Hehehe...noongan mah noongan Ambu, ngan kalis ku raga anu keur meujeuhna
dibenyeng kaditu ka dieu ku kagiatan di kantor. Sugan ke minggu payun pareng
rada salse, seja neruskeun hanca laporan pajemuhan sareng rarancang
pikumahaeun ka payunna.
Jaro Dainah? halah emut wae sing geus 10 taun kaliwat ge pependak sareng
anjeunna. Eta, kumisna anu baplang, jeung leres kasauran Ambu: kasep :) Taun
1997 si kuring kaparengkeun lahao-loho ka daerah Kanekes, malh anjog pisan
ka Baduy Jero (Cibeo). Anu inget wae teh, sajaba ti pameunteu jaro Dainah,
oge pameunteu puun sareng....garis demarkasi imah puun anu ukur rokrak
sadada, tapi...teu sirikna hayam oge teu wanian ngaliwat eta garis. Komaraan
pisan.
Balik ti Baduy meunang tutungkusan, nang nyalin ti kersana ki Jaro. Eta
tutungkusan laju diuningakeun ka neng Ely anu bade nyaba ka Kanekes, laju ku
neng Ely diposting ka milist. Eusina mah teu tebih ti sakuma anu ku Ambu
diposting. Aya pedaran ngeunaan sirah, beuteung jeung sampean P. JAwa.
Gunung Kendeng, gunung teu meunang ditugar, kudu amit memeh mipit (ieu teh
jero pisan, da sing teu aya nu bogana ge piraku aya barang di ieu alam teu
aya nu bogana?), jst. Malah disabit-sabit oge Tanah Sareal jeung Bogor dina
lebah asal-usul urang Kanenes teh.
Alusna ka Baduy teh pas caang bulan. Raraoskeun geura bulan anu ngempray di
langit taneuh anu bisa disebut suci (dibanding jeung taneuh umumna di
urang). Oge sora leke patingkelentrung ti rombongan anu keur bulak-balik
ngakutan cai beresih ti leuwi. Matak kelar.
Aya anu matak narik pipikiran keur panalungtikan ngeunaan taneuh anu
disakralkeun di Kanekes ieu tina jihat geologi. Boa-boa...memang di dinya
sumber alat tukeur dina paekonomian pikahareupeun teh. Wallohu'alam.
manAR
On Thu, Feb 14, 2008 at 2:41 PM, richadiana kartakusuma <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ari manaei teh Kang Oman ngerelep..les...bret... eta geuning noongan
> leuweung milist keneh...siga Ayah Dainah wae...noongan leuweung anu garing
> ku katiga cnah (urang Baduy = Gajeboh)
>
> AMBU
>
> oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] <omanarah%40gmail.com>> wrote: Ambu,
> iraha-iraha atuh urang ngariung di warung sangu Bancakan, jl.
>
> Trunojoyo...lumayan raos katuanganana (sanes promosi ieu mah). Naon anu
> ditataan ku Ambu perkara katuangan Sunda anu kaayeunakeun sawareh geus meh
> langka kapendak, aya di dinya, lengkep katut ka pakakas masakna. Bilih
> Ambu
> bade ngadagoan liwet bari siduru dina hawu, sayogi. Bade pesen katuangan
> ti
> katut atahanana, samakta. Nu dibeuleumna, dipais atawa disanggrayna. Mun
> keur teu seueur teuing tamu mah tara pati lila nungguanana, bari urang
> kenging icikibung kaprak-keprekna.
>
> Satemenna, warung khas model kitu ayeuna kaasup keur mejeuhna rentul, lir
> supa usum hujan. Ti mimiti kelas biasa-biasa, nepi ka kelas wah. Tina anu
> sakitu lobana teh khususna masakan Sunda keur meujeuhna malekar,
> jrung-jreng
> diditu di dieu anu ngadegkeun "rumah makan khas Sunda", jeung anu
> sawandana.
> Malah kamari aya sobat ngobrol di milist. Inyana keur meunang pancen ti
> dununganana. Misina teh ngadegkeun rumah makan khas Sunda di wewengkon
> wisata di Bali, ti mimiti milih lokasi, disain interior-ekterios nepi ka
> tataboga jeung ornamen di jerona, oge hidangan kakawihan pangiringna. Nya
> sakadugana - da karek wacana, tacan buleud pisan - si kuring maparin
> sababaraha katerangan ka inyana pakait jeung kuliner Sunda (ke sugan lamun
> inyana ngahubungan deui rek diteruskeun ka nu arahlina).
>
> "Rumah makan khas Sunda"? Aya anu narik ati lebah eta ikon. Upamana urang
> nengetan aran warung sangu anu mamawa ngaran seler, arang langka atawa meh
> disebutkeun tara aya anu make kecap "khas, kajaba anu Sunda. Upamana wae:
> rumah makan (rm) padang, teu make kecap "khas". Pon kitu deui ngaran rm-rm
> ti seler sejenna kayaning rm manado, rm aceh, rm jawa (aya kitu? :) )
> langka
> pisan (geus "langka", make "pisan" deui) kapireungeuh make kecap "khas".
> Na
> ari rm Sunda, meh sabagean gede ngaranna teh sok make kecap khas" RM Khas
> Sunda" atawa "masakan khas Sunda", jsb. Aya naon? Naon rusiahna? (hehe,
> keukeuh resep kana rusiah, keun wae nya Ambu da kadaharan ieu mah).
>
> Eta kanyataan bisa jadi pituduh yen masakan atawa kuliner Sunda
> teh teges-teges boga kakuatan. Mibanda selling point istilahna mah alias
> boga ajen jual. Munasabah ari kitu na mah. Eta wae ngobrol jeung kang Yaya
> Rukayadi, ahli farmakologi urang Sumedang asli anu keur ngumbara di Korea
> (jadi dosen di Yonsei Univ) soal pepelakan obat-obatan (herbal) khas
> Sunda,
> nguatkeun eta kacindekan. Saurna, beda antara herbal seler wetan (jamu)
> jeung anu di Sunda. Anu di urang (Sunda), herbal teh umumna edible
> alias tiasa digayem ku Kang Kumi. Jadi wae anu di Sunda mah kalebet hiji
> kelompok anu khusus, nyaeta "edible medicinal plant" tea. Singgetna mah:
> pepelakan obat-obatan di Sunda nya boga fungsi pangobatan, nya raos
> dijadikeun deungeun sangu. Hayu atuh, tos rada kukurubukan yeuh.
>
> manAR
>
> 2008/2/14 richadiana kartakusuma <[EMAIL
> PROTECTED]<richadianakartakusuma%40yahoo.com>
> >:
>
> > Geura mangga, mun restoran2 Jepang di Indonesia, bumbuna ASLI Jepang..da
> > hemar hemir atuh..heug dicocolkeun kana wasabi.. asa nanahaon...ongkoh
> > kecapna ge asli kadele...rada2 bau.. etaeun da teu sadayana kecuali
> (yang
> > Indonesia merasa sok Jepang) nga haja "dibeuki2" da hoyong dianggap
> > "international mode" tea
> > Atanapi martabak.."ASLI" bumbu India atau Tamil ....apanan bau jinten
> > ..bau kelabat... sma seperti masakan Arab...pinuh ku susu asam (yoghurt)
> bau
> > jajamu ongkoh...Hapunten we abdi teu beuki nu kararitu..jariripen
> > Tetapi begitu makanan inovasi asing...tersebut diramu dengan bumbu yang
> > sesuai dengan umumnya lidah Indonesia...booming weh...kapan kitu
> > ini mah hanya beberapa contoh "kecil" begitulah ketika karuhun kita
> > mengadaptasikan unsur2 asing yang datang dari luar...dan cendekiawan
> kita di
> > masa lalu (karuhun) begitu piawai proses pengolahan yang satu ini
> > kreativitas meramu berbagai unsur luar menjadi sesuatu yang unik yang
> tidak
> > ditemukan dari negri asal datangnya pengaruh...
> >
> > Nyanggakeun
> > AMBU
> >
> > -[Non-text portions of this message have been removed]
> >
> >
> >
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
> >
> > [Non-text portions of this message have been removed]
> >
> >
> >
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/