Waalaikum salam. Neng Devi Dirgantini, sim kuring bade nyobian ngawaler patarosan salira.
Ari pamendak sim kuringmah, label "Syariat Islam" teh ngandung hartos anu luas / "multi interprestasi". Leres ari NUMUTKEUN WILKIPEDIA mah kitu, "Syariat Islam yakni berisi hukum dan aturan Islam yang mengatur seluruh sendi kehidupan umat manusia, baik Muslim maupun non Muslim. Selain berisi hukum dan aturan, Syariat Islam juga berisi problem solving (penyelesaian masalah) seluruh kehidupan ini. Maka oleh sebagian penganut Islam, Syariat Islam merupakan panduan integral/menyeluruh dan sempurna seluruh permasalahan hidup manusia dan kehidupan dunia ini. Dupi WILKIPEDIA saha anu ngadamelna ? Gusti Alloh sanes? Sami pan jalmi-jalmi keneh siga urang-urang. Maksadna, mana bentuk nyata Problem Solving seluruh kehidupan ini? Atanapi nu mana "hukum dan aturan Islam yang mengatur seluruh sendi kehidupan umat manusia", rincian sangsi dan hukum positifna. Sapagodos dina netepkeun hukum kedah bersumber ka nu opat, 1. Al-Qur'an, 2. Hadits, 3. Ijtihad, 4. Ijma/Qiyas. Anu jadi "mangkahariwangkeun" nyaeta ku ayana pemahaman secara "leterlyk", "tekstual", "hitam-putih" ku hayang-hayangna pisan disebut "pangIslam-islamna", "pangIman-imana",pangjihad-jihadna","pangbener-benerna", bari ari dina prak-prakanana anu nyata sapopoe jauh tina kasalehan sosial, malihan masih keneh mentingkeun dirina atanapi kelompokna sorangan wungkul. Ushul Fiqih, khususon keur kahirupan bekel didunya mah pamendak sim kuring gumantung kana pamikiran ulama nu hirup di jamanna, teu salamina kudu nurutkeun ulama jaman baheula. Rosulluloh kantos nyarios yen urusan dunya mah maraneh leuwih nyaho tibatan kaula, sanes kitu? Hapunten bilih aya lepat nyarios. Salam baktos mz --- devi dirgantini <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalaamualaikum ka sadayana.. > > Sim kuring mah sanes urang Hizbut Tahrir, sanes > urang > NU, teu oge ngagabung ka salah sawios organisasi > Islam. Mung sim kuring memang muslimah. > > Ngaos tulisan perkawis syariat islam, janten > panasaran > hoyong naroskeun ka baraya kisunda. Manawi aya anu > uninga, patarosan sim kuring : > 1. upami urang Islam, na kumaha hukumna dina > ngajalankeun syariat Islam teh? Naha wajib, sunnah, > atanapi kumaha? > > 2. kumaha upami urang Islam anu teu ngajalankeun > syariat Islam? Naha dosa atanapi henteu? > > Hapunten sim kuring kumawantun. Teu aya maksad anu > sanes, salian mung hoyong uninga wungkul. Kumargi > numutkeun katerangan anu aya dina wikipedia, yen > syariat islam nyaeta : > > Syariat Islam yakni berisi hukum dan aturan Islam > yang > mengatur seluruh sendi kehidupan umat manusia, baik > Muslim maupun non Muslim. Selain berisi hukum dan > aturan, Syariat Islam juga berisi problem solving > (penyelesaian masalah) seluruh kehidupan ini. Maka > oleh sebagian penganut Islam, Syariat Islam > merupakan > panduan integral/menyeluruh dan sempurna seluruh > permasalahan hidup manusia dan kehidupan dunia ini. > > Mangga di 'aos sakali deui. "Aturan Islam yang > Mengatur seluruh sendi kehidupan ummat...". Berarti > sadaya sistem kahirupan urang sadaya, panginten nya? > Kalebet politik, ekonomi, hukum, sareng anu sanes > na. > > Lajeng, masih keneh tinu Wikipedia : > > Sumber Hukum Islam > 1. Al-Qur'an > 2. Hadits > 3. Ijtihad > Ijtihad adalah sebuah usaha untuk menetapkan hukum > Islam berdasarkan Al-Qur'an dan Hadis. Ijtihad > dilakukan setelah Nabi Muhammad telah wafat sehingga > tidak bisa langsung menanyakan pada beliau tentang > suatu hukum namun hal-hal ibadah tidak bisa > diijtihadkan. Beberapa macam ijtihad antara lain > * Ijma', kesepakatan para ulama > * Qiyas, diumpamakan dengan suatu hal yang mirip > dan sudah jelas hukumnya > * Maslahah Mursalah, untuk kemaslahatan umat > * 'Urf, kebiasaan > > Tah kitu patarosan sim kuring teh. Manga diantos > walerannana akang, eteh.. > Hatur nuhun.. > > Wass, > -Dv- __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
