urang aring merek ana....
peuting nyaring teu di .....
he he he
Kabayan mah tidak nyata tapi aya

baktos,

On Fri, Sep 12, 2008 at 2:50 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Nu matak Kang Ema, ceuk uing mah, tokoh KABAYAN teh ASET, nu pantes
> dipikareueus, warisan karuhun nu perlu dirumat, lain perkara nu matak
> jadi minder atawa gengsi. Etnis lain ge boga, tokoh jiga kitu teh, teu
> ieuh jadi bangbaluh: urang Banjar Borneo boga Si Palui, urang Pulo
> Andasa boga Pak Belalang, urang Irak boga Abunawas.
>
> salam,
> mh
>
>
> On Fri, Sep 12, 2008 at 11:28 AM, Ema Sujalma <[EMAIL 
> PROTECTED]<sujalma%40gmail.com>>
> wrote:
> > justru ti eta film si Kabayan teh naha teu didamel seri di televisi
> > naha anu mahabu teh bet suami-suami takut istri ?
> > hanjakalnya kuring can jadi trilyuner jiga aa games
> > mun janten aa games mah moal teu didamel eta episode kabayan dugi ka #101
> > atanapi langkung,
> > tong jiga nonggerak serat ka 60 ge can nonghol,
> >
> > Mr Bean tokoh rekaan pemerana Artkinson tea,
> > Charlie Chaplin oge nya kitu bisa ngahebohkeun
> > kuring yakin Kabayan oge BISA dan sangat bisa muncul ke permukaan
> > saratna : luluguan heula kunu nganjrek di tatar sunda ...
> >
> > targetna : film seri televisi di tanah air we heula
> >
> > eeh, ngalamun keneh....
> >
> >
> >
> >
> > On Fri, Sep 12, 2008 at 9:19 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]<khs579%40gmail.com>>
> wrote:
> >>
> >> On Fri, Sep 12, 2008 at 9:09 AM, oman abdurahman <[EMAIL 
> >> PROTECTED]<omanarah%40gmail.com>
> >
> >> wrote:
> >> > Ka KT, gan Ema, Mh, Agus Roche oge sadayana anu peryogi, ieu skripsi
> >> > Ambu Otih teh ti payun sacara lisan geus diijinkeun pikeun
> >> > dipedalkeun. Aya minat keur medalkeun jeung nyalabarkeunana? Hayu
> >> > atuh, keur nambahan usaha neuleuman, mertelakeun jeung ngajelaskeun
> >> > "Si Kabayan" tea. Ceuk Kang Chaedar Al Wasilah mah nya kaasup
> >> > revitalisasi budaya. Engke geura, lamun skripsi eta geus medal dina
> >> > wangun buku tangtu gede harepan ngarojong medalna babaran-babaran
> >> > (komen, sarah) kana eusina dina wangun buku deui
> >> >
> >>
> >> Kang Oman, ari skripsi bade diterbitkeun mah, atuh kedah dirobih heula
> >> janten model tulisan ilmiah populer. Jiga sensei Mikihiro, tina
> >> desertasi, jadi buku gayemen umum.
> >>
> >> Perkara noong ikon tokoh Si Kabayan, ceuk uing mah cara mikir urang
> >> sok pabeulit, nyampuradukeun karakter tokoh rekaan, boh tokoh ideal
> >> atawa tokoh humor, jeung karakter realitas etnisna. Numatak sok loba
> >> nu resep neumbeluhkeun kahengkeran urang sorangan ka karuhun, atawa
> >> tokoh-tokoh rekaan tea.
> >>
> >> Padahal mun nempu deungeun, geura toong di Inggris aya Mr. Bean, tapi
> >> teu ieuh jadi justifikasi urang inggris teh jiga Mr. Bean. Di lembur
> >> lain aya Don Kisot, oge teu jadi justifikasi yen bangsana teh
> >> kalakuanana jiga Don Kisot. Tapi sabalikna, maranehna mah bisa ngajual
> >> tokoh-tokoh jiga kitu teh, keur lahan usaha, bisa ngahirupan
> >> masyarakatna kujalan ngapopulerkeun jadi barang nu layak jual. Ari
> >> urang sabalikna, nalika urang hengker, eleh bersaing, hayoh
> >> neumbleuhkeun ka si Kabayan, ka karuhun. Lain usaha, lain ngesang.
> >>
> >> salam,
> >> mh
> >
> >
> >
> > --
> > Ema Sujalma
> >
>  
>



-- 
Ema Sujalma

Kirim email ke