Hatur nuhun kang manaR kana pangbagea akang, mugi ieu janten cukang lantaran manjangna babarayaan, duh... aya ku reueus jadi US. Perkawis lalandian, biasa mah sim abdi nelah "Ki Adi", tapi boh bilih dina milist ieu aya nu kagungan, sim kuring tangtos bade milari kurungan nu sanes.
Baktos, Wiharyadi (Ki adi ???) --- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wa'alaikum salam wr. wb., > > Haturan Kang Wiharyadi (atanapi naon nya nenehna anu sasari dianggo?), > wilujeng sumping di milist kisunda. Sok sanaos tina sisi umur mah si kuring > langkung kolot, tapi seja nga-"akang"-keun wae, keur panghormat ka papada > urang Sunda (US) anu tos sawawa. > > Rampes Kang, katampi salam pangwanohna. Sawangsulna, sim kuring oge seja > ngawanohkeun diri. Wasta pun Oman Abdurahman, meh 45 tahun. Dina > milist-milist kasundaan anu si kuring ngiring ilubiung sok ngalandi sorangan > jadi "manAR". Kawit mah ti Galuh, tegesna pisan wewengkon antara Panjalu - > Ciamis. Pacabakan sapopoe pagawe negeri dina widang babatuan (geologi). > Kantor abdi moal bireuk deui anu mindeng ka Bandung mah: komplek museum > geologi, Bandung. Sakitu wae heula minangka wawanohan mah. > > Kang Wiharyadi, mangga diantios pisan icikibungna di ieu milist. Sarengna > deui, katawis tina posting salira anu munggaran ieu kana tangtos seueur > pulunganeunana naon rupi anu bade didugikeun ku salira. Mangga diantos. > Namung nyakitu, mugi henteu janten rengat manah, jalaran perilaku milister > mah demokratis pisan sareng seuseueurna - upami henteu tiasa disebatkeu > sadayana - "pacabakan" mimilist-an teh henteu dines, sahayuna wae. Maksad > abdi, upami hiji waktos salira posting teras teu seueur anu mairan atawa > jejer au nuju diguar dina milist teh janten ngabuntut bangkong, eta hiji hal > anu biasa, muga ulah pundungan. > > Kanggo catetan, kalimah dina posting munggaran salira, anu unina "kurang > tata kurang titi, kurang duduga peryoga" nembe sasaih atanapi dua sasih > kalangkung dipadungdengkeun di ieu milist. Anu jadi bahan padungdengan taya > lian ti asal-usul eta babasan anu pakait jeung perilaku sasatoan. Mangga, > pedaran atawa diskusi salengkepna ngeunaan hal eta tiasa diparios dina arsip > file ieu milist ([email protected]) . > > Rupina kanggo samentawis ti si kuring cekap dugi ka dieu heula. > > baktos, > manAR > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
