justru ti eta film si Kabayan teh naha teu didamel seri di televisi naha anu mahabu teh bet suami-suami takut istri ? hanjakalnya kuring can jadi trilyuner jiga aa games mun janten aa games mah moal teu didamel eta episode kabayan dugi ka #101 atanapi langkung, tong jiga nonggerak serat ka 60 ge can nonghol,
Mr Bean tokoh rekaan pemerana Artkinson tea, Charlie Chaplin oge nya kitu bisa ngahebohkeun kuring yakin Kabayan oge BISA dan sangat bisa muncul ke permukaan saratna : luluguan heula kunu nganjrek di tatar sunda ... targetna : film seri televisi di tanah air we heula eeh, ngalamun keneh.... On Fri, Sep 12, 2008 at 9:19 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > On Fri, Sep 12, 2008 at 9:09 AM, oman abdurahman <[EMAIL > PROTECTED]<omanarah%40gmail.com>> > wrote: > > Ka KT, gan Ema, Mh, Agus Roche oge sadayana anu peryogi, ieu skripsi > > Ambu Otih teh ti payun sacara lisan geus diijinkeun pikeun > > dipedalkeun. Aya minat keur medalkeun jeung nyalabarkeunana? Hayu > > atuh, keur nambahan usaha neuleuman, mertelakeun jeung ngajelaskeun > > "Si Kabayan" tea. Ceuk Kang Chaedar Al Wasilah mah nya kaasup > > revitalisasi budaya. Engke geura, lamun skripsi eta geus medal dina > > wangun buku tangtu gede harepan ngarojong medalna babaran-babaran > > (komen, sarah) kana eusina dina wangun buku deui > > > > Kang Oman, ari skripsi bade diterbitkeun mah, atuh kedah dirobih heula > janten model tulisan ilmiah populer. Jiga sensei Mikihiro, tina > desertasi, jadi buku gayemen umum. > > Perkara noong ikon tokoh Si Kabayan, ceuk uing mah cara mikir urang > sok pabeulit, nyampuradukeun karakter tokoh rekaan, boh tokoh ideal > atawa tokoh humor, jeung karakter realitas etnisna. Numatak sok loba > nu resep neumbeluhkeun kahengkeran urang sorangan ka karuhun, atawa > tokoh-tokoh rekaan tea. > > Padahal mun nempu deungeun, geura toong di Inggris aya Mr. Bean, tapi > teu ieuh jadi justifikasi urang inggris teh jiga Mr. Bean. Di lembur > lain aya Don Kisot, oge teu jadi justifikasi yen bangsana teh > kalakuanana jiga Don Kisot. Tapi sabalikna, maranehna mah bisa ngajual > tokoh-tokoh jiga kitu teh, keur lahan usaha, bisa ngahirupan > masyarakatna kujalan ngapopulerkeun jadi barang nu layak jual. Ari > urang sabalikna, nalika urang hengker, eleh bersaing, hayoh > neumbleuhkeun ka si Kabayan, ka karuhun. Lain usaha, lain ngesang. > > salam, > mh > > -- Ema Sujalma
