Baraya, Gede sangkaan kuring yen ayeuna bangsa Indonesia umumna loba anu keur aya dina kaayaan - ceuk barudak abg atawa basa gaulna mah - "blank" alias "kosong". "Nga-blank" (B.Ind. "Nge-blank") teh lamun disederhanakeun mah meureun ngajentul wae teu puguh (atawa teu nyaho) naon anu kudu dilakukeun. Olohok, tapi lain mata simeuteun; ngajentul tapi lain ngaraga meneng; ieu mah ngajentul teu puguh. Nya eta wae basa anu pas na mah basa abg: nge-blank atawa nga-blank. Kaasup kuring sakapeun osok ngeblank, ni'mat hehehe teu kudu mikiran nanaon, ngan ulah lila teuing, bisi mabok. Lima menitan oge cukup keur nga-blank mah, sanes kitu gan Ema? hehehe.
Eta wae nengetan warta (jeung gambarna) dina tv, ayeuna di kota-kota badag ti mimiti Jakarta, Bandung, Padang, Jambi, Bengkulu, Surabaya, jst, teu beurang atawa teu peuting, loba anu ngajentul teu puguh cabak, kusabab ....pareum listrik kusabab PLN keur ngagilir (siga anu nyandung wae PLN teh heuheu) atawa teu boga BBM da puguh POM bensin keur suwung stock. Jadi, salah sahiji anu ngabalukarkeun nga-blank teh nyaeta BBM. Tapi, bibit panyakit nga-blank ieu sigana geus aya ti beh ditu, ti 20 taun katukang. Akibat teu puguh udagan da Pamarentah oge masyarakat (kusabab geus kadidik sapopoena, jadi ngabudaya) tetela geuningan teu ngahargaan prestasi, jadi wae nga-blank, asa teu pararuguh naon anu rek dilakukeun. Kusabab ajen teh teu kitu wae aya hubunganana jeung usaha satekah polah, lila nga-blank wae. Kabehdieunakeun jadi nambahan sabab-sabab anu bisa jadi matak nga-blank teh. Upamana, komputer keur hurung, interna online, ujug-ujug pret wae pareum, jadi wae nga-blank sakedapan mah. Tapi, salila ieu si kuring arang posting mah lain pedah nga-blank heuheu. Nya rek bisa posting kumaha upama ti poe Juma'ah nepi ka Ahad kuring bulak-balik Bandung - Garut. Di Garutna oge kaditu kadieu. Sakali waktu, meh anjog ka suku gunung Puntang, manggihan tugu mieling kapal udara anu ragrag di G.Puntang puluhan taun ka tukang, di desa Cipaganti, Cisurupan. Sakalin waktu deui anjog ka Cikajang. Aeh, lain milarian nanaon, resep wae nitenan pilemburan, pepelakan tatanen patani sayur-sayuran hejo ngemploh. Ceuk dina hiji katerangan, mindeng ningal nu hejo-hejo teh hade keur panon, matak awet titingalian (omat lain resep ka nu hejo-hejo ieu mah). Emh aya waas neuteup G. Papandayan rada ti kadeukeutan. Naha enya kitu di dinya teh teu weleh aya wae anu mandai. Boa-boa gunung anu keur miruha dina kawahna teh katingalna ku awam mah gunung anu keur manday? saha nu terang, da kongang ieu beda pandangan mah. Tetela, endah oge pola pikir sakedapan nuturkeun umum, kumaha reana. Aeh, kang Ustad Soleh, di Cipaganti, hatur nuhun. Eta, neda pasisiang sangu bodas pulen ngebul keneh, baturna jeung goreng nila, capcay anu sayurna saleger pisan da karek metik ti kebon, jeung sambel dadakan sarupa jeung sambel cibiuk, aya ku ni'mat. Mangkaning hawa keur tiris da di suku gunung tea (ketinggian 1500 di luhureun rata-rata bengeut cai laut ceuk anu sarakola mah), Gunung Puntang. Dipikir-pikir urang lembur sebenerna bisa pisan swasembada malah produksi anu manfaat keur urang kota. Teu rek kitu kumaha, unggal aranjeunna taruang oge nyuguhan semah, geus teu ngahesekeun nu sejen, teu kudu impor istilahna mah. Sanguna nang melak sorangan, laukna ngala ti balong sorangan; sayurna ti kebon sorangan, sambeleun ukur tarasi anu kudu ngunyang ti warung teh. Kari pamarentah wae mere jalan keur usahana, infarstruktur tea, jalan, listrik, bbm jeung sajabana sarana dasar. Ngan lamun sarana dasar wae teu aya atawa entot-embol nya tangtu panyakit nga-blank baris nyaliara ka pakampungan. Lah aya ku gagah eta Cikuray. Ngajegir di tebeh wetan Garut, Barang ditingal rada ti deukeutna, ti lebah Cikajang, lah tambah gagah. paingan aya kabuyutan di dinya, tempat luluhur sisimpenan. Sisimpenan anu tinimbang kabaca sakabehna malah loba anu geus rek srusak. Kumaha nya naskah-naskah di kabuyutan Cikuray teh, arawet keneh kitu? Hanjakal kamari ka deukuet Cikuray mah lain rek neang naskah tapi hayang tepung jeung kang Cecep anu melak kentang kaholodoan tapi lumayan cenah masih kapuluk, malah sabagean rek dijadikeun bibit. Alhamdulillah. Baraya, Lain pedah nga-blank si kuring nganjang ka Cipaganti, Cisurupan jeung ka Babakan, Cikajang. Tapi, sono wae ka pilemburan. Tetela endahna keneh alam Parahiyangan teh, sok sanajan keur usum werit listrik jeung BBM, usum nga-blank. Alamna tetep endah teu kalis ku ekonomi anu keur teu puguh. Ngan, lamun ngalaman nga-blank, cobaan geura resep turun ka pagunungan atawa pilemburan, Insya Alloh kaubaran. Cag heula. baktosna, manAR
