Haturan Kang Nonggerak,
Aya saena ngawanohkeun heula ka nu lian, samemeh prung icikibung. Sok
sanajan kitu, nya teu nanaon da enggeus ieuh. Seja mairan, dibabaran
unggal padalisan nu kapilih di handap ieu:
On Tue, Jul 15, 2008 at 11:06 PM, Nonggerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, rubah jadi maung atawa nu
> mistik laina. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu
> pernah hirup di alam dunya, mingpin tatar sunda. Boga batur deukeut
> ngarana Santang, pamingpin negri sancang, bangsa jin, lain bangsa
> manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sakti, tapi geus fitrahna
> sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang.
===> Siliwangi leuwih kaharti ku balarea salaku jelema biasa. Ngan
bedana jeung masyarakat umumna nyaeta inyana mah geus tatapabrata,
nyieun karya anu manfaat keur balarea. Karya sarupaning nyieun jeung
miara sumber cai (talaga rena, marigi), leuweung keur kapentingan boh
dunya atawa agama; ngabalay (nyieun jalan). Eta dina widang ngertakeun
bumi lamba jeung kabuyutan. Dina widang SILAS-na, nyoko kana siklih
wangikeun, nya sarupaning "Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian", jsb.
Karana sakitu, karajaan anu mangrupakeun gabungan Sunda-Galuh keur
memeres jeung ngarepeh-rapihkeun sa-Tatar Sunda teh kungsi nyorang
mangsa kajayaanana. Jadi wae bener-bener geus ngalaksanakeun tugas
Siliwangi, nyilih atawa jadi pangganti wawangi-wawangi anu ti heula
(Prabu Wangi, jeung Siliwangi kahiji, Sanghiyang Wastukancana).
Ngeunaan "Santang", karek engeuh yen inyana teh bangsa jin. Ari salila
ieu mah anu dicekel teh taya lian ti yen inyana teh Walangsungsang
tea, putera Siliwangi (Sri Baduga) ti garwana anu kaceluk Nyi
Subanglarang tea. Ki Santang, Rara Santanf (Syarifah Madaim), jeung
Rajasangara, tiluan adi lanceuk saindung sabapa. Kutan Ki Santang teh
bangsa jin? geuningan?
>
> Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan
> dongeng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji
> acan sesa pajajaran nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang
> nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di
> kira-kira.
===> Satuju. Karana kitu, nya rada natanyakeun, naha enya Santang teh
bangsa jin? Tina dokumen naon? carita lisan alias dongeng tea? upama
kitu, atuh geus nyampur deui wae dongeng jeung carita teh.
Sesa Pajajaran teu aya hiji-hiji acan anu kapanggih? ari batu tulis
nyaritakeun saha jeung jaman mana? Wah ari kudu nanya ka bangsa jin
mah hartina kudu asup ka bangsa jin heula anu rek nanya teh. Cikan
mugi dijelaskeun deui lebah dieu.
> Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi
> maung. Maung ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka
> gagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan
> maung. Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali.
> Lain anjeun turunan manuk dadali.
===> Sapuk
> Kuring nonggerak, unggal poe sabenerna aya dihareupeun aranjeun..
> Kuring hariwang jeung karunya aranjeun rahayat sunda ngan loba
> ngobrolkeun ngimpi.. geura hudang, baca... baca... baca alam jeung diri...
>
===> Nyaan teu apal kuring ka salira, hampura.
manAR
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/