Tah lamun pola sakumaha anu diusulkeun ku Mh dilarapkeun, si kuring rada sapuk. Sabab, di dinya pancen urang anu teu manjing kana ahli tarjamahan Al Qur'an, boh tina segi pangaweruh elmu2 Al Qur'an, tata basa Arab, oge tata basa Sunda, geus mernahkeun maneh salaku seksi ingkig atawa koordinatorna, jauhna fasilitatorna.
Kuring la haola nyanggupan salaku anu ngeprak tim penghubung. Tim anu ngahubungan boh ka ahli tafsir (saperti ka Kang Dr. Jaih Mubarok ti UIN) oge ka ahli basa Sunda - saperti Abah Surya. Sok sanajan satemenna, aya tarjamahan Al Qur'an basa Sunda versi pang anyarna karya hiji tim anu di lebetna kang Dr. Jaih Mubarok janten anggota. Namung, bisi para wargi panasaran hoyong ngadamel tarjamahan Al Qur'an basa Sunda versi usaha rereongan anggota milist para wargi sadaya, mangga dirojong pisang. Ongkoh deui, anu disebut tarjamahan karya tim Dr. Jaih Mubarok teh henteu gampang diakses, kajaba upama urang nepangan anjeunna (upami kang Asep meryogikeun, abdi bade ngahubungkeun salira ka Kang Dr. Jaih Mubarok, Insya Alloh).. Ngan, aya catetan, wayahna lamun ieu pagawean teh lembon alah batan kuya ngalengkah, Nyakitu tea, tinimbang janji gura-giru anu teu bisa dicumponan, mendingan nyebutkeun baris pilemboneun anu geus teges-teges kairong. baktosna, manAR On Wed, Sep 3, 2008 at 7:47 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tah jigana upama salila bulan romadhon ieu meunang tarjamahan sasurat > oge, surat Yasin, ginding tah. Jurusna mah, burudulkeun we heula > sagala referensi nu aya, ti saha wae. Terus coba Sunda-keun > babarengan. Hasilna tarjamah Surat Yasin basa Sunda. Keur validasi, > menta tulung ka Kang Oman, sina dipariksa aspek basa Sundana ka > ahlina, Abah Surya misalna. Perkara validasi eusina, Kang Oman sina > neangan ahli tafsir nu ngoreksina. Engke eta hasilna bisa diracik jadi > tarjamahan make dua atawa tilu basa: Arab-Sunda-Indonesia-Inggris, > Arab-Sunda-Indonesia, atawa Arab-Sunda. Saterusna pasrahkeun ka Kang > Tirta, sina neangan tarekah keur nerbitkeun jeung nyitakna. Mun > meunang donatur, hade hasilna dikirimkeun ka Masjid-Masjid. > > salam, > mh > > 2008/9/3 Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>: > >> Mangga atuh upami kitu mah, bade dikeureuyeh sasarengan sareng juz 30. >> >> Salam, >> Asep >> >> --- On Tue, 9/2/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> >> From: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> >> Subject: Yasinan Re: [kisunda] Peuting >> To: [email protected] >> Date: Tuesday, September 2, 2008, 12:15 PM >> >> Kang Asep nu urgent numutkeun sim kuring mah tarjamah surah Yasin, >> kumargi: >> 1. Nu beredar ayeuna mah tarjamah basa Indonesia, janten dina acara >> Yasinan >> di tatar sunda ayeuna mah seuseueruna teu ngangge tarjamah basa sunda; >> 2. Milari percetakan tarjamah basa sunda surah Yasin kacida hesena keur >> kapentingan pangemut-ngemut 40/100 dinten maotna hiji jalmi. >> >> Sim kuring mah gaduh kahoyong teh ngabiasakeun deui ngangge tarjamah sunda >> Surah Yasin. Ieu strategis pisan ngabiasakeun make basa sunda secara >> massal. >> >> Salam >> tirta >> > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
