Nyobian Kang Aschev, dibabaran palih handapna masing-masing ayat wae.
Ti abdi anu nganggo tanda ==>:

2008/9/2 Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>:
> Leres.
>
> Sakalian ngabuburit, kumaha upami kang Iman, kang Oman sareng nu sanesna oge
> marios tarjamahan serat Al Adiyat di handap ieu:
>
> Ayat kaTulisan ArabTarjamah basa Sunda
> 1.
> وَٱلۡعَـٰدِيَـٰتِ ضَبۡحً۬ا
> Demi nu lalumpat ngahégag (pasukan kuda perang nu tarik lumpatna).

==>Demi anu lalumpat tarik ngaharégak (pasukan kuda perang anu tararik lumpatna)
> 2.
> فَٱلۡمُورِيَـٰتِ قَدۡحً۬ا
> Anu ting burinyay seuneu (tina talapokna).

===> (demi) anu ngaluarkeun seuneu patingburinyay (talapok-talapok
suku kuda dina pasukan kuda anu lumpat tararik)
> 3.
> فَٱلۡمُغِيرَٲتِ صُبۡحً۬ا
> Anu terus narajang (musuh) dina wanci subuh

===> (demi pasukan kuda) anu terus narajang ka tengah pasukan musuh
dina wanci subuh
> 4.
> فَأَثَرۡنَ بِهِۦ نَقۡعً۬ا
> Anu harita ngamahabukeun lebu.

===> mangka (eta pasukan kuda téh) harita ngaburisatkeun lebu taneuh
(liliwatanana)
> 5.
> فَوَسَطۡنَ بِهِۦ جَمۡعًا
> Anu harita terus narajang ka tengah-tengah kumpulan (musuh).

===> mangka (eta pasukan kuda téh) harita terus narajang ka
tengah-tengah pasukan musuh
> 6.
> إِنَّ ٱلۡإِنسَـٰنَ لِرَبِّهِۦ لَكَنُودٌ۬
> Saéstuna manusa téh éstuning bedegong ka Pangéranna.

===> Saestuna manusa téh kacida bedegongna ka Pangeranna
> 7.
> وَإِنَّهُ ۥ عَلَىٰ ذَٲلِكَ لَشَہِيدٌ۬
> Jeung saéstuna manéhna nyakséni kana kalakuan kitu téh.

===> Jeung saéstuna manéhna (manusa) nyakséni kana kalakuan kitu
(bedegong) na téh
> 8.
> وَإِنَّهُ ۥ لِحُبِّ ٱلۡخَيۡرِ لَشَدِيدٌ
> Jeung saéstuna manéhna téh kacida kadedemesna kana harta.

===> Jeung saéstuna manéhna (manusa) téh kacida mikacintana kana harta
> 9.
> أَفَلَا يَعۡلَمُ إِذَا بُعۡثِرَ مَا فِى ٱلۡقُبُورِ
> Naha manéhna teu nyaho kumaha engké dina waktu saniskara nu aya dina jero
> kubur dibudalkeun,

===> Mangka, naha manéhna teu nyaho kumaha engké nalika poéan
dibudalkeunna saniskara anu aya dina jero kubur?

> 10.
> وَحُصِّلَ مَا فِى ٱلصُّدُورِ
> Jeung lamun geus diébréhkeun saniskara nu aya dina jero dada?

===> Jeung nalika poéan diébréhkeunna saniskara anu aya dina jero dada?
> 11.
> إِنَّ رَبَّہُم بِہِمۡ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّخَبِيرُۢ
> Saéstuna Pangéran maranéhna kana kaayaan maranéhna dina poé éta téh
> bener-bener Maha Uninga

===> Saéstuna Pangeran maranéhna kana kaayaan maranéhna dina poé éta
bener-bener Maha Waspada
(catetan: khobaro = uninga samemeh kajadian)


> Salam,
> Asep
>

baktosna,
manAR
>
> --- On Tue, 9/2/08, Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> From: Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] Peuting
> To: [email protected]
> Date: Tuesday, September 2, 2008, 2:26 AM
>
> Ngiringan .....
>
> Asana
>
> "Kebenaran = Bebeneran"
>
> janten asa langkung pas ceuk abdi mah .........
>
> Recent Activity
>
>  2
> New Members
>  5
> New Photos
>
> Visit Your Group
> New web site?
> Drive traffic now.
> Get your business
> on Yahoo! search.
> Best of Y! Groups
> Check it out
> and nominate your
> group to be featured.
> Yahoo! Groups
> Cat Zone
> Connect w/ others
> who love cats.
> .
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke