tah geuning ...rada ngangkleung...
dengkleung dengdek buah kopi rarangggeuyan 
ingkeun anu dewek ulah pati diheureuyan

dialek oge sosiolek atanapi dialek geografis tos mental template masyarakat 
budaya nandakeun wewengkon2na (cluster budaya) justru eta kekayaan 
(pembedaharaan) budaya. Oge membuka lapangan seluas2na ke arah studi linguistik

hatur uninga bae...rehna nu namina "FONEM" teh penting pisan./ ngan satu digit  
tatapi mampu membedakan budaya, atau dgn kata lain menjadi PENANDA BATAS AMBANG 
BUDAYA

AMBU 



----- Original Message ----
From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, September 24, 2008 4:46:03 AM
Subject: Re: [kisunda] unek-unek


bah oca, ari toongan sim uing mah, dina perkara cara ngaekspresikeun
basa dina wangun tulisan mah, penting ayana standard teh. sabab bisa
dijadikeun patokan, ngarah nu maca teu kaliru ngainterpretasikeun ana.

nya ari basa lisan mah, tos kudratna tiap wewengkon oge aya dialekna.
da sakabeh basa oge kitu, lain basa sunda wae. apan basa urang kulon
oge, aya gaya amrik, aya gaya ingris, aya gaya ostrali, masing-masing
dialekna teu sami. nu matak wacana "basa sunda persatuan" jigana asa
teu perlu. keun we tiap daerah sina motekar masing-masing.

salam,
mh

On Wed, Sep 24, 2008 at 2:09 AM, Roza Rahmadjasa Mintaredja
<roza.kalasunda@ yahoo.com> wrote:
> anu langkung paur kg Emha...
> ngupayakeun basa SUNDA PERSATUAN...
> (USKanekes ; USPriangan jeung USCirb.)
> KAMI BANGSA SUNDA
> MENGAKU....
> MENJUNGJUNG TINGGI BAHASA PERSATUAN...
> BAHASA SUNDA...!!!
> Pek ,arek make Sunda nu mana...?
> mun enya bersatu teh...
> ari ieu malah, ber...satu..
> trus ber...satu lagi, tuluy ber...satu,
> haliber, sewang2an...
> nya beak atuh tah...
> HE33X!
> ...oca tea...
>
> --- On Tue, 9/23/08, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> From: mh <[EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: Re: [kisunda] unek-unek
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Date: Tuesday, September 23, 2008, 9:39 AM
>
> upama ditoong dina majalah basa sunda, aya dua gaya eta teh: mangle
> mah make e-butak, teu make halis, ari
>  cupumanik mah make e-halis, make
> curek tea.
>
> perkara nulis e-halis sareng e-butak make komputer, justru kiwari mah
> fasilitas keur make e-halis teh leuwih gampang. malah mun rek nulis
> /eu/ diganti ku aksara tunggal ge gampil kiwarimah, misalna make
> e-cetok-nangkarak atawa e-cetok-nangkub.
>
> enya hadena mah, aya kasarageman pikeun nulis dina media citak atawa
> elektronik teh. heug pilih, salah sahiji, ditulis e-halis atawa
> e-dugul,
>
> salam,
> mh
>
> On Tue, Sep 23, 2008 at 3:50 PM, deudeuh hartono
> <s_two.hartono@ yahoo.com> wrote:
>> nitenan sababara artikel sunda, rek dina internet, koran  atawa buku
>> nu rata-rata nu nulisna sarjana lulusan paguron luhur, ceuk kuring
>> bet asa aya nu ngagganjel nyaeta, ihwal nulis hurup vokal "e
> taling",
>> diantarana aya nu make curek tiluhur jeung nu henteu make. Tapi ari
>> ceuk pamanggih kuringmah teu kudu make curek, kahese-hese komo
>  mun
>> nulisna na komputer mah. Sakanyaho kuring waktu baheula keur kelas 4
>> SD mun teu salah, harita e taling teh masih keneh make curek tapi
>> saterusna ku guru dibejaan yen ayeuna mun nulis e taling teh teu kudu
>> deui make curek, geus dirobah cenah. Kaharti oge ku kuring sanajan
>> teu make curek ari bener urang sunda mah geus bisa ngabedakeun cara
>> macana, contona tulisan kuring ieu, pasti kahartieun ku nu macana.
>> Lain nanaon nulis kieu teh karunya ku anak kuring nu keur sakola di
>> SD sok nanyakeun wae da ceuk guruna keukeuh kudu make curek, mun
>> henteu sok disalahkeun.
>>
>>
>> ------------ --------- --------- ------
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>
> ------------ --------- --------- ------
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
> 
    


      

Kirim email ke