Ambu, iraha-iraha atuh urang ngariung di warung sangu Bancakan, jl.
Trunojoyo...lumayan raos katuanganana (sanes promosi ieu mah). Naon anu
ditataan ku Ambu perkara katuangan Sunda anu kaayeunakeun sawareh geus meh
langka kapendak, aya di dinya, lengkep katut ka pakakas masakna. Bilih Ambu
bade ngadagoan liwet bari siduru dina hawu, sayogi. Bade pesen katuangan ti
katut atahanana, samakta. Nu dibeuleumna, dipais atawa disanggrayna. Mun
keur teu seueur teuing tamu mah tara pati lila nungguanana, bari urang
kenging icikibung kaprak-keprekna.
Satemenna, warung khas model kitu ayeuna kaasup keur mejeuhna rentul, lir
supa usum hujan. Ti mimiti kelas biasa-biasa, nepi ka kelas wah. Tina anu
sakitu lobana teh khususna masakan Sunda keur meujeuhna malekar, jrung-jreng
diditu di dieu anu ngadegkeun "rumah makan khas Sunda", jeung anu sawandana.
Malah kamari aya sobat ngobrol di milist. Inyana keur meunang pancen ti
dununganana. Misina teh ngadegkeun rumah makan khas Sunda di wewengkon
wisata di Bali, ti mimiti milih lokasi, disain interior-ekterios nepi ka
tataboga jeung ornamen di jerona, oge hidangan kakawihan pangiringna. Nya
sakadugana - da karek wacana, tacan buleud pisan - si kuring maparin
sababaraha katerangan ka inyana pakait jeung kuliner Sunda (ke sugan lamun
inyana ngahubungan deui rek diteruskeun ka nu arahlina).
"Rumah makan khas Sunda"? Aya anu narik ati lebah eta ikon. Upamana urang
nengetan aran warung sangu anu mamawa ngaran seler, arang langka atawa meh
disebutkeun tara aya anu make kecap "khas, kajaba anu Sunda. Upamana wae:
rumah makan (rm) padang, teu make kecap "khas". Pon kitu deui ngaran rm-rm
ti seler sejenna kayaning rm manado, rm aceh, rm jawa (aya kitu? :) ) langka
pisan (geus "langka", make "pisan" deui) kapireungeuh make kecap "khas". Na
ari rm Sunda, meh sabagean gede ngaranna teh sok make kecap khas" RM Khas
Sunda" atawa "masakan khas Sunda", jsb. Aya naon? Naon rusiahna? (hehe,
keukeuh resep kana rusiah, keun wae nya Ambu da kadaharan ieu mah).
Eta kanyataan bisa jadi pituduh yen masakan atawa kuliner Sunda
teh teges-teges boga kakuatan. Mibanda selling point istilahna mah alias
boga ajen jual. Munasabah ari kitu na mah. Eta wae ngobrol jeung kang Yaya
Rukayadi, ahli farmakologi urang Sumedang asli anu keur ngumbara di Korea
(jadi dosen di Yonsei Univ) soal pepelakan obat-obatan (herbal) khas Sunda,
nguatkeun eta kacindekan. Saurna, beda antara herbal seler wetan (jamu)
jeung anu di Sunda. Anu di urang (Sunda), herbal teh umumna edible
alias tiasa digayem ku Kang Kumi. Jadi wae anu di Sunda mah kalebet hiji
kelompok anu khusus, nyaeta "edible medicinal plant" tea. Singgetna mah:
pepelakan obat-obatan di Sunda nya boga fungsi pangobatan, nya raos
dijadikeun deungeun sangu. Hayu atuh, tos rada kukurubukan yeuh.
manAR
2008/2/14 richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]>:
> Geura mangga, mun restoran2 Jepang di Indonesia, bumbuna ASLI Jepang..da
> hemar hemir atuh..heug dicocolkeun kana wasabi.. asa nanahaon...ongkoh
> kecapna ge asli kadele...rada2 bau.. etaeun da teu sadayana kecuali (yang
> Indonesia merasa sok Jepang) nga haja "dibeuki2" da hoyong dianggap
> "international mode" tea
> Atanapi martabak.."ASLI" bumbu India atau Tamil ....apanan bau jinten
> ..bau kelabat... sma seperti masakan Arab...pinuh ku susu asam (yoghurt) bau
> jajamu ongkoh...Hapunten we abdi teu beuki nu kararitu..jariripen
> Tetapi begitu makanan inovasi asing...tersebut diramu dengan bumbu yang
> sesuai dengan umumnya lidah Indonesia...booming weh...kapan kitu
> ini mah hanya beberapa contoh "kecil" begitulah ketika karuhun kita
> mengadaptasikan unsur2 asing yang datang dari luar...dan cendekiawan kita di
> masa lalu (karuhun) begitu piawai proses pengolahan yang satu ini
> kreativitas meramu berbagai unsur luar menjadi sesuatu yang unik yang tidak
> ditemukan dari negri asal datangnya pengaruh...
>
> Nyanggakeun
> AMBU
>
> -[Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/