Wa'alaikum salam wr. wb.,

Haturan Kang Wiharyadi (atanapi naon nya nenehna anu sasari dianggo?),
wilujeng sumping di milist kisunda. Sok sanaos tina sisi umur mah si kuring
langkung kolot, tapi seja nga-"akang"-keun wae, keur panghormat ka papada
urang Sunda (US) anu tos sawawa.

Rampes Kang, katampi salam pangwanohna. Sawangsulna, sim kuring oge seja
ngawanohkeun diri. Wasta pun Oman Abdurahman, meh 45 tahun. Dina
milist-milist kasundaan anu si kuring ngiring ilubiung sok ngalandi sorangan
jadi "manAR".  Kawit mah ti Galuh, tegesna pisan wewengkon antara Panjalu -
Ciamis. Pacabakan sapopoe pagawe negeri dina widang babatuan (geologi).
Kantor abdi moal bireuk deui anu mindeng ka Bandung mah: komplek museum
geologi, Bandung. Sakitu wae heula minangka wawanohan mah.

Kang Wiharyadi, mangga diantios pisan icikibungna di ieu milist. Sarengna
deui, katawis tina posting salira anu munggaran ieu kana tangtos seueur
pulunganeunana naon rupi anu bade didugikeun ku salira. Mangga diantos.
Namung nyakitu, mugi henteu janten rengat manah, jalaran perilaku milister
mah demokratis pisan sareng seuseueurna - upami henteu tiasa disebatkeu
sadayana - "pacabakan" mimilist-an teh henteu dines, sahayuna wae. Maksad
abdi, upami hiji waktos salira posting teras teu seueur anu mairan atawa
jejer au nuju diguar dina milist teh janten ngabuntut bangkong, eta hiji hal
anu biasa, muga ulah pundungan.

Kanggo catetan, kalimah dina posting munggaran salira, anu unina "kurang
tata kurang titi, kurang duduga peryoga" nembe sasaih atanapi dua sasih
kalangkung dipadungdengkeun di ieu milist. Anu jadi bahan padungdengan taya
lian ti asal-usul eta babasan anu pakait jeung perilaku sasatoan. Mangga,
pedaran atawa diskusi salengkepna ngeunaan hal eta tiasa diparios dina arsip
file ieu milist ([email protected]) .

Rupina kanggo samentawis ti si kuring cekap dugi ka dieu heula.

baktos,
manAR




On 4/22/06, pangaissibungsu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamu'alaikum wr.wb.
> Sampurasun, ka para wargi sadayana nu sami-sami manco dina milis ieu.
> Ngaran sim kuring WIHARYADI 37 taun urang sunda pituin teureuh ti
> Lebakwangi- Banjaran, seja ngiring ulubiung madungdengkeun kaahengan
> karuhun sunda, malah mandar jadi eunteung pikeun ngolah kahirupan nu
> teu mengpar tina tetekon agama jeung darigama. Samemehna sim kuring
> neda sewu bebendu laksa duduka ka para wargi khususna ka para sepuh,
> boh bilih sim kuring kurang tata kurang titi, kurang duduga peryoga,
> maklum budak ololeho keneh estuning lauk buruk milu mijah.
> Pamungkas ti sim kuring, ngahaturkeun nuhun ka moderator nu parantos
> nampi sim kuring dina milis ieu oge ka wargi wargi sadaya mugi ALLAH
> maparin kawilujengan.
>
> Wassalam
> Wiharyadi (pangaissibungsu)
>
>
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke