tah Abah simkuring anu diwetan teh nuju *mabuk kepayang* ku kasundaan !

hatur nuhun,



On Wed, Sep 24, 2008 at 10:26 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>wrote:

>   Hatur nuhun Kang Asep,
>
> Karek apal, horeng Kapayang teh Picung tea. Ari tangkal jeung buah
> Picung mah geus ti keur budak keneh apal. Muhun, buah Picung kedah
> diolah heula samemeh dipasak. Buah anu ngora tiasa dioseng wae masakna
> atawa campur sareng bahan sanesna. Anapon anu geus kolot - warnana
> jadi hideung - eta biasana disambel, atawa, lamun ku urang wetan mah
> (Jatim utamana) dijadikeun bahan bumbu rawon tea. Lah, na bulan puasa
> kieu nyaritakeun kadaharan nya? Teu nanaon meureun da ieu mah dina
> raraga ngelmu tea.
>
> Horeng Kapayang teh Picung. Sigana di sabudeureun wewengkon Cikapayang
> ayeuna baheulana ngabadeg tangkal Picung. Atawa, aya tangkal Picung
> anu cukup sohor baheula di wewengkon eta. Ayeuna mah beulah dinya teh
> geus ngajegir jalan gede anu brasna ka rawayan Tamansari tea (rawayan
> atawa sasak anu ngahubungkeun wewengkon Balubur jeung wewengkon Jl.
> Cihampelas, meuntas walungan sohor di Kota Bandung: Cikapundung.
>
> Pependakan Kang Asep ngeunaan jejer "Kapayang" negeskeun deui yen
> asal-usul aran di Tatar Sunda loba pisan anu pakuat-pakait jeung aran
> tutuwuhan atawa sasatoan. Toponomi ieu kacida pentingna pikeun
> panalungtikan widang paelmuan sejenna. Mangga, diantos pependakan nu
> sanesna.
>
> manAR
>
>
> On Wed, Sep 24, 2008 at 9:31 AM, Aschev Schuraschev
> <[EMAIL PROTECTED] <aschevetea%40yahoo.com>> wrote:
> > Waktu keur di Bandung, kuring manggihan jalan nu ngaranna Cikapayang; anu
> > ampir saban poé kaliwatan waktu ngaliwat jalan Dago mangsa mulang ti
> kampus
> > ka imah.
> >
> >
> >
> > Waktu harita kuring teu boga kahayang pikeun nyaho naon hartina kapayang
> > téh. Henteu tatanya ka batur ogé henteu nyungsi hartina dina kamus basa
> > Sunda da teu boga téa.
> >
> >
> >
> > Kabeneran minggu kamari macaan kamus. Kabeneran kuring mukaan kaca nu
> > nerangkeun kecap nu dimimitian ku aksara "k". Beut kabeneran kuring anjog
> > kana katerangan ngeunaan kecap kapayang. Gening kapayang téh ngaran hiji
> > tuwuhan. Teu cukup ku nyuksruk hartina dina kamus basa Sunda, kuring
> nyobaan
> > nyungsi ieu kecap di Internét. Kuring boga kayakinan yén ieu kecap aya
> basa
> > Indonesiana. Lamun dina basa Indonesia biasana "ka" dina basa Sunda téh
> > sarua jeung "ke". Nya buleud haté nyungsi kecap "kepayang" dina wikipedia
> > basa Indonésia. Bagja kumayangan, gening aya tumbu kana artikel
> "kemayang"
> > dina wikipedia basa Indinésia téh. Horéng téh kamayang dina wikipedia
> > Indonésia mah gening tangkal nu sikina dijadikeun bungbu rawon anu
> > ngabalukarkeun rawon warnana hideung.
> >
> >
> >
> >
> >
> > ?
> > Kepayang
> > Gambar:Kluwek pkl 040907 lolg.jpg
> > Tumpukan buah kepayang siap dikokolakeun
> > Klasifikasi ilmiah
> > Kingdom:Plantae
> > Divisi:Magnoliophyta
> > Kelas:Magnoliopsida
> > Ordo:Malpighiales
> > Famili:Acariaceae
> > Génus:Pangium
> > Spésiés:P. edule
> > Ngaran binomial
> > Pangium edule
> > Reinw. ex Blume
> >
> > Kapayang, (Pangium edule Reinw. ex Blume; sélér (suku) Acariaceae,
> tiheula
> > diasupkeun kana Flacourtiaceae) nyaéta tuwuhan anu tumuwuh liar atawa
> > satengah liar. Sajab ti kapayang, urang Sunda mere ogé ngaran picung
> atawa
> > pucung.
> >
> > Siki kapayang dipaké jadi samara asakan Indonésia anu ngahasilkeun warna
> > hideung dina rawon jeung sop konro. Sikina, anu ngabogaan palapis siki
> anu
> > bisa didahar, lamun atah pohara ngandung racun alatan ngandung asam
> sianida
> > dina konséntrasi anu luhur. Lamun didahar dina jumlah nu tangtu siki
> > kapayang baris ngabalukarkeun lieur (mabok).
> >
> >
> >
> >
> >
> > Siki kapayang siap dijual di pasar.
> >
> >
> >
> >
> >
> > Racun dina siki ieu bisa dipaké pikeun racun dina mata panah. Siki
> kapayang
> > aman dikokolakeun pikeun kadaharan lamun geus dikulub sarta dikeueum
> leuwih
> > tiheula.
> >
> > Kai pepelakan ieu ogé bernilai ékonomi, kalawan beurat jenis
> 450-1000kg.m-3.
> >
> > Babasan "mabok kepayang" dina basa Malayu/Indonesia dipaké pikeun
> > ngagambarkeun kaayaan hiji jalma anu keur ragrag asih sahingga henteu
> > sanggup mikir sacara logis.
> >
> >
> >
> > Tapi waktu isuk-isuk dina poé ieu kuring nyuksruk mesin panyungsi yahoo,
> > kuring meunang tumbu kana artikel dina wikipedia basa Inggris, gening
> > kamayang téh boga basa ilmiah "hodgsonia", béda jeung kapayang anu
> dimaksud
> > dina wikipedia basa Indonesia.
> >
> > ?
> > Hodgsonia
> > Hodgsonia heteroclita fruit
> > Klasifikasi ilmiah
> > Kingdom:Plantae
> > Divisi:Magnoliophyta
> > Kelas:Magnoliopsida
> > Ordo:Cucurbitales
> > Famili:Cucurbitaceae
> > Subfamili:Cucurbitoideae
> > Tribe:Trichosantheae
> > Subtribe:Hodgsoniinae
> > C. Jeffrey 1962
> > Génus:Hodgsonia
> > Hook.f. & Thomson 1853
> > Species
> > Hodgsonia heteroclita
> > Hodgsonia macrocarpa
> >
> > Hodgsonia nyaéta sabangsaning tangkal pineus anu buahan dina kulawarga
> > Cucurbitaceae.
> >
> >
> >
> > Ngaran Hodgsonia dicokot tina ngaran Brian Houghton Hodgson dina taun
> 1853
> > ku ahli botani Inggris Joseph Dalton Hooker jeung Thomas Thomson
> > (1817-1878), anu nalungtik tangkal kasebut di balé kaséhatan Hodgson di
> > Himalaya.
> >
> >
> >
> > Cing baraya, sugan aya nu terang sarta tiasa negeskeun, tangkal mana anu
> > dimaksud kapayang dina basa Sunda the.
> >
> >
> >
> > Salam, Asep
> >
> >
> >
> >
>  
>



-- 
Eminx

http://www.saatchi-gallery.co.uk/yourgallery/artist_profile//95268.html

Kirim email ke