kahatur :-kg, DR.Ir. Eminx S Pd. B SH....anu dipihormat , oge dulur saparakanca di ieu milis, hampura uin/isun....tos lami nge-blank kumargi remna blonk ku pacabakan, ngudag deadline...(emh asa pangsibukna?)....janten eta kl. 700 mail mani ngajem-blunk teu kabaca! wah kedah timana kawitanana? wilujeng ka baraya di kisunda.com mani beuki rame yeuh, wilujeng! mani asaaaa teh di alam anu sa-warga....warga Sunda. mani asaaaaa teh diwewengkon sorangan....lembur Sunda. .........naaaa....ari kaluar ti ieu milis, mani asaaa .....di nagara -blink.......he 33x! cag heula, ah! ..........oca tea......
--- On Sun, 7/13/08, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Nga-Blank To: [email protected] Date: Sunday, July 13, 2008, 8:43 PM nya muhun nge-blank teu aya strum sababaraha jam gentos we ku damar (basa jawana ublik) janten meni klop jadi rep-ublik...hartosna dicaangan ku damar Indonesia paduli teuing da pagawe pln mah gajihna baradag.... ngan investor jepang ngamuk teu jadi melak trilyunan ropeah tapi saleresna, dina eta pareumna listrik aya hikmah... ngaregepkeun sora cai di hareup imah ti susukan ti luhur gunung ti pacet sora-sora sasatoan gegeroan, aya gaang, aya beunceuh, aya jangkrik, kadang... sirit uncuing.... leuh....loba keneh sora sasatoan anu can kakenal ku cepil... tapi hate naha bet malah tenang , asa jempling tapi tenterem. da eta digeder wae strumna, dipake sagalarupi... pararoho kana sora anu alami.... pas keur poek teh aya alo can nincak sataun jeung lanceukna umur dua taun budak kuring awewe wungkul tilu jeung indungna tah dina palebah moment eta anu poek mongkleng kunial kuring hudang nyangking gitar akustik... hayu barudak urang nyanyi....ceuk kuring der we kalahka nyaranyi... di poek senang di caang senang di mana-mana hatiku senang tah eta eusina rumah sangat sederhanaku malah kadang asa hayang, misalna 2 minggu weh teu aya kendaraan anu liwat nganggo bensin digarentos ku Spd. bSH..... muhun sepedah boseh... On Mon, Jul 14, 2008 at 8:39 AM, lina herliana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Nge Blank..... kadang emang asik juga.... Tapi kade ah tong seueur teuing ngeblank, cenah mah ngeblank mun mindeng teuing bisa ngajadikeun panyakit pohoan, lantaran sering teuing dikosongkeun. Naha enya kitu ...??? heu..heu..heu... Lina. --- On Sun, 7/13/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Nga-Blank To: [email protected] Date: Sunday, July 13, 2008, 10:16 AM Kapal udara pausahaan "Merpati" Kang. Asana ragragna teh awal taun 90-an. Eta tugu sabenerna mah lain tugu resmi pangeling-ngeling ti Pamarentah, tapi ukur kamonesan desa di dinya wae, Ciapaganti tea. Aya ruruntuk eta kapal mangrupa kolecerna sebeulah, nu geus rada barengkok, nyesa. Nya ku alpukahna masyarakat di dinya eta kolecer teh ditihangan ku tembok mangrupa tugu aya kana 3 meterna. Tapi da teu aya tulisan nanaon. Pangeling-ngeling tayohna mah yen di desana eta masyarakat kungsi ngalaman aya kapal udara ragrag, panumpangna sadayana perlaya. manAR On Sun, Jul 13, 2008 at 11:35 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > On Sun, Jul 13, 2008 at 8:57 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> > wrote: >> >> Tapi, salila ieu si kuring arang posting mah lain pedah nga-blank >> heuheu. Nya rek bisa posting kumaha upama ti poe Juma'ah nepi ka Ahad >> kuring bulak-balik Bandung - Garut. Di Garutna oge kaditu >> kadieu. Sakali waktu, meh anjog ka suku gunung Puntang, manggihan tugu >> mieling kapal udara anu ragrag di G.Puntang puluhan taun ka tukang, di >> desa >> Cipaganti, Cisurupan. Sakalin waktu deui anjog ka Cikajang. Aeh, lain >> milarian nanaon, resep wae nitenan pilemburan, pepelakan tatanen patani >> sayur-sayuran hejo ngemploh. Ceuk dina hiji katerangan, mindeng ningal nu >> hejo-hejo teh hade keur panon, matak awet titingalian (omat lain resep ka >> nu >> hejo-hejo ieu mah). >> > > Kang Oman, kapal udara nanahaon eta nu ragrag di gunung puntang > teh,mani nepi ka aya tuguna sagala rupa? > > salam, > mh > > -- Ema Sujalma
