he he he, eta kisunda.com teh naon visi-misina !
saha nugaduhna ! asa teu panuju mun di damel kitu.
jigana masih under construction
maenya sewa space sareng domain-na ngan ukur di damel
nga-link-keun wungkul..
asa mubazirrrr....

maksadna Abah Oman mah jigana nga-blank-on
eta ge panginten...kedahna iket barangbang semplak...
janten ulah seueur teuing ....
muhun eta

cag oge,



On Wed, Jul 16, 2008 at 12:18 AM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   kahatur :-kg, DR.Ir. Eminx S Pd. B SH....anu dipihormat , oge dulur
> saparakanca di ieu milis, hampura uin/isun....tos lami nge-blank
> kumargi remna blonk ku pacabakan, ngudag deadline...(emh asa
> pangsibukna?)...janten eta kl. 700 mail mani ngajem-blunk teu kabaca! wah
> kedah timana kawitanana? wilujeng ka baraya di kisunda.com mani beuki rame
> yeuh, wilujeng!  mani asaaaa teh di alam anu sa-warga....warga Sunda. mani
> asaaaaa teh diwewengkon sorangan....lembur Sunda. .........naaaa....ari
> kaluar ti ieu milis, mani asaaa .....di nagara -blink.......he 33x!
> cag  heula, ah!
> .........oca tea......
>
> --- On *Sun, 7/13/08, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] Nga-Blank
> To: [email protected]
> Date: Sunday, July 13, 2008, 8:43 PM
>
> nya muhun nge-blank teu aya strum sababaraha jam
> gentos we ku damar (basa jawana ublik)
> janten meni klop jadi rep-ublik...hartosna dicaangan ku damar Indonesia
> paduli teuing da pagawe pln mah gajihna baradag....
> ngan investor jepang ngamuk teu jadi melak trilyunan ropeah
>
>
> tapi saleresna, dina eta pareumna listrik aya hikmah...
>
> ngaregepkeun sora cai di hareup imah ti susukan ti luhur gunung ti pacet
> sora-sora sasatoan gegeroan, aya gaang, aya beunceuh, aya jangkrik,
> kadang... sirit uncuing.... leuh....loba keneh sora sasatoan anu can
> kakenal ku cepil...
> tapi hate naha bet malah tenang , asa jempling tapi tenterem.
> da eta digeder wae strumna, dipake sagalarupi...
> pararoho kana sora anu alami....
>
> pas keur poek teh aya alo can nincak sataun jeung lanceukna umur dua taun
> budak kuring awewe wungkul tilu jeung indungna
> tah dina palebah moment eta anu poek mongkleng
> kunial kuring hudang nyangking gitar akustik...
>
> hayu barudak urang nyanyi....ceuk kuring
> der we kalahka nyaranyi...
>
> di poek senang
> di caang senang
> di mana-mana hatiku senang
>
> tah eta eusina rumah sangat sederhanaku
>
> malah kadang asa hayang, misalna
> 2 minggu weh teu aya kendaraan anu liwat nganggo bensin
> digarentos ku Spd. bSH..... muhun sepedah boseh...
>
>
>
>
>
> On Mon, Jul 14, 2008 at 8:39 AM, lina herliana <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>
>>    Nge Blank..... kadang emang asik juga....
>>
>> Tapi kade ah tong seueur teuing ngeblank,
>>
>> cenah mah ngeblank mun mindeng teuing bisa
>>
>> ngajadikeun panyakit pohoan, lantaran sering teuing
>>
>> dikosongkeun. Naha enya kitu ...??? heu..heu..heu...
>>
>>
>>
>> Lina.
>>
>> --- On *Sun, 7/13/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>>
>> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
>> Subject: Re: [kisunda] Nga-Blank
>> To: [email protected]
>> Date: Sunday, July 13, 2008, 10:16 AM
>>
>>
>>  Kapal udara pausahaan "Merpati" Kang. Asana ragragna teh awal taun
>> 90-an. Eta tugu sabenerna mah lain tugu resmi pangeling-ngeling ti
>> Pamarentah, tapi ukur kamonesan desa di dinya wae, Ciapaganti tea.
>>
>> Aya ruruntuk eta kapal mangrupa kolecerna sebeulah, nu geus rada
>> barengkok, nyesa. Nya ku alpukahna masyarakat di dinya eta kolecer teh
>> ditihangan ku tembok mangrupa tugu aya kana 3 meterna. Tapi da teu aya
>> tulisan nanaon. Pangeling-ngeling tayohna mah yen di desana eta
>> masyarakat kungsi ngalaman aya kapal udara ragrag, panumpangna
>> sadayana perlaya.
>>
>> manAR
>>
>> On Sun, Jul 13, 2008 at 11:35 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] 
>> com<khs579%40gmail.com>>
>> wrote:
>> > On Sun, Jul 13, 2008 at 8:57 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] 
>> > com<omanarah%40gmail.com>>
>> wrote:
>> >>
>> >> Tapi, salila ieu si kuring arang posting mah lain pedah nga-blank
>> >> heuheu. Nya rek bisa posting kumaha upama ti poe Juma'ah nepi ka Ahad
>> >> kuring bulak-balik Bandung - Garut. Di Garutna oge kaditu
>> >> kadieu. Sakali waktu, meh anjog ka suku gunung Puntang, manggihan tugu
>> >> mieling kapal udara anu ragrag di G.Puntang puluhan taun ka tukang, di
>> >> desa
>> >> Cipaganti, Cisurupan. Sakalin waktu deui anjog ka Cikajang. Aeh, lain
>> >> milarian nanaon, resep wae nitenan pilemburan, pepelakan tatanen patani
>> >> sayur-sayuran hejo ngemploh. Ceuk dina hiji katerangan, mindeng ningal
>> nu
>> >> hejo-hejo teh hade keur panon, matak awet titingalian (omat lain resep
>> ka
>> >> nu
>> >> hejo-hejo ieu mah).
>> >>
>> >
>> > Kang Oman, kapal udara nanahaon eta nu ragrag di gunung puntang
>> > teh,mani nepi ka aya tuguna sagala rupa?
>> >
>> > salam,
>> > mh
>> >
>> >
>>
>>
>>
>
>
> --
> Ema Sujalma
>
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke