nu ujug-ujug mah biasana tos wanoh...

On Wed, Jul 16, 2008 at 3:17 PM, agus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   perkenalan heula, supados nyunda
> raos karasana
> =roch=
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, engkus ruswana
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Sapuk sareng kang Oman, mangga geura pancakaki heula kang Nonggerak
> sinareng dijelaskeun naon nu ditaroskeun ku kang Oman.
> >
> > Hapunten mung salangkung, rarusuh keneh kulan.
> >
> > pun Engkus
> >
> > --- On Wed, 7/16/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
>
> > Subject: Re: [kisunda] (Serat :1) SILIWANGI & KI SANTANG_Siliwangi
> Jalma Bias
> > To: [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>
> > Date: Wednesday, July 16, 2008, 7:53 AM
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Haturan Kang Nonggerak,
> >
> > Aya saena ngawanohkeun heula ka nu lian, samemeh prung icikibung. Sok
> > sanajan kitu, nya teu nanaon da enggeus ieuh. Seja mairan, dibabaran
> > unggal padalisan nu kapilih di handap ieu:
> >
> > On Tue, Jul 15, 2008 at 11:06 PM, Nonggerak <[EMAIL PROTECTED] com>
> wrote:
> > > Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, rubah jadi maung atawa nu
> > > mistik laina. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu
> > > pernah hirup di alam dunya, mingpin tatar sunda. Boga batur deukeut
> > > ngarana Santang, pamingpin negri sancang, bangsa jin, lain bangsa
> > > manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sakti, tapi geus fitrahna
> > > sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang.
> >
> > ===> Siliwangi leuwih kaharti ku balarea salaku jelema biasa. Ngan
> > bedana jeung masyarakat umumna nyaeta inyana mah geus tatapabrata,
> > nyieun karya anu manfaat keur balarea. Karya sarupaning nyieun jeung
> > miara sumber cai (talaga rena, marigi), leuweung keur kapentingan boh
> > dunya atawa agama; ngabalay (nyieun jalan). Eta dina widang ngertakeun
> > bumi lamba jeung kabuyutan. Dina widang SILAS-na, nyoko kana siklih
> > wangikeun, nya sarupaning "Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian", jsb.
> >
> > Karana sakitu, karajaan anu mangrupakeun gabungan Sunda-Galuh keur
> > memeres jeung ngarepeh-rapihkeun sa-Tatar Sunda teh kungsi nyorang
> > mangsa kajayaanana. Jadi wae bener-bener geus ngalaksanakeun tugas
> > Siliwangi, nyilih atawa jadi pangganti wawangi-wawangi anu ti heula
> > (Prabu Wangi, jeung Siliwangi kahiji, Sanghiyang Wastukancana) .
> >
> > Ngeunaan "Santang", karek engeuh yen inyana teh bangsa jin. Ari salila
> > ieu mah anu dicekel teh taya lian ti yen inyana teh Walangsungsang
> > tea, putera Siliwangi (Sri Baduga) ti garwana anu kaceluk Nyi
> > Subanglarang tea. Ki Santang, Rara Santanf (Syarifah Madaim), jeung
> > Rajasangara, tiluan adi lanceuk saindung sabapa. Kutan Ki Santang teh
> > bangsa jin? geuningan?
> > >
> > > Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan
> > > dongeng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji
> > > acan sesa pajajaran nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang
> > > nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di
> > > kira-kira.
> >
> > ===> Satuju. Karana kitu, nya rada natanyakeun, naha enya Santang teh
> > bangsa jin? Tina dokumen naon? carita lisan alias dongeng tea? upama
> > kitu, atuh geus nyampur deui wae dongeng jeung carita teh.
> >
> > Sesa Pajajaran teu aya hiji-hiji acan anu kapanggih? ari batu tulis
> > nyaritakeun saha jeung jaman mana? Wah ari kudu nanya ka bangsa jin
> > mah hartina kudu asup ka bangsa jin heula anu rek nanya teh. Cikan
> > mugi dijelaskeun deui lebah dieu.
> >
> > > Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi
> > > maung. Maung ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka
> > > gagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan
> > > maung. Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali.
> > > Lain anjeun turunan manuk dadali.
> >
> > ===> Sapuk
> >
> > > Kuring nonggerak, unggal poe sabenerna aya dihareupeun aranjeun..
> > > Kuring hariwang jeung karunya aranjeun rahayat sunda ngan loba
> > > ngobrolkeun ngimpi.. geura hudang, baca... baca... baca alam jeung
> diri...
> > >
> > ===> Nyaan teu apal kuring ka salira, hampura.
> >
> > manAR
> >
>
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke