Kang Asep sareng Kang Oman etamah wewengkon kuring keur leutik. Enya ngaran jalan tina tatangkalan, sasatoan, manusa , dayeuh , cai, taneuh ciciren jati diri eta nu hirup di tatar sunda.
Sim kuring mah pituin Bandung tingawitan "Onder Kalektor" abad 14san kaluhur dipuser talaga Bandung nu ayeuna Jalan Abah Oto. Teras nyangkreung di wewengkon Lebak Larang \ Dago tengah Jl Dipati Ukur Prabu Siliwangi Cokapayang Eta rorompok masih aya keneh enya oge sa menel taneuhna da tos kadesek ku urang deungeun2. Cing Ambu naon harti Lebak Larang teh? Eta wewengkon tos janten kawasan bisnis , pendidikan jeung pamarentahan. Malihmah hareupeun imah kuring arek aya rencana hotel bintang lima. Teras der deui Babakan siliwangi erek jadi peruntukan lahan komersil. Jiganamah ieu Lebak Larang titinggal tatapak Sribaduga. Da aya jalan Silwangi nyambung ka jalan Cihampelas jalan DipatiUkur. Deudeuh teuing lembur uing sok mani waas ditingali ti New York City. Kang Yana Sent via BlackBerry from T-Mobile -----Original Message----- From: "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> Date: Wed, 24 Sep 2008 10:26:42 To: <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Kapayang Hatur nuhun Kang Asep, Karek apal, horeng Kapayang teh Picung tea. Ari tangkal jeung buah Picung mah geus ti keur budak keneh apal. Muhun, buah Picung kedah diolah heula samemeh dipasak. Buah anu ngora tiasa dioseng wae masakna atawa campur sareng bahan sanesna. Anapon anu geus kolot - warnana jadi hideung - eta biasana disambel, atawa, lamun ku urang wetan mah (Jatim utamana) dijadikeun bahan bumbu rawon tea. Lah, na bulan puasa kieu nyaritakeun kadaharan nya? Teu nanaon meureun da ieu mah dina raraga ngelmu tea. Horeng Kapayang teh Picung. Sigana di sabudeureun wewengkon Cikapayang ayeuna baheulana ngabadeg tangkal Picung. Atawa, aya tangkal Picung anu cukup sohor baheula di wewengkon eta. Ayeuna mah beulah dinya teh geus ngajegir jalan gede anu brasna ka rawayan Tamansari tea (rawayan atawa sasak anu ngahubungkeun wewengkon Balubur jeung wewengkon Jl. Cihampelas, meuntas walungan sohor di Kota Bandung: Cikapundung. Pependakan Kang Asep ngeunaan jejer "Kapayang" negeskeun deui yen asal-usul aran di Tatar Sunda loba pisan anu pakuat-pakait jeung aran tutuwuhan atawa sasatoan. Toponomi ieu kacida pentingna pikeun panalungtikan widang paelmuan sejenna. Mangga, diantos pependakan nu sanesna. manAR On Wed, Sep 24, 2008 at 9:31 AM, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Waktu keur di Bandung, kuring manggihan jalan nu ngaranna Cikapayang; anu > ampir saban po� kaliwatan waktu ngaliwat jalan Dago mangsa mulang ti kampus > ka imah. > > > > Waktu harita kuring teu boga kahayang pikeun nyaho naon hartina kapayang > t�h. Henteu tatanya ka batur og� henteu nyungsi hartina dina kamus basa > Sunda da teu boga t�a. > > > > Kabeneran minggu kamari macaan kamus. Kabeneran kuring mukaan kaca nu > nerangkeun kecap nu dimimitian ku aksara "k". Beut kabeneran kuring anjog > kana katerangan ngeunaan kecap kapayang. Gening kapayang t�h ngaran hiji > tuwuhan. Teu cukup ku nyuksruk hartina dina kamus basa Sunda, kuring nyobaan > nyungsi ieu kecap di Intern�t. Kuring boga kayakinan y�n ieu kecap aya basa > Indonesiana. Lamun dina basa Indonesia biasana "ka" dina basa Sunda t�h > sarua jeung "ke". Nya buleud hat� nyungsi kecap "kepayang" dina wikipedia > basa Indon�sia. Bagja kumayangan, gening aya tumbu kana artikel "kemayang" > dina wikipedia basa Indin�sia t�h. Hor�ng t�h kamayang dina wikipedia > Indon�sia mah gening tangkal nu sikina dijadikeun bungbu rawon anu > ngabalukarkeun rawon warnana hideung. > > > > > > ? > Kepayang > Gambar:Kluwek pkl 040907 lolg.jpg > Tumpukan buah kepayang siap dikokolakeun > Klasifikasi ilmiah > Kingdom:Plantae > Divisi:Magnoliophyta > Kelas:Magnoliopsida > Ordo:Malpighiales > Famili:Acariaceae > G�nus:Pangium > Sp�si�s:P. edule > Ngaran binomial > Pangium edule > Reinw. ex Blume > > Kapayang, (Pangium edule Reinw. ex Blume; s�l�r (suku) Acariaceae, tiheula > diasupkeun kana Flacourtiaceae) nya�ta tuwuhan anu tumuwuh liar atawa > satengah liar. Sajab ti kapayang, urang Sunda mere og� ngaran picung atawa > pucung. > > Siki kapayang dipak� jadi samara asakan Indon�sia anu ngahasilkeun warna > hideung dina rawon jeung sop konro. Sikina, anu ngabogaan palapis siki anu > bisa didahar, lamun atah pohara ngandung racun alatan ngandung asam sianida > dina kons�ntrasi anu luhur. Lamun didahar dina jumlah nu tangtu siki > kapayang baris ngabalukarkeun lieur (mabok). > > > > > > Siki kapayang siap dijual di pasar. > > > > > > Racun dina siki ieu bisa dipak� pikeun racun dina mata panah. Siki kapayang > aman dikokolakeun pikeun kadaharan lamun geus dikulub sarta dikeueum leuwih > tiheula. > > Kai pepelakan ieu og� bernilai �konomi, kalawan beurat jenis 450-1000kg.m-3. > > Babasan "mabok kepayang" dina basa Malayu/Indonesia dipak� pikeun > ngagambarkeun kaayaan hiji jalma anu keur ragrag asih sahingga henteu > sanggup mikir sacara logis. > > > > Tapi waktu isuk-isuk dina po� ieu kuring nyuksruk mesin panyungsi yahoo, > kuring meunang tumbu kana artikel dina wikipedia basa Inggris, gening > kamayang t�h boga basa ilmiah "hodgsonia", b�da jeung kapayang anu dimaksud > dina wikipedia basa Indonesia. > > ? > Hodgsonia > Hodgsonia heteroclita fruit > Klasifikasi ilmiah > Kingdom:Plantae > Divisi:Magnoliophyta > Kelas:Magnoliopsida > Ordo:Cucurbitales > Famili:Cucurbitaceae > Subfamili:Cucurbitoideae > Tribe:Trichosantheae > Subtribe:Hodgsoniinae > C. Jeffrey 1962 > G�nus:Hodgsonia > Hook.f. & Thomson 1853 > Species > Hodgsonia heteroclita > Hodgsonia macrocarpa > > Hodgsonia nya�ta sabangsaning tangkal pineus anu buahan dina kulawarga > Cucurbitaceae. > > > > Ngaran Hodgsonia dicokot tina ngaran Brian Houghton Hodgson dina taun 1853 > ku ahli botani Inggris Joseph Dalton Hooker jeung Thomas Thomson > (1817-1878), anu nalungtik tangkal kasebut di bal� kas�hatan Hodgson di > Himalaya. > > > > Cing baraya, sugan aya nu terang sarta tiasa negeskeun, tangkal mana anu > dimaksud kapayang dina basa Sunda the. > > > > Salam, Asep > > > >
