Haturan Ki Adi,

Tah geuningan, teu tambuh laku ngulampreng ka alam maya teh. Sahenteuna,
pancakaki atawa maluruh seke seler sareng asal-usul wewengkon wae mah aya
anu mairan. Mangga Ki Adi sareng Kang Maman, lajengkeun sosonoan
sareng nyucruk luluhur wewengkon Banjaran teh, si kuring ngaregepkeun.
Apan pancen urang teh diantarana "ngangon" tutunggul sareng kalakay tea,
sanes?

Kanggo umbul-umbul informasi saterasna wae ieu mah. Upami Ki Adi, Kang Maman
oge anu sanesna aya maksud daria metakeun sekeseler urang + wewengkon
Bandung kidul, cobi sepuh anu nelahna Abah Olot dihubungan. Insya Alloh
anjeunna tiasa maparinan katerangan tambihan, malah tiasa janten seueur
informasi anyar ti anjeunna. Alamat kontak Abah Olot mangga wae japri ka
abdi.

baktos,
manAR


On 4/24/06, pangaissibungsu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Haturan Kang Maman,
>
> Kantenan kang ari Pasirjati-Batukarut-Lebakwangi masih sakaruhun nu
> ngabumi di Kabuyutan (Embah Wira sareng Mbah Tanjung wangi), abdi
> oge saleresna mah ninggalkeun lembur teh tahun 1970 katompernakeun,
> mung eta oge sok  pirajeunan ngalongokan pun aki. Ari nu saemut abdi
> mah antawis Lebakwangi sareng Batukarut teh kapungkur mah sanes hiji
> mung dua desa, henteu ngahiji sapertos ayeuna. Tah palebah astana
> sisi walungan Citalutug lebah leuwi munding aya batu gede pisan
> katutupan (dikarut) ku akar, janten nelah desa teh desa Batukarut.
> Tangtos seueur pisan kaahengan nu aya patula patalina sareng
> Kabuyutan mah, Eh... kang upami salira urang Lebakwangi urang
> pancakaki atuh, saha nu terang urang teh aya katalian wargi. Ari pun
> bapak mah jenengannana Mama Darya Dajayawikarta.
>
>
> Haturan Kang Rahmat,
>
> Kang Minggu kamari kaparengkeun abdi teh ngalangkung ka terminal
> Banjaran, tos robih pisan ayeuna mah, lapang payuneun masigit teh
> tos robah jinis, kitu deui bioskop "BINTANG" tos jadi toko, kitu
> deui wahangan tempat kokojayan teh tos deet kitu deui caina kiruh.
> Kantenan lebah bumina ibu kuwu kamasan mah, tos teu kaningal nyi
> lanjang teh.
>
> Baktos,
> Ki Adi
>
>
>
>
> --- In [email protected], Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Ki Adi wilujeng tepang di alam maya.
> > Nepangkeun sim kuring wasta Maman, upami teu lepat sim
> > kuring oge terah lebakwangi batukarut.
> > Cik ah kumaha tah sejarah lebakwangi teh, teras naha
> > bet disebat batukarut?
> >
> > Baktos ti urang pasirjati.
> > :)
> >
> >
> > __________________________________________________
> > Do You Yahoo!?
> > Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> > http://mail.yahoo.com
> >
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke