sumuhun Abah OMAN
urang Sunda mah simpel tapi keuna oge representatif ti mangsa tarumanagara keneh
numawi dinamian taruma oge apan sisi Ci Tarum..anu seu-eur indigo (tarum) da 
jaman baheula mah utaina hunian teh milih sisi cai...caket cai, atanapi gejala 
pertama anu nembrak ku jami nu mitembeyan dumuk didinya  

mung aya oge ku suburna taneuh (lendo) sagala tutuwuhan aya oge mangpaat ...cur 
cor cai boh tutuwuhan boh aquatic ngalayah...numawi namina janten CIAMIS 
(heheheh bangga weee ka lembur sorangan mah)

 abdi janten emut GARUT tah, Abah Oman...dugi ka ayeuna di wetan aya tuangeun 
nu didamel tina aci garut...emh meni pulen (matak ngacay). Tapi naha ari di 
GARUT na mah nteu aya, cing punten Abah....manawi uninga 


Hatur nuhun

Tabe pun

AMBU 



----- Original Message ----
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, September 24, 2008 10:26:42 AM
Subject: Re: [kisunda] Kapayang


Hatur nuhun Kang Asep,

Karek apal, horeng Kapayang teh Picung tea. Ari tangkal jeung buah
Picung mah geus ti keur budak keneh apal. Muhun, buah Picung kedah
diolah heula samemeh dipasak. Buah anu ngora tiasa dioseng wae masakna
atawa campur sareng bahan sanesna. Anapon anu geus kolot - warnana
jadi hideung - eta biasana disambel, atawa, lamun ku urang wetan mah
(Jatim utamana) dijadikeun bahan bumbu rawon tea. Lah, na bulan puasa
kieu nyaritakeun kadaharan nya? Teu nanaon meureun da ieu mah dina
raraga ngelmu tea.

Horeng Kapayang teh Picung. Sigana di sabudeureun wewengkon Cikapayang
ayeuna baheulana ngabadeg tangkal Picung. Atawa, aya tangkal Picung
anu cukup sohor baheula di wewengkon eta. Ayeuna mah beulah dinya teh
geus ngajegir jalan gede anu brasna ka rawayan Tamansari tea (rawayan
atawa sasak anu ngahubungkeun wewengkon Balubur jeung wewengkon Jl.
Cihampelas, meuntas walungan sohor di Kota Bandung: Cikapundung.

Pependakan Kang Asep ngeunaan jejer "Kapayang" negeskeun deui yen
asal-usul aran di Tatar Sunda loba pisan anu pakuat-pakait jeung aran
tutuwuhan atawa sasatoan. Toponomi ieu kacida pentingna pikeun
panalungtikan widang paelmuan sejenna. Mangga, diantos pependakan nu
sanesna.

manAR

On Wed, Sep 24, 2008 at 9:31 AM, Aschev Schuraschev
<[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> Waktu keur di Bandung, kuring manggihan jalan nu ngaranna Cikapayang; anu
> ampir saban poé kaliwatan waktu ngaliwat jalan Dago mangsa mulang ti kampus
> ka imah.
>
>
>
> Waktu harita kuring teu boga kahayang pikeun nyaho naon hartina kapayang
> téh. Henteu tatanya ka batur ogé henteu nyungsi hartina dina kamus basa
> Sunda da teu boga téa.
>
>
>
> Kabeneran minggu kamari macaan kamus. Kabeneran kuring mukaan kaca nu
> nerangkeun kecap nu dimimitian ku aksara "k". Beut kabeneran kuring anjog
> kana katerangan ngeunaan kecap kapayang. Gening kapayang téh ngaran hiji
> tuwuhan. Teu cukup ku nyuksruk hartina dina kamus basa Sunda, kuring nyobaan
> nyungsi ieu kecap di Internét. Kuring boga kayakinan yén ieu kecap aya basa
> Indonesiana. Lamun dina basa Indonesia biasana "ka" dina basa Sunda téh
> sarua jeung "ke". Nya buleud haté nyungsi kecap "kepayang" dina wikipedia
> basa Indonésia. Bagja kumayangan, gening aya tumbu kana artikel "kemayang"
> dina wikipedia basa Indinésia téh. Horéng téh kamayang dina wikipedia
> Indonésia mah gening tangkal nu sikina dijadikeun bungbu rawon anu
> ngabalukarkeun rawon warnana hideung.
>
>
>
>
>
> ?
> Kepayang
> Gambar:Kluwek pkl 040907 lolg.jpg
> Tumpukan buah kepayang siap dikokolakeun
> Klasifikasi ilmiah
> Kingdom:Plantae
> Divisi:Magnoliophyt a
> Kelas:Magnoliopsida
> Ordo:Malpighiales
> Famili:Acariaceae
> Génus:Pangium
> Spésiés:P. edule
> Ngaran binomial
> Pangium edule
> Reinw. ex Blume
>
> Kapayang, (Pangium edule Reinw. ex Blume; sélér (suku) Acariaceae, tiheula
> diasupkeun kana Flacourtiaceae) nyaéta tuwuhan anu tumuwuh liar atawa
> satengah liar. Sajab ti kapayang, urang Sunda mere ogé ngaran picung atawa
> pucung.
>
> Siki kapayang dipaké jadi samara asakan Indonésia anu ngahasilkeun warna
> hideung dina rawon jeung sop konro. Sikina, anu ngabogaan palapis siki anu
> bisa didahar, lamun atah pohara ngandung racun alatan ngandung asam sianida
> dina konséntrasi anu luhur. Lamun didahar dina jumlah nu tangtu siki
> kapayang baris ngabalukarkeun lieur (mabok).
>
>
>
>
>
> Siki kapayang siap dijual di pasar.
>
>
>
>
>
> Racun dina siki ieu bisa dipaké pikeun racun dina mata panah. Siki kapayang
> aman dikokolakeun pikeun kadaharan lamun geus dikulub sarta dikeueum leuwih
> tiheula.
>
> Kai pepelakan ieu ogé bernilai ékonomi, kalawan beurat jenis 450-1000kg.m- 3.
>
> Babasan "mabok kepayang" dina basa Malayu/Indonesia dipaké pikeun
> ngagambarkeun kaayaan hiji jalma anu keur ragrag asih sahingga henteu
> sanggup mikir sacara logis.
>
>
>
> Tapi waktu isuk-isuk dina poé ieu kuring nyuksruk mesin panyungsi yahoo,
> kuring meunang tumbu kana artikel dina wikipedia basa Inggris, gening
> kamayang téh boga basa ilmiah "hodgsonia", béda jeung kapayang anu dimaksud
> dina wikipedia basa Indonesia.
>
> ?
> Hodgsonia
> Hodgsonia heteroclita fruit
> Klasifikasi ilmiah
> Kingdom:Plantae
> Divisi:Magnoliophyt a
> Kelas:Magnoliopsida
> Ordo:Cucurbitales
> Famili:Cucurbitacea e
> Subfamili:Cucurbito ideae
> Tribe:Trichosanthea e
> Subtribe:Hodgsoniin ae
> C. Jeffrey 1962
> Génus:Hodgsonia
> Hook.f. & Thomson 1853
> Species
> Hodgsonia heteroclita
> Hodgsonia macrocarpa
>
> Hodgsonia nyaéta sabangsaning tangkal pineus anu buahan dina kulawarga
> Cucurbitaceae.
>
>
>
> Ngaran Hodgsonia dicokot tina ngaran Brian Houghton Hodgson dina taun 1853
> ku ahli botani Inggris Joseph Dalton Hooker jeung Thomas Thomson
> (1817-1878), anu nalungtik tangkal kasebut di balé kaséhatan Hodgson di
> Himalaya.
>
>
>
> Cing baraya, sugan aya nu terang sarta tiasa negeskeun, tangkal mana anu
> dimaksud kapayang dina basa Sunda the.
>
>
>
> Salam, Asep
>
>
>
> 
    


      

Kirim email ke