On Fri, Sep 12, 2008 at 9:09 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ka KT, gan Ema, Mh, Agus Roche oge sadayana anu peryogi, ieu skripsi
> Ambu Otih teh ti payun sacara lisan geus diijinkeun pikeun
> dipedalkeun. Aya minat keur medalkeun jeung nyalabarkeunana? Hayu
> atuh, keur nambahan usaha neuleuman, mertelakeun jeung ngajelaskeun
> "Si Kabayan" tea. Ceuk Kang Chaedar Al Wasilah mah nya kaasup
> revitalisasi budaya. Engke geura, lamun skripsi eta geus medal dina
> wangun buku tangtu gede harepan ngarojong medalna babaran-babaran
> (komen, sarah) kana eusina dina wangun buku deui
>
Kang Oman, ari skripsi bade diterbitkeun mah, atuh kedah dirobih heula
janten model tulisan ilmiah populer. Jiga sensei Mikihiro, tina
desertasi, jadi buku gayemen umum.
Perkara noong ikon tokoh Si Kabayan, ceuk uing mah cara mikir urang
sok pabeulit, nyampuradukeun karakter tokoh rekaan, boh tokoh ideal
atawa tokoh humor, jeung karakter realitas etnisna. Numatak sok loba
nu resep neumbeluhkeun kahengkeran urang sorangan ka karuhun, atawa
tokoh-tokoh rekaan tea.
Padahal mun nempu deungeun, geura toong di Inggris aya Mr. Bean, tapi
teu ieuh jadi justifikasi urang inggris teh jiga Mr. Bean. Di lembur
lain aya Don Kisot, oge teu jadi justifikasi yen bangsana teh
kalakuanana jiga Don Kisot. Tapi sabalikna, maranehna mah bisa ngajual
tokoh-tokoh jiga kitu teh, keur lahan usaha, bisa ngahirupan
masyarakatna kujalan ngapopulerkeun jadi barang nu layak jual. Ari
urang sabalikna, nalika urang hengker, eleh bersaing, hayoh
neumbleuhkeun ka si Kabayan, ka karuhun. Lain usaha, lain ngesang.
salam,
mh
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/