anu langkung paur kg Emha...
ngupayakeun basa SUNDA PERSATUAN...
(USKanekes ; USPriangan jeung USCirb.)
KAMI BANGSA SUNDA
MENGAKU....
MENJUNGJUNG TINGGI BAHASA PERSATUAN...
BAHASA SUNDA...!!!
Pek ,arek make Sunda nu mana...?
mun enya bersatu teh...
ari ieu malah, ber...satu..
trus ber...satu lagi, tuluy ber...satu,
haliber, sewang2an...
nya beak atuh tah...
HE33X!
....oca tea...

--- On Tue, 9/23/08, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] unek-unek
To: [email protected]
Date: Tuesday, September 23, 2008, 9:39 AM

upama ditoong dina majalah basa sunda, aya dua gaya eta teh: mangle
mah make e-butak, teu make halis, ari cupumanik mah make e-halis, make
curek tea.

perkara nulis e-halis sareng e-butak make komputer, justru kiwari mah
fasilitas keur make e-halis teh leuwih gampang. malah mun rek nulis
/eu/ diganti ku aksara tunggal ge gampil kiwarimah, misalna make
e-cetok-nangkarak atawa e-cetok-nangkub.

enya hadena mah, aya kasarageman pikeun nulis dina media citak atawa
elektronik teh. heug pilih, salah sahiji, ditulis e-halis atawa
e-dugul,

salam,
mh

On Tue, Sep 23, 2008 at 3:50 PM, deudeuh hartono
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> nitenan sababara artikel sunda, rek dina internet, koran  atawa buku
> nu rata-rata nu nulisna sarjana lulusan paguron luhur, ceuk kuring
> bet asa aya nu ngagganjel nyaeta, ihwal nulis hurup vokal "e
taling",
> diantarana aya nu make curek tiluhur jeung nu henteu make. Tapi ari
> ceuk pamanggih kuringmah teu kudu make curek, kahese-hese komo mun
> nulisna na komputer mah. Sakanyaho kuring waktu baheula keur kelas 4
> SD mun teu salah, harita e taling teh masih keneh make curek tapi
> saterusna ku guru dibejaan yen ayeuna mun nulis e taling teh teu kudu
> deui make curek, geus dirobah cenah. Kaharti oge ku kuring sanajan
> teu make curek ari bener urang sunda mah geus bisa ngabedakeun cara
> macana, contona tulisan kuring ieu, pasti kahartieun ku nu macana.
> Lain nanaon nulis kieu teh karunya ku anak kuring nu keur sakola di
> SD sok nanyakeun wae da ceuk guruna keukeuh kudu make curek, mun
> henteu sok disalahkeun.
>
>
> ------------------------------------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

------------------------------------

Yahoo! Groups Links






      

Kirim email ke