nya muhun nge-blank teu aya strum sababaraha jam
gentos we ku damar (basa jawana ublik)
janten meni klop jadi rep-ublik...hartosna dicaangan ku damar Indonesia
paduli teuing da pagawe pln mah gajihna baradag....
ngan investor jepang ngamuk teu jadi melak trilyunan ropeah


tapi saleresna, dina eta pareumna listrik aya hikmah...

ngaregepkeun sora cai di hareup imah ti susukan ti luhur gunung ti pacet
sora-sora sasatoan gegeroan, aya gaang, aya beunceuh, aya jangkrik,
kadang... sirit uncuing.... leuh....loba keneh sora sasatoan anu can kakenal
ku cepil...
tapi hate naha bet malah tenang , asa jempling tapi tenterem.
da eta digeder wae strumna, dipake sagalarupi...
pararoho kana sora anu alami....

pas keur poek teh aya alo can nincak sataun jeung lanceukna umur dua taun
budak kuring awewe wungkul tilu jeung indungna
tah dina palebah moment eta anu poek mongkleng
kunial kuring hudang nyangking gitar akustik...

hayu barudak urang nyanyi....ceuk kuring
der we kalahka nyaranyi...

di poek senang
di caang senang
di mana-mana hatiku senang

tah eta eusina rumah sangat sederhanaku

malah kadang asa hayang, misalna
2 minggu weh teu aya kendaraan anu liwat nganggo bensin
digarentos ku Spd. bSH..... muhun sepedah boseh...





On Mon, Jul 14, 2008 at 8:39 AM, lina herliana <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

>   Nge Blank..... kadang emang asik juga....
>
> Tapi kade ah tong seueur teuing ngeblank,
>
> cenah mah ngeblank mun mindeng teuing bisa
>
> ngajadikeun panyakit pohoan, lantaran sering teuing
>
> dikosongkeun. Naha enya kitu ...??? heu..heu..heu...
>
>
>
> Lina.
>
> --- On *Sun, 7/13/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] Nga-Blank
> To: [email protected]
> Date: Sunday, July 13, 2008, 10:16 AM
>
>
>  Kapal udara pausahaan "Merpati" Kang. Asana ragragna teh awal taun
> 90-an. Eta tugu sabenerna mah lain tugu resmi pangeling-ngeling ti
> Pamarentah, tapi ukur kamonesan desa di dinya wae, Ciapaganti tea.
>
> Aya ruruntuk eta kapal mangrupa kolecerna sebeulah, nu geus rada
> barengkok, nyesa. Nya ku alpukahna masyarakat di dinya eta kolecer teh
> ditihangan ku tembok mangrupa tugu aya kana 3 meterna. Tapi da teu aya
> tulisan nanaon. Pangeling-ngeling tayohna mah yen di desana eta
> masyarakat kungsi ngalaman aya kapal udara ragrag, panumpangna
> sadayana perlaya.
>
> manAR
>
> On Sun, Jul 13, 2008 at 11:35 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] 
> com<khs579%40gmail.com>>
> wrote:
> > On Sun, Jul 13, 2008 at 8:57 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] 
> > com<omanarah%40gmail.com>>
> wrote:
> >>
> >> Tapi, salila ieu si kuring arang posting mah lain pedah nga-blank
> >> heuheu. Nya rek bisa posting kumaha upama ti poe Juma'ah nepi ka Ahad
> >> kuring bulak-balik Bandung - Garut. Di Garutna oge kaditu
> >> kadieu. Sakali waktu, meh anjog ka suku gunung Puntang, manggihan tugu
> >> mieling kapal udara anu ragrag di G.Puntang puluhan taun ka tukang, di
> >> desa
> >> Cipaganti, Cisurupan. Sakalin waktu deui anjog ka Cikajang. Aeh, lain
> >> milarian nanaon, resep wae nitenan pilemburan, pepelakan tatanen patani
> >> sayur-sayuran hejo ngemploh. Ceuk dina hiji katerangan, mindeng ningal
> nu
> >> hejo-hejo teh hade keur panon, matak awet titingalian (omat lain resep
> ka
> >> nu
> >> hejo-hejo ieu mah).
> >>
> >
> > Kang Oman, kapal udara nanahaon eta nu ragrag di gunung puntang
> > teh,mani nepi ka aya tuguna sagala rupa?
> >
> > salam,
> > mh
> >
> >
>
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke