Sapuk sareng kang Oman, mangga geura pancakaki heula kang Nonggerak sinareng dijelaskeun naon nu ditaroskeun ku kang Oman. Hapunten mung salangkung, rarusuh keneh kulan. pun Engkus
--- On Wed, 7/16/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] (Serat :1) SILIWANGI & KI SANTANG_Siliwangi Jalma Bias To: [email protected] Date: Wednesday, July 16, 2008, 7:53 AM Haturan Kang Nonggerak, Aya saena ngawanohkeun heula ka nu lian, samemeh prung icikibung. Sok sanajan kitu, nya teu nanaon da enggeus ieuh. Seja mairan, dibabaran unggal padalisan nu kapilih di handap ieu: On Tue, Jul 15, 2008 at 11:06 PM, Nonggerak <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, rubah jadi maung atawa nu > mistik laina. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu > pernah hirup di alam dunya, mingpin tatar sunda. Boga batur deukeut > ngarana Santang, pamingpin negri sancang, bangsa jin, lain bangsa > manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sakti, tapi geus fitrahna > sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang. ===> Siliwangi leuwih kaharti ku balarea salaku jelema biasa. Ngan bedana jeung masyarakat umumna nyaeta inyana mah geus tatapabrata, nyieun karya anu manfaat keur balarea. Karya sarupaning nyieun jeung miara sumber cai (talaga rena, marigi), leuweung keur kapentingan boh dunya atawa agama; ngabalay (nyieun jalan). Eta dina widang ngertakeun bumi lamba jeung kabuyutan. Dina widang SILAS-na, nyoko kana siklih wangikeun, nya sarupaning "Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian", jsb. Karana sakitu, karajaan anu mangrupakeun gabungan Sunda-Galuh keur memeres jeung ngarepeh-rapihkeun sa-Tatar Sunda teh kungsi nyorang mangsa kajayaanana. Jadi wae bener-bener geus ngalaksanakeun tugas Siliwangi, nyilih atawa jadi pangganti wawangi-wawangi anu ti heula (Prabu Wangi, jeung Siliwangi kahiji, Sanghiyang Wastukancana) . Ngeunaan "Santang", karek engeuh yen inyana teh bangsa jin. Ari salila ieu mah anu dicekel teh taya lian ti yen inyana teh Walangsungsang tea, putera Siliwangi (Sri Baduga) ti garwana anu kaceluk Nyi Subanglarang tea. Ki Santang, Rara Santanf (Syarifah Madaim), jeung Rajasangara, tiluan adi lanceuk saindung sabapa. Kutan Ki Santang teh bangsa jin? geuningan? > > Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan > dongeng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji > acan sesa pajajaran nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang > nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di > kira-kira. ===> Satuju. Karana kitu, nya rada natanyakeun, naha enya Santang teh bangsa jin? Tina dokumen naon? carita lisan alias dongeng tea? upama kitu, atuh geus nyampur deui wae dongeng jeung carita teh. Sesa Pajajaran teu aya hiji-hiji acan anu kapanggih? ari batu tulis nyaritakeun saha jeung jaman mana? Wah ari kudu nanya ka bangsa jin mah hartina kudu asup ka bangsa jin heula anu rek nanya teh. Cikan mugi dijelaskeun deui lebah dieu. > Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi > maung. Maung ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka > gagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan > maung. Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali. > Lain anjeun turunan manuk dadali. ===> Sapuk > Kuring nonggerak, unggal poe sabenerna aya dihareupeun aranjeun.. > Kuring hariwang jeung karunya aranjeun rahayat sunda ngan loba > ngobrolkeun ngimpi.. geura hudang, baca... baca... baca alam jeung diri... > ===> Nyaan teu apal kuring ka salira, hampura. manAR
