haturan Abah Oman...

Enya, sigana anu perlu ayeuna keur bangsa Sunda (heuheu wawanianan
nyebut bangsa) nyaeta sarupa pelatihan-pelatihan kepribadian atawa
karakter diri: ulah rendah diri, ulah elehan, ulah kuuleun, jst

eta dina palebah kuuleun aya wargi milis wastana Aschev Surasep
Wirahadikuuleun
kumah tah ? he he he

pokona mah kapayun diantos
film anyar ngeunaan Kang Kabayan,
sugan eta skripsi Ibu Otih anu bade dijantenkeun buku teh minangka
cukang lantaran kana ngageuleuyeungna program newest Si Kabayan version
boh dina layar lebar atanapi sinematronik

naros : Ibu Otih garwana Bapa Anang Sumarna ?

htr nhn,


On Fri, Sep 12, 2008 at 9:09 PM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   On Fri, Sep 12, 2008 at 9:19 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]<khs579%40gmail.com>>
> wrote:
> > On Fri, Sep 12, 2008 at 9:09 AM, oman abdurahman <[EMAIL 
> > PROTECTED]<omanarah%40gmail.com>>
> wrote:
> >> Ka KT, gan Ema, Mh, Agus Roche oge sadayana anu peryogi, ieu skripsi
> >> Ambu Otih teh ti payun sacara lisan geus diijinkeun pikeun
> >> dipedalkeun. Aya minat keur medalkeun jeung nyalabarkeunana? Hayu
> >> atuh, keur nambahan usaha neuleuman, mertelakeun jeung ngajelaskeun
> >> "Si Kabayan" tea. Ceuk Kang Chaedar Al Wasilah mah nya kaasup
> >> revitalisasi budaya. Engke geura, lamun skripsi eta geus medal dina
> >> wangun buku tangtu gede harepan ngarojong medalna babaran-babaran
> >> (komen, sarah) kana eusina dina wangun buku deui
> >>
> >
> > Kang Oman, ari skripsi bade diterbitkeun mah, atuh kedah dirobih heula
> > janten model tulisan ilmiah populer. Jiga sensei Mikihiro, tina
> > desertasi, jadi buku gayemen umum.
>
> ===> Nya Ambu Otih tos ngadinan keur diolah jadi buku, Kari prung nyieun
> timna.
>
> > Perkara noong ikon tokoh Si Kabayan, ceuk uing mah cara mikir urang
> > sok pabeulit, nyampuradukeun karakter tokoh rekaan, boh tokoh ideal
> > atawa tokoh humor, jeung karakter realitas etnisna. Numatak sok loba
> > nu resep neumbeluhkeun kahengkeran urang sorangan ka karuhun, atawa
> > tokoh-tokoh rekaan tea.
>
> ===>Enya, sigana anu perlu ayeuna keur bangsa Sunda (heuheu wawanianan
> nyebut bangsa) nyaeta sarupa pelatihan-pelatihan kepribadian atawa
> karakter diri: ulah rendah diri, ulah elehan, ulah kuuleun, jst. Teu
> kudu ngunyang ka nu sejen deui materi traing teh da dina khazanh Sund
> oge teu kurang. Contona, opat paharaman tea atawa dasapasanta, jst.
>
> > Padahal mun nempu deungeun, geura toong di Inggris aya Mr. Bean, tapi
> > teu ieuh jadi justifikasi urang inggris teh jiga Mr. Bean. Di lembur
> > lain aya Don Kisot, oge teu jadi justifikasi yen bangsana teh
> > kalakuanana jiga Don Kisot. Tapi sabalikna, maranehna mah bisa ngajual
> > tokoh-tokoh jiga kitu teh, keur lahan usaha, bisa ngahirupan
> > masyarakatna kujalan ngapopulerkeun jadi barang nu layak jual. Ari
> > urang sabalikna, nalika urang hengker, eleh bersaing, hayoh
> > neumbleuhkeun ka si Kabayan, ka karuhun. Lain usaha, lain ngesang.
>
> ===> Tah lebah dieu bagean kang Agus. Mangga geura diemutan komik si
> Kabayan atawa film si Kabayan versi anyar. Nu baheula mah, boh anu
> dibentangan ku Kang Ibing atawa ku Didi Petet pan geus kaasup jadul.
> Yakin geura, bisa.
>
> > salam,
> > mh
>
> ===>tansah miwah salam,
>
> manAR
> >
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke