tah Kang Asep anu namina pangalaman diajar rigorus teh sapertos kitu nyaeta nyukcruk alur dugi ka akar2na...dugi ka nu teu tiasa ditaroskeun deui nyaeta berpikir, mencari dan belajar dalam sistem (holistik) janten kapendak dugi ka bukur2na...
contoh kecil tetapi merupakan pengalaman kepuasan dengan jiwa belajar yang tinggi wilujeng nya Kang ASEP, nu kieu nu kdahna nu janten budaya SUNDA dan karuhun urang ge kitu janten dina oge kana sagalarupi teh teu padu japrot. Margi sagala rupi anu nampak sebagai gejala tehy saleresna SIMBOL anu kdah dibaca dengan persepsi yang komprehensif. Di sinilah manusia sebagai ANIMAL SIMBOLICUM = mahluk yang mampu membaca simbol sakali deui wlujeng...reu-eus pisan AMBU ----- Original Message ---- From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, September 24, 2008 9:31:48 AM Subject: [kisunda] Kapayang Waktu keur di Bandung, kuring manggihan jalan nu ngaranna Cikapayang; anu ampir saban poé kaliwatan waktu ngaliwat jalan Dago mangsa mulang ti kampus ka imah. Waktu harita kuring teu boga kahayang pikeun nyaho naon hartina kapayang téh. Henteu tatanya ka batur ogé henteu nyungsi hartina dina kamus basa Sunda da teu boga téa. Kabeneran minggu kamari macaan kamus. Kabeneran kuring mukaan kaca nu nerangkeun kecap nu dimimitian ku aksara “k”. Beut kabeneran kuring anjog kana katerangan ngeunaan kecap kapayang. Gening kapayang téh ngaran hiji tuwuhan. Teu cukup ku nyuksruk hartina dina kamus basa Sunda, kuring nyobaan nyungsi ieu kecap di Internét. Kuring boga kayakinan yén ieu kecap aya basa Indonesiana. Lamun dina basa Indonesia biasana "ka" dina basa Sunda téh sarua jeung "ke". Nya buleud haté nyungsi kecap “kepayang” dina wikipedia basa Indonésia. Bagja kumayangan, gening aya tumbu kana artikel “kemayang” dina wikipedia basa Indinésia téh. Horéng téh kamayang dina wikipedia Indonésia mah gening tangkal nu sikina dijadikeun bungbu rawon anu ngabalukarkeun rawon warnana hideung. ?Kepayang Gambar:Kluwek pkl 040907 lolg.jpg Tumpukan buah kepayang siap dikokolakeun Klasifikasi ilmiah Kingdom: Plantae Divisi: Magnoliophyta Kelas: Magnoliopsida Ordo: Malpighiales Famili: Acariaceae Génus: Pangium Spésiés: P. edule Ngaran binomial Pangium edule Reinw. ex Blume Kapayang, (Pangium edule Reinw. ex Blume; sélér (suku) Acariaceae, tiheula diasupkeun kana Flacourtiaceae) nyaéta tuwuhan anu tumuwuh liar atawa satengah liar. Sajab ti kapayang, urang Sunda mere ogé ngaran picung atawa pucung. Siki kapayang dipaké jadi samara asakan Indonésia anu ngahasilkeun warna hideung dina rawon jeung sop konro. Sikina, anu ngabogaan palapis siki anu bisa didahar, lamun atah pohara ngandung racun alatan ngandung asam sianida dina konséntrasi anu luhur. Lamun didahar dina jumlah nu tangtu siki kapayang baris ngabalukarkeun lieur (mabok). Siki kapayang siap dijual di pasar. Racun dina siki ieu bisa dipaké pikeun racun dina mata panah. Siki kapayang aman dikokolakeun pikeun kadaharan lamun geus dikulub sarta dikeueum leuwih tiheula. Kai pepelakan ieu ogé bernilai ékonomi, kalawan beurat jenis 450-1000kg.m- 3. Babasan "mabok kepayang" dina basa Malayu/Indonesia dipaké pikeun ngagambarkeun kaayaan hiji jalma anu keur ragrag asih sahingga henteu sanggup mikir sacara logis. Tapi waktu isuk-isuk dina poé ieu kuring nyuksruk mesin panyungsi yahoo, kuring meunang tumbu kana artikel dina wikipedia basa Inggris, gening kamayang téh boga basa ilmiah "hodgsonia", béda jeung kapayang anu dimaksud dina wikipedia basa Indonesia. ?Hodgsonia Hodgsonia heteroclita fruit Klasifikasi ilmiah Kingdom: Plantae Divisi: Magnoliophyta Kelas: Magnoliopsida Ordo: Cucurbitales Famili: Cucurbitaceae Subfamili: Cucurbitoideae Tribe: Trichosantheae Subtribe: Hodgsoniinae C. Jeffrey 1962 Génus: Hodgsonia Hook.f. & Thomson 1853 Species Hodgsonia heteroclita Hodgsonia macrocarpa Hodgsonia nyaéta sabangsaning tangkal pineus anu buahan dina kulawarga Cucurbitaceae. Ngaran Hodgsonia dicokot tina ngaran Brian Houghton Hodgson dina taun 1853 ku ahli botani Inggris Joseph Dalton Hooker jeung Thomas Thomson (1817-1878), anu nalungtik tangkal kasebut di balé kaséhatan Hodgson di Himalaya. Cing baraya, sugan aya nu terang sarta tiasa negeskeun, tangkal mana anu dimaksud kapayang dina basa Sunda the. Salam, Asep
