Perkawis surah yasin, bade diupload kana wikipedia, mung nyhunkeun sarantos margi ayeuna prioritasna kanggo juz 30 heula. Upami bade pesen, kenging. Kaleresan tarjamah Al Qur'an ieu kapendakna di Bandung (di pangaosan pun bapak sareng pun biang). Ke urang wartoskeun ka pun bapa / pun biang supados dipangmesenkeun. Pangaosna mirah, upami teu lepat, Rp. 60 rebu. Salam, Asep
--- On Tue, 9/2/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Peuting To: [email protected] Date: Tuesday, September 2, 2008, 1:52 AM Hatur nuhun Kang Asep, kenging pesen henteu kang? Pami aya mah surah Yaa Siiin. salam tirta ~ experientia docet sapientiam ~ ----- Original Message ---- From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> To: [EMAIL PROTECTED] .com Sent: Monday, September 1, 2008 20:25:42 Subject: [kisunda] Peuting Kanggo nu nuju saum, tamba ngagayot gado, ieu aya tarjamah surah Al Lail (Peuting) nyumber kana www.quranexplorer. com sareng Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda: Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda 1. وَٱلَّيۡلِ إِذَا يَغۡشَىٰ Perhatikeun peuting nalika reup poék 2. وَٱلنَّہَارِ إِذَا تَجَلَّىٰ Jeung beurang nalika caang. 3. وَمَا خَلَقَ ٱلذَّكَرَ وَٱلۡأُنثَىٰٓ Jeung diciptakeunana lalaki jeung awéwé.. 4. إِنَّ سَعۡيَكُمۡ لَشَتَّىٰ Saéstuna jalan (usaha) maranéh téh rupa-rupa. 5. فَأَمَّا مَنۡ أَعۡطَىٰ وَٱتَّقَىٰ Sing saha anu béréhan jeung takwa. 6. وَصَدَّقَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ Jeung anu ngaenyakeun kana ayana pahala panghadéna (sawarga), 7. فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡيُسۡرَىٰ Nya ku Kami baris digampangkeun kana (jalan) anu gampang. 8. وَأَمَّا مَنۢ بَخِلَ وَٱسۡتَغۡنَىٰ Tapi sing saha anu korét turta ngarasa aya dina kacukupan, 9. وَكَذَّبَ بِٱلۡحُسۡنَىٰ Jeung ingkar kana ayana pahala pangdéna (sawarga), 10. فَسَنُيَسِّرُهُ ۥ لِلۡعُسۡرَىٰ Nya ku Kami baris digampangkeun kana jalan hésé-béléké. 11. وَمَا يُغۡنِى عَنۡهُ مَالُهُ ۥۤ إِذَا تَرَدَّىٰٓ Jeung harta-bandana moal bisa nulungan upama manéhna binasa. 12. إِنَّ عَلَيۡنَا لَلۡهُدَىٰ Saenyana kawajiban Kami méré pituduh. 13. وَإِنَّ لَنَا لَلۡأَخِرَةَ وَٱلۡأُولَىٰ Jeung saenyana boga Kami ahérat jeung dunya. 14. فَأَنذَرۡتُكُمۡ نَارً۬ا تَلَظَّىٰ Ku kituna, Kami ngawawadian maranéh ku seuneu nu ngéntab-ngéntab. 15. لَا يَصۡلَٮٰهَآ إِلَّا ٱلۡأَشۡقَى Moal dipanggang didinya kajaba jalma nu pangcilakana. 16. ٱلَّذِى كَذَّبَ وَتَوَلَّىٰ Anu ingkar (tina kabeneran) turta ngabalieur (tina iman). 17. وَسَيُجَنَّبُہَا ٱلۡأَتۡقَى Jeung bakal dijauhkeun éta naraka téh ti jalma anu pangtakwana. 18. ٱلَّذِى يُؤۡتِى مَالَهُ ۥ يَتَزَكَّىٰ Anu ngadarmakeun harta-bandana lantaran hayang nyucikeunana. 19. وَمَا لِأَحَدٍ عِندَهُ ۥ مِن نِّعۡمَةٍ۬ تُجۡزَىٰٓ Padahal euwueh saurang ogé anu méré nikmat ka manéhna nu kudu dibales budina. 20. إِلَّا ٱبۡتِغَآءَ وَجۡهِ رَبِّهِ ٱلۡأَعۡلَىٰ Tapi karana miharep karido Pangéranna Nu Maha Luhung. 21. وَلَسَوۡفَ يَرۡضَىٰ Mangke éngké manéhna éstu bakal pinanggih jeung kapuasan. Wilujeng saum dinten kadua. Asep Get your new Email address! Grab the Email name you've always wanted before someone else does!
