Upami teu lepat ...
Perkawis teu kedahna halis diangge dina e taling memang aya aturanna
mung eta mah aturan dina basa Indonesia (EYD tea)
da kapungkur kantos aya pangajaran khusus EYD
geura bukaan deui buku EYD

namung upami dina kasus basa sunda
memang sim kuring ge teu acan mendakan aturan anu tertulis
kedah henteuna ditulis
ieu sigana upami memang teu acan aya aturan tertulis
janten tugas lembaga anu berwenang
hal ieu janten penting kumargi pakuat kait sareng sektor pendidikan
komo deuih kanggo barudak
upama aya nu tertulis pan bisa dicarekan tah guruna ......:)




On Wed, Sep 24, 2008 at 3:21 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Nyakseni sakumaha anu ditepikeun ku Mh. Sakumaha numutkeun kang Dadan
> Sutisna, lulusan sastra Sunda Unpad sareng sadidinten damelna di
> Cupumanik (majalah basa Sunda ti Pusat Studi Sunda, kagunganana Kng
> Ajip Rosidi), memang aya dua madzhab anu dua-duana sah dilarapkeun.
> Anu kahiji, nyaeta anu ngabedakeun antara "e" teleng ("teleng" atawa
> "taling"?) atawa "e" halis ceuk Mh tea mah alias anu make curek tea
> (conto: "e" dina kecap "kaleng") jeung anu henteu ("e" pepet, conto:
> "e" dina kecap "jejer"). Madzhab anu kadua, nya anu gundul tea
> sadayana dina istilah Mh mah atawa anu teu make curek boh pikeun "e"
> halis ("e" dina kecap "kaleng) atawa dina "e" pepet ("e" dina kecap
> "jejer") alias teu ngabedakeun antara eta dua kecap vokal.
>
> Kukituna, dina kasus anu kaalaman ku tuang putera (nujul ka pak
> Hartono), sigana eta mah tugas ti Pa Guru-na wae, anu tujuanana
> ngalatih nu jadi siswa sangkan mikawanoh mana anu sakuduna diucapkeun
> e teleng jeung mana anu sakuduna diucapkeun e pepet.
>
> Anapon pikahareupeun, si kuring ngarojong kan usulan Mh. Mun deug aya
> kasaluyuan antara para ahli basa Sunda, laju netepkeun simbol pikeun
> "e" halis, "e" pepet jeung "eu" ku hiji aksara (hurup) wae, meureun
> rikrik pisan tutulisan ku basa Sunda teh. Komo lamun digunakeun deui
> sistem angka 2 keur kecap anu dieja dua balikan (atawa nyiptakeun oge
> tambahan simbol keur netelakeun perluna kecap dua balikan).
>
> manAR
>
>
> On Tue, Sep 23, 2008 at 11:39 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]<khs579%40gmail.com>>
> wrote:
> > upama ditoong dina majalah basa sunda, aya dua gaya eta teh: mangle
> > mah make e-butak, teu make halis, ari cupumanik mah make e-halis, make
> > curek tea.
> >
> > perkara nulis e-halis sareng e-butak make komputer, justru kiwari mah
> > fasilitas keur make e-halis teh leuwih gampang. malah mun rek nulis
> > /eu/ diganti ku aksara tunggal ge gampil kiwarimah, misalna make
> > e-cetok-nangkarak atawa e-cetok-nangkub.
> >
> > enya hadena mah, aya kasarageman pikeun nulis dina media citak atawa
> > elektronik teh. heug pilih, salah sahiji, ditulis e-halis atawa
> > e-dugul,
> >
> > salam,
> > mh
> >
> > On Tue, Sep 23, 2008 at 3:50 PM, deudeuh hartono
> >
> > <[EMAIL PROTECTED] <s_two.hartono%40yahoo.com>> wrote:
> >> nitenan sababara artikel sunda, rek dina internet, koran atawa buku
> >> nu rata-rata nu nulisna sarjana lulusan paguron luhur, ceuk kuring
> >> bet asa aya nu ngagganjel nyaeta, ihwal nulis hurup vokal "e taling",
> >> diantarana aya nu make curek tiluhur jeung nu henteu make. Tapi ari
> >> ceuk pamanggih kuringmah teu kudu make curek, kahese-hese komo mun
> >> nulisna na komputer mah. Sakanyaho kuring waktu baheula keur kelas 4
> >> SD mun teu salah, harita e taling teh masih keneh make curek tapi
> >> saterusna ku guru dibejaan yen ayeuna mun nulis e taling teh teu kudu
> >> deui make curek, geus dirobah cenah. Kaharti oge ku kuring sanajan
> >> teu make curek ari bener urang sunda mah geus bisa ngabedakeun cara
> >> macana, contona tulisan kuring ieu, pasti kahartieun ku nu macana.
> >> Lain nanaon nulis kieu teh karunya ku anak kuring nu keur sakola di
> >> SD sok nanyakeun wae da ceuk guruna keukeuh kudu make curek, mun
> >> henteu sok disalahkeun.
> >>
> >>
> >> ------------------------------------
> >>
> >> Yahoo! Groups Links
> >>
> >>
> >>
> >>
> >
> >
>  
>

Kirim email ke