perkenalan heula, supados nyunda
raos karasana
=roch=
--- In [email protected], engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sapuk sareng kang Oman, mangga geura pancakaki heula kang Nonggerak
sinareng dijelaskeun naon nu ditaroskeun ku kang Oman.
>  
> Hapunten mung salangkung, rarusuh keneh kulan.
>  
> pun Engkus
> 
> --- On Wed, 7/16/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] (Serat :1) SILIWANGI & KI SANTANG_Siliwangi
Jalma Bias
> To: [email protected]
> Date: Wednesday, July 16, 2008, 7:53 AM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Haturan Kang Nonggerak,
> 
> Aya saena ngawanohkeun heula ka nu lian, samemeh prung icikibung. Sok
> sanajan kitu, nya teu nanaon da enggeus ieuh. Seja mairan, dibabaran
> unggal padalisan nu kapilih di handap ieu:
> 
> On Tue, Jul 15, 2008 at 11:06 PM, Nonggerak <[EMAIL PROTECTED] com>
wrote:
> > Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, rubah jadi maung atawa nu
> > mistik laina. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu
> > pernah hirup di alam dunya, mingpin tatar sunda. Boga batur deukeut
> > ngarana Santang, pamingpin negri sancang, bangsa jin, lain bangsa
> > manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sakti, tapi geus fitrahna
> > sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang.
> 
> ===> Siliwangi leuwih kaharti ku balarea salaku jelema biasa. Ngan
> bedana jeung masyarakat umumna nyaeta inyana mah geus tatapabrata,
> nyieun karya anu manfaat keur balarea. Karya sarupaning nyieun jeung
> miara sumber cai (talaga rena, marigi), leuweung keur kapentingan boh
> dunya atawa agama; ngabalay (nyieun jalan). Eta dina widang ngertakeun
> bumi lamba jeung kabuyutan. Dina widang SILAS-na, nyoko kana siklih
> wangikeun, nya sarupaning "Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian", jsb.
> 
> Karana sakitu, karajaan anu mangrupakeun gabungan Sunda-Galuh keur
> memeres jeung ngarepeh-rapihkeun sa-Tatar Sunda teh kungsi nyorang
> mangsa kajayaanana. Jadi wae bener-bener geus ngalaksanakeun tugas
> Siliwangi, nyilih atawa jadi pangganti wawangi-wawangi anu ti heula
> (Prabu Wangi, jeung Siliwangi kahiji, Sanghiyang Wastukancana) .
> 
> Ngeunaan "Santang", karek engeuh yen inyana teh bangsa jin. Ari salila
> ieu mah anu dicekel teh taya lian ti yen inyana teh Walangsungsang
> tea, putera Siliwangi (Sri Baduga) ti garwana anu kaceluk Nyi
> Subanglarang tea. Ki Santang, Rara Santanf (Syarifah Madaim), jeung
> Rajasangara, tiluan adi lanceuk saindung sabapa. Kutan Ki Santang teh
> bangsa jin? geuningan?
> >
> > Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan
> > dongeng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji
> > acan sesa pajajaran nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang
> > nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di
> > kira-kira.
> 
> ===> Satuju. Karana kitu, nya rada natanyakeun, naha enya Santang teh
> bangsa jin? Tina dokumen naon? carita lisan alias dongeng tea? upama
> kitu, atuh geus nyampur deui wae dongeng jeung carita teh.
> 
> Sesa Pajajaran teu aya hiji-hiji acan anu kapanggih? ari batu tulis
> nyaritakeun saha jeung jaman mana? Wah ari kudu nanya ka bangsa jin
> mah hartina kudu asup ka bangsa jin heula anu rek nanya teh. Cikan
> mugi dijelaskeun deui lebah dieu.
> 
> > Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi
> > maung. Maung ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka
> > gagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan
> > maung. Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali.
> > Lain anjeun turunan manuk dadali.
> 
> ===> Sapuk
> 
> > Kuring nonggerak, unggal poe sabenerna aya dihareupeun aranjeun..
> > Kuring hariwang jeung karunya aranjeun rahayat sunda ngan loba
> > ngobrolkeun ngimpi.. geura hudang, baca... baca... baca alam jeung
diri...
> >
> ===> Nyaan teu apal kuring ka salira, hampura.
> 
> manAR
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke