Nyakseni sakumaha anu ditepikeun ku Mh. Sakumaha numutkeun kang Dadan
Sutisna, lulusan sastra Sunda Unpad sareng sadidinten damelna di
Cupumanik (majalah basa Sunda ti Pusat Studi Sunda, kagunganana Kng
Ajip Rosidi), memang aya dua madzhab anu dua-duana sah dilarapkeun.
Anu kahiji, nyaeta anu ngabedakeun antara "e" teleng ("teleng" atawa
"taling"?) atawa "e" halis ceuk Mh tea mah alias anu make curek tea
(conto: "e" dina kecap "kaleng") jeung anu henteu ("e" pepet, conto:
"e" dina kecap "jejer"). Madzhab anu kadua, nya anu gundul tea
sadayana dina istilah Mh mah atawa anu teu make curek boh pikeun "e"
halis ("e" dina kecap "kaleng) atawa dina "e" pepet ("e" dina kecap
"jejer") alias teu ngabedakeun antara eta dua kecap vokal.
Kukituna, dina kasus anu kaalaman ku tuang putera (nujul ka pak
Hartono), sigana eta mah tugas ti Pa Guru-na wae, anu tujuanana
ngalatih nu jadi siswa sangkan mikawanoh mana anu sakuduna diucapkeun
e teleng jeung mana anu sakuduna diucapkeun e pepet.
Anapon pikahareupeun, si kuring ngarojong kan usulan Mh. Mun deug aya
kasaluyuan antara para ahli basa Sunda, laju netepkeun simbol pikeun
"e" halis, "e" pepet jeung "eu" ku hiji aksara (hurup) wae, meureun
rikrik pisan tutulisan ku basa Sunda teh. Komo lamun digunakeun deui
sistem angka 2 keur kecap anu dieja dua balikan (atawa nyiptakeun oge
tambahan simbol keur netelakeun perluna kecap dua balikan).
manAR
On Tue, Sep 23, 2008 at 11:39 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> upama ditoong dina majalah basa sunda, aya dua gaya eta teh: mangle
> mah make e-butak, teu make halis, ari cupumanik mah make e-halis, make
> curek tea.
>
> perkara nulis e-halis sareng e-butak make komputer, justru kiwari mah
> fasilitas keur make e-halis teh leuwih gampang. malah mun rek nulis
> /eu/ diganti ku aksara tunggal ge gampil kiwarimah, misalna make
> e-cetok-nangkarak atawa e-cetok-nangkub.
>
> enya hadena mah, aya kasarageman pikeun nulis dina media citak atawa
> elektronik teh. heug pilih, salah sahiji, ditulis e-halis atawa
> e-dugul,
>
> salam,
> mh
>
> On Tue, Sep 23, 2008 at 3:50 PM, deudeuh hartono
>
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> nitenan sababara artikel sunda, rek dina internet, koran atawa buku
>> nu rata-rata nu nulisna sarjana lulusan paguron luhur, ceuk kuring
>> bet asa aya nu ngagganjel nyaeta, ihwal nulis hurup vokal "e taling",
>> diantarana aya nu make curek tiluhur jeung nu henteu make. Tapi ari
>> ceuk pamanggih kuringmah teu kudu make curek, kahese-hese komo mun
>> nulisna na komputer mah. Sakanyaho kuring waktu baheula keur kelas 4
>> SD mun teu salah, harita e taling teh masih keneh make curek tapi
>> saterusna ku guru dibejaan yen ayeuna mun nulis e taling teh teu kudu
>> deui make curek, geus dirobah cenah. Kaharti oge ku kuring sanajan
>> teu make curek ari bener urang sunda mah geus bisa ngabedakeun cara
>> macana, contona tulisan kuring ieu, pasti kahartieun ku nu macana.
>> Lain nanaon nulis kieu teh karunya ku anak kuring nu keur sakola di
>> SD sok nanyakeun wae da ceuk guruna keukeuh kudu make curek, mun
>> henteu sok disalahkeun.
>>
>>
>> ------------------------------------
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/