Wilujeng tepang di babakan KUSnet. Tepangkeun wasta
kuring M.Rachmat Rawyani,didamel sareng dumuk di
Depok, tos gaduh "buntut" dua.

Ari mireng kota Banjaran teh sok emut jaman kapungkur
awal taun 1970. Kantos nganjrek di banjaran, caket
lapangan (sisi lapangan teh aya masigit, kacamatan
sareng sakola SD) kumaha ayeuna? Panginten tos robih
nya? Ari kabeuki teh nongton bioskop (masih aya kitu
bioskop anu teu tebih ti lapangan). pedah wae aya
babaturan sakelas anu tugasna di rohangan proyektor,
malikeun film anu tos diangge kana rol film. Tah
kuring oge sok ngabantuan "muter" rol fil eta. Atuh
upami, filmna pegat/putus, disambung deui ku cara,
ngerik film anu potong ku silet, teras ngangge cairan
kimia, janten rapeut deui. Atuh upami wawar
(ngabejakeun film anu bade diputer, kalayan make
halow-halow megaphone, bari jeung mamawa poster film),
biasana sok muter-muter naek delman, ka luar kota
Banjaran.
Di Banjaran oge kuring kantos nuju ngojay di walungan
(hilap deui nami walunganana), mastaka kuring bocor,
nuju salto, lebah "ubun-ubun" keuna kana batu, dugi ka
ayeuna masih aya pitak di mastaka kuring.
Sok sanaos ngan sababaraha taun, tapi masih ngolebat
wae kajadian-kajadian anu kaalaman di Banjaran,
kalebet sering nongton wayang dugi ka enjing.
Harita mun teu lepat mah, aya ibu anu janten
lurah/kuwu, nyaeta di Desa Kamasan. Ceuk cenah , Ibu
Kuwu eta teh, masih aya kakaitan (kulawargi) sareng
ibu Inggit Garnasih. 
Cik atuh kang, dongengkeun kaayaan Banjaran ayeuna.


baktos,

mrachmatrawyani

--- pangaissibungsu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Assalamu'alaikum wr.wb.
> Sampurasun, ka para wargi sadayana nu sami-sami
> manco dina milis ieu. 
> Ngaran sim kuring WIHARYADI 37 taun urang sunda
> pituin teureuh ti 
> Lebakwangi- Banjaran, seja ngiring ulubiung
> madungdengkeun kaahengan 
> karuhun sunda, malah mandar jadi eunteung pikeun
> ngolah kahirupan nu 
> teu mengpar tina tetekon agama jeung darigama.


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke