Assalamu'alaikum wr.wb.
Sampurasun, ka para wargi sadayana nu sami-sami manco dina milis ieu.
Ngaran sim kuring WIHARYADI 37 taun urang sunda pituin teureuh ti
Lebakwangi- Banjaran, seja ngiring ulubiung madungdengkeun kaahengan
karuhun sunda, malah mandar jadi eunteung pikeun ngolah kahirupan nu
teu mengpar tina tetekon agama jeung darigama. Samemehna sim kuring
neda sewu bebendu laksa duduka ka para wargi khususna ka para sepuh,
boh bilih sim kuring kurang tata kurang titi, kurang duduga peryoga,
maklum budak ololeho keneh estuning lauk buruk milu mijah.
Pamungkas ti sim kuring, ngahaturkeun nuhun ka moderator nu parantos
nampi sim kuring dina milis ieu oge ka wargi wargi sadaya mugi ALLAH
maparin kawilujengan.
Wassalam
Wiharyadi (pangaissibungsu)
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/