Nu matak Kang Ema, ceuk uing mah, tokoh KABAYAN teh ASET, nu pantes
dipikareueus, warisan karuhun nu perlu dirumat, lain perkara nu matak
jadi minder atawa gengsi. Etnis lain ge boga, tokoh jiga kitu teh, teu
ieuh jadi bangbaluh: urang Banjar Borneo boga Si Palui, urang Pulo
Andasa boga Pak Belalang, urang Irak boga Abunawas.
salam,
mh
On Fri, Sep 12, 2008 at 11:28 AM, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> justru ti eta film si Kabayan teh naha teu didamel seri di televisi
> naha anu mahabu teh bet suami-suami takut istri ?
> hanjakalnya kuring can jadi trilyuner jiga aa games
> mun janten aa games mah moal teu didamel eta episode kabayan dugi ka #101
> atanapi langkung,
> tong jiga nonggerak serat ka 60 ge can nonghol,
>
> Mr Bean tokoh rekaan pemerana Artkinson tea,
> Charlie Chaplin oge nya kitu bisa ngahebohkeun
> kuring yakin Kabayan oge BISA dan sangat bisa muncul ke permukaan
> saratna : luluguan heula kunu nganjrek di tatar sunda ...
>
> targetna : film seri televisi di tanah air we heula
>
> eeh, ngalamun keneh....
>
>
>
>
> On Fri, Sep 12, 2008 at 9:19 AM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> On Fri, Sep 12, 2008 at 9:09 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
>> wrote:
>> > Ka KT, gan Ema, Mh, Agus Roche oge sadayana anu peryogi, ieu skripsi
>> > Ambu Otih teh ti payun sacara lisan geus diijinkeun pikeun
>> > dipedalkeun. Aya minat keur medalkeun jeung nyalabarkeunana? Hayu
>> > atuh, keur nambahan usaha neuleuman, mertelakeun jeung ngajelaskeun
>> > "Si Kabayan" tea. Ceuk Kang Chaedar Al Wasilah mah nya kaasup
>> > revitalisasi budaya. Engke geura, lamun skripsi eta geus medal dina
>> > wangun buku tangtu gede harepan ngarojong medalna babaran-babaran
>> > (komen, sarah) kana eusina dina wangun buku deui
>> >
>>
>> Kang Oman, ari skripsi bade diterbitkeun mah, atuh kedah dirobih heula
>> janten model tulisan ilmiah populer. Jiga sensei Mikihiro, tina
>> desertasi, jadi buku gayemen umum.
>>
>> Perkara noong ikon tokoh Si Kabayan, ceuk uing mah cara mikir urang
>> sok pabeulit, nyampuradukeun karakter tokoh rekaan, boh tokoh ideal
>> atawa tokoh humor, jeung karakter realitas etnisna. Numatak sok loba
>> nu resep neumbeluhkeun kahengkeran urang sorangan ka karuhun, atawa
>> tokoh-tokoh rekaan tea.
>>
>> Padahal mun nempu deungeun, geura toong di Inggris aya Mr. Bean, tapi
>> teu ieuh jadi justifikasi urang inggris teh jiga Mr. Bean. Di lembur
>> lain aya Don Kisot, oge teu jadi justifikasi yen bangsana teh
>> kalakuanana jiga Don Kisot. Tapi sabalikna, maranehna mah bisa ngajual
>> tokoh-tokoh jiga kitu teh, keur lahan usaha, bisa ngahirupan
>> masyarakatna kujalan ngapopulerkeun jadi barang nu layak jual. Ari
>> urang sabalikna, nalika urang hengker, eleh bersaing, hayoh
>> neumbleuhkeun ka si Kabayan, ka karuhun. Lain usaha, lain ngesang.
>>
>> salam,
>> mh
>
>
>
> --
> Ema Sujalma
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/