Waktu keur di Bandung, kuring manggihan jalan nu ngaranna Cikapayang; anu ampir
saban poé kaliwatan waktu ngaliwat jalan Dago mangsa mulang ti kampus ka imah.
Waktu harita kuring teu boga kahayang pikeun nyaho naon hartina kapayang téh.
Henteu tatanya ka batur ogé henteu nyungsi hartina dina kamus basa Sunda da teu
boga téa.
Kabeneran minggu kamari macaan kamus. Kabeneran kuring mukaan kaca nu
nerangkeun kecap nu dimimitian ku aksara “k”. Beut kabeneran kuring anjog kana
katerangan ngeunaan kecap kapayang. Gening kapayang téh ngaran hiji tuwuhan.
Teu cukup ku nyuksruk hartina dina kamus basa Sunda, kuring nyobaan nyungsi ieu
kecap di Internét. Kuring boga kayakinan yén ieu kecap aya basa Indonesiana.
Lamun dina basa Indonesia biasana "ka" dina basa Sunda téh sarua jeung "ke".
Nya buleud haté nyungsi kecap “kepayang” dina wikipedia basa Indonésia. Bagja
kumayangan, gening aya tumbu kana artikel “kemayang” dina wikipedia basa
Indinésia téh. Horéng téh kamayang dina wikipedia Indonésia mah gening tangkal
nu sikina dijadikeun bungbu rawon anu ngabalukarkeun rawon warnana hideung.
?Kepayang
Gambar:Kluwek pkl 040907 lolg.jpg
Tumpukan buah kepayang siap dikokolakeun
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Ordo: Malpighiales
Famili: Acariaceae
Génus: Pangium
Spésiés: P. edule
Ngaran binomial
Pangium edule
Reinw. ex Blume
Kapayang, (Pangium edule Reinw. ex Blume; sélér (suku) Acariaceae, tiheula
diasupkeun kana Flacourtiaceae) nyaéta tuwuhan anu tumuwuh liar atawa satengah
liar. Sajab ti kapayang, urang Sunda mere ogé ngaran picung atawa pucung.
Siki kapayang dipaké jadi samara asakan Indonésia anu ngahasilkeun warna
hideung dina rawon jeung sop konro. Sikina, anu ngabogaan palapis siki anu bisa
didahar, lamun atah pohara ngandung racun alatan ngandung asam sianida dina
konséntrasi anu luhur. Lamun didahar dina jumlah nu tangtu siki kapayang baris
ngabalukarkeun lieur (mabok).
Siki kapayang siap dijual di pasar.
Racun dina siki ieu bisa dipaké pikeun racun dina mata panah. Siki kapayang
aman dikokolakeun pikeun kadaharan lamun geus dikulub sarta dikeueum leuwih
tiheula.
Kai pepelakan ieu ogé bernilai ékonomi, kalawan beurat jenis 450-1000kg.m-3.
Babasan "mabok kepayang" dina basa Malayu/Indonesia dipaké pikeun ngagambarkeun
kaayaan hiji jalma anu keur ragrag asih sahingga henteu sanggup mikir sacara
logis.
Tapi waktu isuk-isuk dina poé ieu kuring nyuksruk mesin panyungsi yahoo, kuring
meunang tumbu kana artikel dina wikipedia basa Inggris, gening kamayang téh
boga basa ilmiah "hodgsonia", béda jeung kapayang anu dimaksud dina wikipedia
basa Indonesia.
?Hodgsonia
Hodgsonia heteroclita fruit
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Ordo: Cucurbitales
Famili: Cucurbitaceae
Subfamili: Cucurbitoideae
Tribe: Trichosantheae
Subtribe: Hodgsoniinae
C. Jeffrey 1962
Génus: Hodgsonia
Hook.f. & Thomson 1853
Species
Hodgsonia heteroclita
Hodgsonia macrocarpa
Hodgsonia nyaéta sabangsaning tangkal pineus anu buahan dina kulawarga
Cucurbitaceae.
Ngaran Hodgsonia dicokot tina ngaran Brian Houghton Hodgson dina taun 1853 ku
ahli botani Inggris Joseph Dalton Hooker jeung Thomas Thomson (1817-1878), anu
nalungtik tangkal kasebut di balé kaséhatan Hodgson di Himalaya.
Cing baraya, sugan aya nu terang sarta tiasa negeskeun, tangkal mana anu
dimaksud kapayang dina basa Sunda the.
Salam, Asep