Haturan Baraya, wabil khusus kanggo Ambu Diana. Kahartos Ambu eta pisan anu dipikaharep ku abdi oge, sami sareng sagala rupi anu didugikeun ku Ambu, numawi abdi ngiring aub di ieu milis ge upami teu lepat ti taun dua rebu hiji-an, taya lian ti hoyong guguru dina elmu kasundaan. Dina waktos harita anu kapendak teh kersana Abah Surya, Eyang Kumis/ H.Hidayat Supangkat (alm), Kang Djatnika S. Puradinata, Kang Eddy, Kang Oman, Abah Willy, Mang Jamal, Kang Illen, Ruslee Kartawi urang malaya turunan sunda teu tiasa basa sunda tapi eta aya rasa sundana make aub ka ieu milis sagala, aya deui milisi ti brunai saha nya hilap mung saparantos ibu-na ngatunkeun asana mah teras tara aktif deui sareng anu sanesna punten anu kalangkung da seueur teuing atuh. Tangtosna salami eta anu diobrolkeun teh seuseurna mah perkawis kasundaan, tapi ari perkawis buktos artefak mah leres nembe ti Ambu ahlina. Ari anu kantos dipadungdengkeun mah diantawisna: 1.. Manusa anu mimiti, asalana ti tatar sunda. 2.. Dulur opat kalima pancer. 3.. Dunya alit, dunya ageung. 4.. Sajarah mah komo tos bulak-balik bari jeung campur wadul da geuning teu apal-apal, unggal aya nu anyar tangtos naroskeun sajarah deur deui atuh dipindo deui, kitu jeung kitu. 5.. Carios lutung kasarung, sangkuriang, gunung sunda anu ngajegir pang luhurna. 6.. Sagala pakarang sunda kujang, bedog sulangkar, keris jeung sajabana.. 7.. Hilap deui tah seuseurna mah plus wadulna anu seueur, sakapeng sok pakem di kisunda mah tapi ari dimilis urang_sunda mah tara suwung posting seratna ge mangrebu-rebu sasasihna teh. Tah Ambu sok sanaos paceunah-ceunah manawi ayalah 15% mah panemu kasundaan bati tina ayana milis ieu ditambih getih ti kolot urang sareng guguru ti lingkungan/ masyarakat sunda. Ti dinya abdi gaduh kasimpulan jalmi mah sami bae rek anu di urang, anu di eropa, amerika, afrika, india, china, jepang, arab jrrd. Sumuhun modalna sami bae mung saukur uteuk, rasa sareng waruga teu aya anu langkung kantun daekna ayeuna mah. Kukituna dina ambahan palsafah sareng udagan hirup tangtosna naon anu kaemutan ku urang arab, urang eropa, urang indian tangtosna karuhun urang oge sami kumargi bahana sami, buktosna abdi ningal aya nilai-nilai anu sami dina carios SangKuriang madang kahiyangan sareng carios Herkules simanusa sakti satengah dewa, tangtosna hal ieu sanes silih tiron tapi suatu pemahaman kana naon-naon sagala rupi anu kaemutan sareng karaos ku jalmi. Moal boa dina jamana mah ieu carios teh mangrupi ageman suci anu dipupusti ku manusa, mung nyakitu ari nu kitu mah laas ku jaman. Teras carios lutung kasarung, ieu oge moal boa dina jamana mah ageman oge, ageman anu suci nyarioskeun perjalanan hirup manusa dialam marca pada. Teras seueur deui dongeng para sepuh urang anu sarimbag sareng film kartun ti jepang, janten naon-naon anu kalaaman ku karuhun urang sami sareng anu kaalaman ku bangsa sejen, hal-hal anu kitu oge parantos diwadulkeun dimilis Ambu, universalitas tea manawi nya.
Pakait sareng posisi nusantara anu "terbuka" urang teu tiasa nolak kana sumpingna budaya asing, ti baheulan deugi ka mana boa, didieu tangtosna seueur hikmah kanggo majukeun bangsa urang khusuna Bangsa Sunda, kukituna di Sumedang tos di gambarkeun ku wangunan anu aya di tengah alun-alun anu disebat "lingga" padahal anu disebat lingga anu ilahar mah wujudna sanes lingga. Lingga anu ieu diwangun ku alpukahna Pangeran Suryaatmaja, nyandak simbolik tina "kaunggulan peradaban di alam dunya dihijikeun di Sumedang (diurang)" bilih aya anu panasaran mah, manawi kapayun ka samper. Sakitu anu kapihatur, mugia aya mangfaatna. wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: richadiana kartakusuma To: [email protected] Sent: Thursday, February 14, 2008 1:04 PM Subject: Re: Bayu-Sabda-Hdap>[kisunda] Teureuh Batara Dangiang Guru?...kang Yana.NU KA TITISAN anaking pun Dudi nu bahenol nerkom Hiji sing dicatet...abdi mah moal moyok..buyut, pamali...laku goreng eta teh.. Ngatitik soteh, pedah rasa ka anak sorangan..da barudak ayeuna mah..rahong "padu jeprot wae". Adang teh henteu LEPAT..teu sakedik2 acan, ngan nya kdah nu disebat komprehensif tea...berfikir secara sistem..ulah ngawayuh elmu batur heula lamun elmu sorangan teu acan kapendak...tah sumujud heula kana elmu sorangan (nu disebut VERSTEHEN = memahami secara empati) Ti mana urang teh, kusaha diayakeun (eksistensi), dimana ayeuna, naon taqdir urang..jsb...jawabanana hiji, nyaeta SUNDA. Ari Sunda apanan identik TATAR SUNDA > PASUNDAN di Jawa Barat "yang dipandang berdasarkan konsep geografi dan budaya, terbentuk sebagai hasil perjalanan sejarah yang di dalamnya terkandung kehidupan budaya dan dibentuk oleh masyarakat yang menghuni suatu wilayah sebagai wadah kehidupan kumpulan manusia yang oleh mereka sendiri disebut Tatar Sunda" Tah..adang, apanan masyarakat Sunda teh memiliki sejarah peradaban dan kebudayaan, karena manusia adalah mahluk sejarah dan yang menyejarah. Sakitu linuhungna budaya Sunda dibuktikan oleh keberadaannya hingga sekarang (seperti juga etnis2 lainnya di Nusantara) kualitas modern na oge nya setara dengan yang lain tetapi berlangsung sesuai dengan kondisi dan situasi ekosistemna. Naha atuh ari Adang, indung sakitu beungharna, sagala boga bro dijuru bro dipanto...teu kakirangan bet moro kanu lian...nu teu acan karuhan bogaeun batur mah...eta saleresna nu dijeujeurkeun ki sim kuring didieu. Aya kabungah rehna Dang DUD perhatosan, ciri kritis kan ciri memperhatikan...tapi ulah ngan erklaren (norolong) nu ngan katingal ti luar..sok kalebet heula, teuleuman diri urang heula...naha bener harta karun budaya urang teh ti batur???????????????? Paenhgaruh dari luar? tentu saja ada dan tidak dipungkiri bahwa setiap kebudayaan di dunia, betapapun tertutupnya adalah hasil pengaruh mempengaruhi. Disinyalir (antroplogi research) bahwa dari tiap2 kebudayaan yang dapat dikatakan asli kurang lebih 15 % Tapi yang 15% inilah Jeujeur pangadeg urang, milik urang dan taqdirna didinya. 15% ini pula yang "telah seharusnya" dipahami bnar2 sehingga jikalau ada pengaruh dari luar kita langsung bisa menyaringnya...nu mana perlu..tewak..nu gorengpatut..piceun.. Piawai kebudayaan berkebangsaan Belanda "FDK BOSCH" (potona di kantor aya "kasep" ganteng) pernah menyatakan dengan se-tegas2-nya bahwa orang2 Nusantara dengan letak geografisnya yang sangat terbuka dan rentan pengaruh asing dari berbagai belahan dunia, tetapi ternyata "memiliki kepandaian RUAR BIASA" dalam upaya menjaring dan meramu seluruh sumber2 asing tersebut menjadi sesuatu yang sesuai dengan kepribadiannya. Vartiabel paling kuat adalah "meramu" unsur2 asing yang bertandang, disaring yang paling sesuai (yang baik2 tentu) kemudian diolah diberi bumbu setempat...sehingga melahirkan sesuatu yang baru sama sekali sebagai hasil daya cipta masyarakat Nusantara. Hnah ini semua terjadi dalam proses setting Local Genius (=kepribadian Budaya Bangsa). Janten, karuhun urang teh teu sagawayah menerima, teu samanea milih..tapi memiliki landasan kepribadian yang teramat kuat ketika terjadi pemengaruhan tersebut Satu lagi, guru saya ketika menyusun disertasi (ES 3) nya nyandak urang Indihe (India) Rabindranath Tagore teras diajak survei ke situs2 arkeologi, da cnah Indonesia teh "Greater India" (eeeeenak aja!). Tapi unggal ningali candi...gok..bingung..ngok..lieur... antuk na mah ngajulaeu, molohok mata simeuteun bari pok: "Well, it seem that I see India in everywhere here...but it suprised me so well indeed, I didn't realize at all" Tah...pamungkas ngocoblak, si India terkagum-kagum dengan kepiawaian para cendekiawan Indonesia...eta zaman baheula..nu tacan canggih ku teknologi...komo ayeuna. Saleres2na anaking, apapun bentuk kebudayaan urang yang natural jauh lebih agung dibandingkan oleh perpanjangan upgrade teknologi. Cari dulu di Sunda baru dibandingkan dengan yang lain, jika ada persamaan tidak berarti kita NYONTEK tapi gejala yang disebut universality. Mudah2an teu bancunur, dikira teu cape ngagitik budak bengal ! kuat ngabuih kieu Peupeujueuh, Dang Dud tidak salah hanya terlalu jauh mengambil perbandingan, na ari nu dicepeng ti lahir kenah teu katingali????? Nyanggakeun AMBU . [Non-text portions of this message have been removed] PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
