Nge Blank..... kadang emang asik juga....
Tapi kade ah tong seueur teuing ngeblank,
cenah mah ngeblank mun mindeng teuing bisa
ngajadikeun panyakit pohoan, lantaran sering teuing 
dikosongkeun. Naha enya kitu ...??? heu..heu..heu...
 
Lina.

--- On Sun, 7/13/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Nga-Blank
To: [email protected]
Date: Sunday, July 13, 2008, 10:16 AM






Kapal udara pausahaan "Merpati" Kang. Asana ragragna teh awal taun
90-an. Eta tugu sabenerna mah lain tugu resmi pangeling-ngeling ti
Pamarentah, tapi ukur kamonesan desa di dinya wae, Ciapaganti tea.

Aya ruruntuk eta kapal mangrupa kolecerna sebeulah, nu geus rada
barengkok, nyesa. Nya ku alpukahna masyarakat di dinya eta kolecer teh
ditihangan ku tembok mangrupa tugu aya kana 3 meterna. Tapi da teu aya
tulisan nanaon. Pangeling-ngeling tayohna mah yen di desana eta
masyarakat kungsi ngalaman aya kapal udara ragrag, panumpangna
sadayana perlaya.

manAR

On Sun, Jul 13, 2008 at 11:35 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> On Sun, Jul 13, 2008 at 8:57 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> 
> wrote:
>>
>> Tapi, salila ieu si kuring arang posting mah lain pedah nga-blank
>> heuheu. Nya rek bisa posting kumaha upama ti poe Juma'ah nepi ka Ahad
>> kuring bulak-balik Bandung - Garut. Di Garutna oge kaditu
>> kadieu. Sakali waktu, meh anjog ka suku gunung Puntang, manggihan tugu
>> mieling kapal udara anu ragrag di G.Puntang puluhan taun ka tukang, di
>> desa
>> Cipaganti, Cisurupan. Sakalin waktu deui anjog ka Cikajang. Aeh, lain
>> milarian nanaon, resep wae nitenan pilemburan, pepelakan tatanen patani
>> sayur-sayuran hejo ngemploh. Ceuk dina hiji katerangan, mindeng ningal nu
>> hejo-hejo teh hade keur panon, matak awet titingalian (omat lain resep ka
>> nu
>> hejo-hejo ieu mah).
>>
>
> Kang Oman, kapal udara nanahaon eta nu ragrag di gunung puntang
> teh,mani nepi ka aya tuguna sagala rupa?
>
> salam,
> mh
>
> 
 














      

Kirim email ke