobi bae disawang ku urang, kumaha
perasaan urang lamun dulur muslim di Muangthai
ditandasa jeung didiskriminasi(di nagara eta tangtu
Budha nu dianggap pangbenerna), tangtu dulur didieu
bakal ngilu teu suka teu rido, pon kitu deui
kaum/golongan Ahmadiyah oge tinangtu mibanda rasa nu
teu aya bedana lamun dikekesek ku golongan sejen.

Tah para dulur simkuring mah inggis jeung bisi jadi
bangsa nu kawalat, da nyatana geunimg bangsa urang teu
weleh meunang papait jeung katunggaraan, mungkin bae
salah sahiji nu jadi marga lantaran "energi" atawa
banda, pangawasa jeung pikiran bangsa teh beak kasedot
dipake ngagugulung masalah nu lain hak urang salaku
manusa. Hayu urang ngeunteung ka sikep luluhur Sunda
Pajajaran. Waktu Hindu jeung Budha datang jeung
sumebar di tatar Sunda teu sugan dihahalang, pon kitu
deui waktu Islam datang jeung sumebar teu aya halangan
jeung harungan, baeu mangga teh teuing ditarima
kalayan kajembaran, da kabeh oge ngajarkeun elmu
kasucian jeung kamanusaan. Sok sanajan ahirna
kalindih, leuwih hade nyingkir (ngungsi) tinimbang
perang jeung dulur, kitu nu kacaturkeun.

Cag heula, Rampes.

-- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Oh kutan kitu Kang Delun? leres kuring oge henteu
> ngarti, kunaon ieu teh
> jadi riweuh kieu, da ti kapungkur ge nu disebut
> Akhmadyah teh parantos
> aya. Tapi teu kantos diserebu, masjidna rek diduruk,
> paling-paling ge aya
> nu kukuciwesan: "si eta mah Akhmadyah". Tapi cukup
> ku sakitu, henteu dugi
> kapapanjangan.
> 
> Jaman geus robah, panginten Kang Delun!
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> > Kearifan Lokal anu dimaksad didieu jigana,
> tindakan urang sunda anu
> > katelah lembut, kalem, bijak parantos teu
> aya..parantos kaismean ku
> > budaya...gebug (duka timana kawit na eta budaya
> teh).
> > Deudeuh teuing..karunya urang Ahmadiyah ! padahal
> urang
> > Ahmadiyah...juga..manusia..jangan disamakan dengan
> pisau belati...ceuk
> > lagu budak ngora mah...he..he.
> >
> > Delun
> >
> > Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Wartos tina detik.com, perkawis jamaah Akhmadiyah
> nu diserebu jeung nu
> > kasieunan diserebu. Anu menarik tina wartos ieu,
> nyaeta ucapan sekertaris
> > Komisi A DPRD Jawa Barat, Syaiful Huda Syafii, nu
> nyebatkeun "Kearifan
> > lokal' Jawa Barat parantos leungit,. Lengkepna
> kieu cenah ceuk anjeunna
> > teh
> > :
> > "Ahmadiyah juga warga negara Indonesia. Mereka
> harus dilindungi. Kearifan
> > lokal di Jawa Barat sudah tidak ada lagi. Soal SKB
> tersebut harus
> > dikritisi,
> > jangan dibiarkan terus terjadi. SKB itu harus
> digugat. Sudah cukup MUI
> > saja
> > yang salah"
> >
> > Kumaha tah baraya? naha leres kaarifan lokal urang
> sunda teh parantos
> > punah?
> > jeung naon nu dimaksud "kaarifan lokal" didieu
> teh?
> >
> > Dihandap ieu wartos ti detik.com :
> >
> > Merasa Terancam, Jemaat Ahmadiyah Cirebon
> Mengungsi
> >
> > Ahmadiyah telah difatwakan oleh  Majelis Ulama
> Indonesia (MUI) sebagai
> > ajaran yang sesat. Pasca terbitnya fatwa itu,
> sejumlah aksi kekerasan
> > menimpa sebagian Jemaat Ahmadiyah di berbagai
> daerah.
> >
> > Jumat (19/8/2005) lalu, masjid Istiqomah, yang
> menjadi markas kegiatan
> > jemaat Ahmadiyah di Desa Sadasari, Kecamaran
> Argapura, Kabupaten
> > Majalengka
> > dirusak oleh sekelompok massa. Tindakan anarkis
> ini juga membuat jemaat
> > Ahmadiyah di Cirebon merasa terancam. Mereka
> khawatir terjadi kekerasan
> > pada
> > diri mereka. Karena itu, tidak sedikit dari mereka
> yang kini mengungsi
> > dari
> > tempat tinggalnya.
> > Informasi ini disampaikan pengurus Jemaat
> Ahmadiyah Jawa Barat, Entang
> > Rasyid kepada detikcom, Senin (22/8/2005). Entang
> menyesalkan sikap
> > anarkis
> > yang menimpa para jemaat Ahmadiyah di beberapa di
> Jawa Barat.
> >
> > "Kondisinya sudah begini. Susah diantisipasi. Kita
> tawakal saja. Yang kita
> > perlukan saat ini adalah pengamanan oleh aparat
> kepolisian . Kita sendiri
> > akan menghindari perlawanan," ungkap Entang.
> >
> > Menurut dia, jumlah jemaat Ahmadiyah di Majalengka
> dan Cirebon cukup
> > banyak.
> > Diperkirakan ada sekitar 3.000 hingga 4.000 
> orang. "Sekarang pengamanan
> > untuk masjid masih dilakukan. Tolong, jangan
> "Ahmadiyah juga warga negara
> > Indonesia. Mereka harus dilindungi. Kearifan lokal
> di Jawa Barat sudah
> > tidak
> > ada lagi. Soal SKB tersebut harus dikritisi,
> jangan dibiarkan terus
> > terjadi.
> > SKB itu harus digugat. Sudah cukup MUI saja yang
> salah,"lagi aksi
> > kekerasan," pinta dia.
> >
> > Kekerasan yang mengancam jemaat Ahmadiyah di Jawa
> Barat bermunculan
> > setelah
> > keluarnya beberapa surat pernyataan. Antara lain,
> surat pernyataan yang
> > dinamakan Surat Kesepakatan Bersama atau SKB.
> Surat ini ditandatangi oleh
> > pimpinan daerah dari mulai tingkat kejaksaan,
> pemerintahan daerah,
> > kepolisian, komandan militer hingga pimpinan
> dewan.
> >
> > Beberapa daerah di Jawa Barat yang telah
> mengeluarkan SKB tersebut, antara
> > lain Cianjur, Majalengka, Tasikmalaya, Cirebon,
> Bandung, Bogor, dan
> > Cimahi.
> > Lima daerah yang sudah pernah terjadi kekerasan
> terhadap Ahmadiyah terjadi
> > di Bogor, Cirebon, Majalengka, Kuningan, dan
> Cimahi.
> >
> > Menanggapi hal ini, Sekretaris Komisi A DPRD
> Provinsi Jawa Barat, Syaiful
> > Huda Syafii menyesalkan aksi kekerasan ini. Dia
> meminta Presiden SBY
> > segera
> > dengan tegas memutuskan keberadaan Ahmadiyah dan
> menghentikan upaya
> > kekerasan tersebut. Mahkamah Agung (MA) juga
> didesak segera mengambil
> > sikap
> > atas status dari SKB tersebut'.
> >
> > Isi SKB itu menyangkut status tiap daerah terhadap
> keberadaan Jemaat
> > Ahmadiyah. Dari ketujuh daerah yang sudah
> mengeluarkan SKB tersebut
> > rata-rata melarang keberadaan Jamaah Ahmadiyah.
> >
> > "Ahmadiyah juga warga negara Indonesia. Mereka
> harus dilindungi. Kearifan
> > lokal di Jawa Barat sudah tidak ada lagi. Soal SKB
> tersebut harus
> > dikritisi,
> > jangan dibiarkan terus terjadi. SKB itu harus
> digugat. Sudah cukup MUI
> > saja
> > yang salah," ungkap Syaiful Huda Syafii.
> >
> >
> >
> > PENTING..!
> >
> > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada
> seluruh member.
> >
> > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini
> akan dikenai sanksi
> > berupa pencabutan membership.
> >
> > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express,
> dihimbau untuk selalu
> > mengupdate antivirusnya.
> >
> >
> >
> >
> > SPONSORED LINKS
> > Culture Indonesia Diskusi Corporate culture
> Hawaiian culture Hispanic
> > culture
> >
> > ---------------------------------
> > YAHOO! GROUPS LINKS
> >
> >
> >     Visit your group "kisunda" on the web.
> >
> >     To unsubscribe from this group, send an email
> to:
> >  [EMAIL PROTECTED]
> >
> >     Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> Yahoo! Terms of Service.
> >
> >
> 
=== message truncated ===



                
__________________________________ 
Yahoo! Mail for Mobile 
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone. 
http://mobile.yahoo.com/learn/mail 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke