Rampes ki Adi, bawirasa akang mah, upama nilik kanu warna nu sering digunakeun 
di Sunda jiga-jigana mah warna nu kalima minangka pancerna teh bulao lain hejo, 
cobi titenan pamairan akang dina topik nu sarua, sanggeus nu ieu.
 
Pun tabe pun
 
Engkus.

--- Pada Sab, 25/10/08, Ki Adi <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

Dari: Ki Adi <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: Re: [kisunda] Simbul warna kasundaan ? Re: Wahyu vs Demokrasi??
Kepada: [email protected]
Tanggal: Sabtu, 25 Oktober, 2008, 10:06 PM






*******
... salam karahayuan!

kang,punten. pami teu lepat mah aya kelir nu kalima salaku pancerna nu
masagikeun, nu nyukupkeun, nu nyampurnakeun, nyaéta "héjo".

tabé pun...

-ki adi-
*******

On 10/24/08, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> wrote:
> Sampurasun !
> Kidulur nu kusimkuring dipihormat,
> Dina jejer Wahyu & Demokrasi ieu geus loba ngarancabangna, aya nu mawa kana
> perkara simbol warna dina kasundaan, simbul angka dina kasundaan, aksara
> jeung taun saka jeung sajabana ti eta, sedengkeun dina unggal cabang jejer
> bahasan teh can nepi ka jucungna. Tah kulantaran kitu, sangkan rada nyoko
> dina paguneman kalayan mundel ku harti tina hasil silih simbeuhan ku kanyaho
> ti pada urang, paguneman ieu kumaha mun urang puseurkeun ka masing-masing
> cabang ieu jadi jejer nu mandiri. Simkuring yakin mun nepi ka rada asak dina
> paguneman, bakal nambahan kareueus jeung kanyaah kana titinggal karuhun
> Sunda, nu tangtu bakal reueus jadi urang Sunda atawa paling henteu reueus
> ngabogaan luluhur nu mibanda kalinuhungan. Ku kituna, hapunten ka para
> moderator, simkuring tos kumawantun.
>
> Tah dina jejer simbul warna kasundaan ieu, simkuring rek nambahan pedaran
> naon nu geus kaharti/kapanggih, nu can kapanggih nya tangtu kuring
> ngaharepkeun pamairan ti ki dulur sejenna.
>
> A. Opat Warna (beureum-koneng- bodas-hideung)
> Saperti nu tiheula diebrehkeun yen simbul warna kasundaan nu utama teh
> nyaeta beureum-koneng- bodas-hideung, nu ngalambangkeun seuneu-angin- cai-bumi
> nu jadi asaling wujud dunya gede, jeung dunya leutik (diri). Tah saripati
> atawa acining-acining seuneu, angin, cai, bumi ieu ngajadi wujud diri
> ngaliwatan dahar, nginum, napas jeung barang nu diasakan. Eta 4 unsur tadi
> sanggeus ngajadi dina diri nimbulkeun napsu-napsu:
> - napsu/sumanget baranggawe jeung kapangkatan tina acining
> seuneu/beureum
> - napsu/sumanget ngudag kanikmatan kaasup napsu "birahi" nu asal
> tina acining cai/bodas
> - napsu/sumanget ngudag kadunyaan (harta banda) tina acining
> angin/koneng
> - napsu/sumanget tetep/mertahankeun naon bae nu geus kapimilik (teu
> aya jalma nu hayang ngalaman kamunduran).
>
> Jadi dina hal ieu elmu Sunda mah dina perkara napsu-napsu teh teu nyalahkeun
> ka mahluk sejenna (setan, iblis jeung sajabana) nu sarua mahluk Gusti, tapi
> estuning memang ngancik jeung nempel (raket) teu pisah tina badan sakujur
> sapanjang hirup di dunya gede, tinggal kumaha sang kuring ngadalikeunana
> (ngamudina), naha rek diabur atawa rek diatur nyoko kana papagon hirup nu
> kamanusaan. Kuringna nu kudu boga pamilih sabab 'sang kuring' geus dibere
> wenang ku Nu Maha Wenang pikeun make diri jeung pangawasana di alam
> Pawenangan Gusti mah teu nyaram teu nitah, ngan sagala ucap-tekad jeung
> lampah teh aya karmana (hukum sabab-akibat patokan ti Nu Maha Kawasa), melak
> hade buah hade-melak goreng buahna goreng. Pan sang kuring teh asal ti Nu
> Maha Suci (Cahyaning Gusti = Nur Allah tea ceuk tukang ngelmu mah) nu tangtu
> ngabogaan sipat-sipat suci. Matak aya benerna nu ngahartikeun ucapan
> sampurasun teh ngandung sampurna ning (dina) ingsun, dina harti ingsun teh
> sang
> kuring nu asal ti Gusti jeung teu pisah jeung Gustina.
>
> Napsu-napsu dina diri eta aya nu hade (positip) aya nu goreng (negatip),
> jadi ceuk elmu Sunda mah napsu teu meunang dipaehan tapi dikadalikeun/
> dikokolakeun, sabab mun diabur bakal ngarugikeun batur jeung ngarugikeun
> dirina, mun dipaehan bakal moal aya kahirupan manusa di dunya, matak dina
> legenda Sangkuriang nu ku simkuring pernah dipedar dina milis ieu. Dayang
> Sumbi (diri) kacida ngambekna waktu si Tumang (napsu) dipaehan ku
> Sangkuriang (sang kuring), buktina karek dikurangan oge waktu diri butuh
> dahar atawa butuh nginum teu ditedunan (puasa) apan sakitu ngambekna diri
> teh (beuteng kukurubukan, hanaang jeung laleuleus). Mun urang teu make eta
> opat unsur, tinangtu bakal leungit napsu-napsu dina diri teh .....da tangtu
> tiwasna.
>
> Tah didieu aya pabedaan nu prinsip dina asal usul kajadian manusa/jalma
> antara elmu Sunda jeung elmu ti Timur Tengah. Sakanyaho simkuring elmu ti
> Timur Tengah mah (Yahudi-Kristen- Islam), yen cenah jalma teh dijieun tinu
> taneuh, terus ditiupkeun roh (angin), ari syetan dijieun tinu seuneu,
> malaikat dijieun tina Cahaya (duka tah nu asal tinu cai jadi mahluk naon?
> Simkuring teu apal, manawi kiduluraya nu terang, bejaan simkuring). Jadi
> aya sababaraha mahluk, sedengkeun dina elmu sunda mah gumulung jadi jalma
> tea. Jadi ngandung harti dina elmu sunda mah, bisa diibaratkeun setan jeung
> malaikat teh gumulung ngancik dina diri manusa, matak pantes
> ucap-tekad-lampah hade atawa goreng teh aya nu nyatet atawa kacatet ku
> dirina sewang-sewangan.
>
> Bukti kalinuhungan luluhur Sunda, geura mun dilenyepan kajadian wujud diri
> asal tinu cahaya beureum-koneng- bodas-hideung teh, geuning nyatana universal
> atawa cocog keur sadunya, da buktina jalma di dunya teh geuning bisa
> digolongkeun (kelompok) kana bangsa kulit merah (Indian), bangsa kulit
> kuning (Indocina), bangsa kulit putih (Eropah), jeung bangsa kulit hitam
> (Negroid). Can ngareungeu aya bangsa kulit bulao atawa bangsa kulit
> hejo/ungu jsb.
>
> Ari bangsa Sunda (Malayu) kaabus golongan mana ? Apan cenah bangsa urang mah
> kaabus golongan bangsa kulit sawo matang nu hartina aya campuran nu saimbang
> antara beureum-koneng- bodas-hideung (unsur nu 4). Tah...tah... tah...mun kitu
> nyoko kana palsapah ieu, sabenerna urang Sunda kudu nganuhunkeun ka Gusti Nu
> Maha Suci, sabab sabenerna bangsa Sunda kacida pantes jeung meujeuhna
> ngajadi bangsa manusa nu utama teh, sualna aya dina kasaimbangan unsur nu
> ngabentuk dirina, oge dirojong ku alam/lemah-caina nu oge saimbang sagala
> aya nyukupan pangabutuh pangeusina (mun bener ngokolakeunana) . Matak ceuk
> elmu sunda mah ari kuring teh (lain nu aya di lalaki bae, awewe ge sarua
> hakna) kudu bisa boga pamajikan 4 kalayan adil, sabab kakurangan atawa
> kaleuwihan salah sahiji unsur bae matak pigeringeun. Contona loba teuing
> beureum awak bakal panas/demam (sipat lahir) atawa loba amarah/gancang ambek
> (sipat batin)
>
> Hayu urang aji nu lianna tutungkusan hasil kalinuhungan luluhur dina perkara
> opat warna ieu, geura urang purak dina pawayangan. Urang gubrag jeung
> ngalalakon di dunya ku luluhur urang digambarkeun lir ibarat wayang, tah
> sajeroning milampah kahirupan gumelarna wayang, tangtu dipirig ku gamelan
> wayang, nu marengan dina metakeun ucap tekad jeung lampah eta sakabeh wayang
> kalayan ninggang dina wirahmana. Saha nu mirigna? Ceuk dina wayang
> disebutkeun "wali sasanga" (ke tunda guaran perkara wali sasanga
> ieu-teundeun di haneuleum sieum), urang guar bae alat gamelanana. Eta
> gamelan sarupaning saron, kenong, goong jsb, tetekon nu aslina mah kudu
> dijieun tina bahan perunggu, ari perunggu teh mangrupakeun campuran logam
> tina tamaga (beureum), kuningan (koneng), perak (bodas) jeung beusi
> (hideung), malahan gamelan pusaka mah sok oge nu ditambahan emas (koneng nu
> aya ajen).
>
> Tuh geuning nyata kalinuhungan jeung kamotekaran luluhur teh natrat pisan,
> eta nepi ka kapikir pikeun ngagabarkeun kahirupan manusa di dunya nu
> salawasna make diri nu asal ti 4 unsur acining, dilarapkeun kana lakuning
> wayang nu dipirig gamelan nu oge dijieun tina 4 warna nu nyimbulkeu, asal
> diri.
>
> Ayeuna lumpat kana tokoh wayangna, di alam Kahiyangan (Mayapada) aya Batara
> Brahma nu ngawasa seuneu (warna wayangna beureum), Batara Bayu nu ngawasa
> angin (koneng), Batara Indra nu ngawasa cai (bodas), jeung Batara Wisnu nu
> ngawasa bumi (hideung), tambah Batara Sambu nu hartina sembada (cageur
> lahir-cageur batin). Eta 5 dewa batara (papat kalima pancer) teh turunan
> (derivasi/penjabara n) ti Sanghiyang Manikmaya (manik = mustika/sostya/ mani;
> maya = cahaya mancur => cahaya mancur nu asal tina mani = diri keneh bae),
> pon kitu deui di alam Marcapada, tingali kulawarga punakawan :
>
>
> Semar ngawakilan simbul beungeut bodas, awak hideung nu hartina tetep dina
> kasucian atawa katetepan ti Nu Maha Suci, semar ngagambarkeun rasa/batin nu
> bersih, matak Semar mah teu boga kalangkang, disebut lalaki tapi bujurna
> gede jeung pinareupna jiga awewe. Jadi lalaki lain awewe lain (kitu gambaran
> luluhur pikeun ngagambarkeun batin/rasa),
>
>
> Dewi Sutiragen pamajikan Semar nu dina wayang digambarkeun geulis (Dewi =
> awewe utama/linangkung, Suti tina siti/ksiti nu hartina taneuh; ragen tina
> kecap ragi-an), jadi Sutiragen teh ngandung harti ragi/acining taneuh, naon
> tah?.... Nya diri atawa raga keneh, matak pantes pamajikan nu hartina
> pangancikan rasa/batin teh taya lian iwal dina raga/diri/lahir nu asal tina
> acining taneuh. Sutiragen digambarkeun geulis, nya tangtu bae sabab diri
> manusa teh mangrupakeun ciptaan Nu Kawasa nu paling sampurna dibanding
> mahluk sejenna, jeung di dunya ieu, naha aya jalma sehat nu teu micinta kana
> dirina.
>
>
> Cepot atawa Sastrajungga (sastra = tulisan, jingga = beureum) ngawakilan
> simbul beureum asal dicipta tina kalangkang semar, matak boga watekna kasar,
> babari ambek, ngomong saengangna).
>
>
> Dawala dicipta tina angin, warna wayang Dawala koneng, ngagambarkeun angin,
> Dawala ngabogaan irung nu gede jeung panjang (ngagambarkeun lawang napas nu
> asal ti angin), matak karakter Dawala mah angin-anginan.
>
>
> Gareng, tah Gareng mah dicipta tina rerenteng nu ngagambarkeun rerenteng
> hirup dina ngumbara di alam dunya bakal kasampeur/kaalaman sarupaning
> hade-goreng, ngeunah-teu ngeunah, susah-senang, cageur-gering jsb.
>
> Patempatan Semar di Karangtumaritis, nu hartina tempat pada nitis, nyaeta
> dunya leutik (diri) tempatna pikeun nitis (titisan indung-bapa, jeung bakal
> nitiskeun anak katurunan), oge nya dunya gede (lemah cai) tempatna para
> titisan.
>
> Tah ku guaran ieu, naha rek mungkir kana luhungna elmu kisunda?, naha tetep
> boga anggapan yen wayang teh asal ti India?, naha teu reueus jeung ajrih ku
> kalinuhungan jeung kamotekaran luluhur sorangan? Naha rek era ngaku jadi
> urang Sunda?, Naha rek cicing, teu era ku kamotekaran luluhur? Iraha atuh
> rek ngajenan luluhur sorangan teh?....mangga teu langkung.
>
> Tah kidulur, rada mundel simkuring ngaguar tina palsapah pawayangan teh,
> ngan can kaboro nuliskeun jadi buku, memang kahareup simkuring boga niat
> ngaguar lengkep makna pawayangan Purwa ti awitan Sanghiyang Wenang.
>
> B. Warna beureum-bodas
> Harti simbul warna Sunda, kacida euyeubna. warna beureum-bodas, bisa
> ngalambangkeun getih beureum nu asal ti indung jeung getih/geutah bodas nu
> asal ti bapa. Dua warna ieu oge ngalambangkeun asal kajadian atawa sajarah
> diri urang. Dina elmu Sunda pangheulana ngajenan teh kudu ka indung-bapa,
> sabab indung bapa nu jadi cukang lantaran gumelarna urang kadunya. Indung
> bapa nu jadi juru salamet urang teh, da buktina kanyaah indung-bapa ti
> mimiti dikandung nepi ka geus rarumah tangga baroga budak deui ge
> kanyaah-kaasih indung-bapa moal pegat, geus jadi babasan kanyaah kolot ka
> anak mah : leutik ku leutikna, gede ku gedena, hade ku hadena, goreng ku
> gorengna jsb, matak simkuring mah teu ngarti ku jalma nu leuwih mikareueus
> kolot/luluhur batur tinimbang kolot/luluhur sorangan. Sakuduna urang
> nempatkeun kolot/indung bapa di tempat/kadudukan nu luhur, matak dina adat
> tradisi nyieun imah, sok disimbulkeun masang bandera beureum-bodas dina
> tihang/kai suhunan nu
> pangluhurna (bagean suhunan naon tah kang Oca disebutna eta teh?).
>
> Beureum-bodas oge ngalambangkeun kawani jeung kasucian, nu hartina wani
> merjuangkeun kabeneran, mun salah-salahkeun, mun bener benerkeun, ngadek
> sacekna nilas saplasna.
>
> Beureum bodas oge sok dipake pasaratan dina sasajen mangrupa gula beureum
> jeung uyah. Beureum bisa ngandung napsu/sumanget berjuang nu kudu dimbangan
> ku rasa/batin (uyah sok disebut oge panyari rasa), oge sok aya bubur
> beureum-bubur bodas.
>
> Tah mun ningali dina perkara beureum-bodas, eta nempatkeun beureum teh
> salawasna di luhureun bodas, ieu teh ngandung maksud yen paugeran Sunda mah
> geus luhung nempatkeun indung (awewe) teh saluhureun bapa (lalaki), pon kitu
> deui dina kekecapan atawa dina papatah sok diheulakeun, saperti :
> 'indung-bapa' (tara nyebutkeun bapa-indung) , 'indung nu ngandung-bapa nu
> ngayuga'; 'indung tunggul rahayu-bapa tangkal darajat' (tara bapa tangkal
> darajat-indung tunggul rahayu), 'wujud asal ti indung-adat asal ti bapa',
> indung beurang, indung leungeun, indung suku, indung poe, indung peuting,
> jsb. Nyata bedana jeung paugeran bangsa Timur Tengah (punten sanes agamana)
> nu nempatkeun awewe leuwih handap ti lalaki.
>
> Tah ku guaran ieu, mudah-mudahan aya mangpaatna keur kidulur, mangga
> disuhunkeun pamairanana, dina perkara 4 warna ieu, atawa mun kidulur aya nu
> apal kana guaran warna lianna saperti bulao, hejo jsb, mangga geura
> alungkeun dina jejer ieu.
>
> Cag ah, ambuing....ambuing. .....aduh aya anak.....geuning panjang ieu guaran
> teh......... .hampura ingsun bisi aya nu teu sapagodos.
>
> Pun tabe pun, rampes
>
> Pun Engkus nun
>
> --- Pada Jum, 17/10/08, engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> menulis:
>
> Dari: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com>
> Topik: Re: Wahyu vs Demokrasi??? ? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG
> SUNDA,...anu WANI ???
> Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
> Tanggal: Jumat, 17 Oktober, 2008, 2:11 AM
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Kang Oca, kang Tirta, oge kidulur sadayana.
>
> Leres warna beureum, koneng, bodas hideung teh ngallambangkeun palsafah
> Sunda nu ngahartikeun asal kajadian dunya gede (alam semesta) jeung asal
> dunya leutik (diri). Dupi hartina, nyaeta :
> - beureum ngalambangkeun seuneu
> - koneng ngalambangkeun angin
> - bodas ngalambangkeun cai
> - hideung ngalambangkeun bumi/taneuh
>
> Lebah dieu luluhur Sunda geus ngabogaan konsep yen ngawujudna alam semesta
> ieu dimimitian ku asana panas (energi) nu ngawujud jadi seuneu (luyu jeung
> tiori ti Barat nu dimimitian ku kajadian ledakan besar api/big bang?), tina
> akibat ledakan timbul ayana angin, tina angin terus ngawujud cai, nya
> lila-lila timbul tetep nu ngawujud jadi bumi/taneuh.
>
> Nya sanggeus rebuan/jutaan taun lilana timbul kasaimbangan nu aya di alam
> teh mangrupa seuneu nu sifatna panas, angin nu sifatna hiliwir, cai nu
> sifatna tiis, jeung bumi nu sifatna tetep/angger. Naha cocog jeung teori
> ilmiah geologi atanapi geofisika... . mangga mungkin kang Oman langkung
> terang kana teori ieu. Nu jelas luluhur urang ge geus kabukti ngotektak kana
> nalungtik/ngaji alam semesta.
>
> Tah ayeuna dina segi kajadian alam/dunya leutik (diri), luluhur Sunda geus
> nalungtik yen asal wujud diri teh tina saripatina seuneu, saripatina
> angin/udara, saripatina cai, saripatina. Katerangannana kieu:
> - sagala kadaharan nu asup kana diri indung-bapa dimasak heula (nu hartina
> aya saripati seuneu), buah-buahan, sayuran jeung beubeutian nu teu dimasak
> heula oge matak jadi teh nyerep cahaya/panas panonpoe (seuneu keneh), tah
> lantaran eta dina wujud badan urang aya hawa haneut/panas (badan nu sehat 37
> darajat Celcius).
> - Indung-bapa sapanjang hirupna tangtu nginum cai (inuman atawa tina
> buah-buahan) , hampasna dipiceun ngaliwatan kahampangan, kesang jsb, nu
> tinggal dina dirina nya saripatina,
> - indung-bapa barang dahar nu asal tina taneuh (bubuahan, beubeutian,
> sayuran) nu asal ti bumi (taneuh), tangtu ngandung sari pati taneuh, nya
> dituang saripatina nu dibutuhkeun jadi diri, hampasna dipiceun ngaliwatan
> B.A.B.
> - sapanjang hirup indung-bapa tangtu "ngala nyawa" (napas) aya nu
> diabuskeun/diseuseu p jeung aya nu dikaluarkeun nu asalna tina angin/udara.
> tah nu abus diarah saripatina, hampasna dipiceun.
>
> Tah eta saripati seuneu-angin- cai-bumi nu "dikonsumsi" ku indung-bapa lian
> ti jadi wujud jeung jadi tanaga indung-bapa teh nya ngajadi bahan
> pi-dirieun (sel telur jeung spermatozoid) , nu sanggeus ngabuah nya ngembang
> ti mimiti satitik jadi sagede orok nu asal tina 4 unsur tadi ngaliwatan
> indungna (dina kandungan), nya sanggeus gubrag kadunya oge tetap ngagunakeun
> 4 unsur tadi.
>
> Tah eta unsur-unsur teh ngandung sifat atawa mangaruhan kana sifat jalma,
> warna beureum kana napsu amarah, koneng kana napsu dudunya, bodas kana napsu
> birahi, bodas kana napsu kakawasaan.
>
> Tah ieu simbol warna nu 4 ieu oge dipake dina tetekon pawayangan, nyaeta :
> Semar (bodas jeung hideung), Cepot (beureum), jeung Dawala (koneng). Ke
> ku simkuring dimana cukup waktu rek dipedar naon palsafah wayang Sunda.
>
> Tah kitu sakaterang simkuring mah kang Tirta dina perkara harti simbol
> palsafah warna.
>
> Simkuring ngaluuhan oge kana acara Hanggara Kasih di Taman Mini eta,malahan
> saacanna oge kungsi gunem-catur jeung manehna. Memang manehna meunang
> kanyaho nu ditulis jeung disumebarkeun teh, cenah pangalaman atawa pamanggih
> manehna tina hasil nyucruk diri-nyuay badan-ngotektak raga, jeung pangalaman
> batinna panggih jeung paguneman jeung luluhur Sunda di wewengkon
> Sirnagalih-Bogor. Kamotekaran kang Haris Suryar teh nyaeta ngemas eta
> pamanggih jeung kanyahona dilarapkeun sacara ilmiah kalayan ngagunakeun
> media/teknologi unggul.
>
> Kitu sun, pamairan simkuring.
>
> Cag, Rames.
>
> Engkus R.
> --- Pada Jum, 17/10/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> menulis:
>
> Dari: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
> Topik: Re: Wahyu vs Demokrasi??? ? Re: [kisunda] aya CAPRES URANG
> SUNDA,...anu WANI ???
> Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
> Tanggal: Jumat, 17 Oktober, 2008, 12:58 AM
>
>
>
>
>
>
>
> US kang, urang Bandung. Patapaana mah di Desa Sirna Galih Megamendung Bogor.
> Padepokana mah di Jl. Tulodong caket SCBD.
>
> Sim kuring nembe ngek warna sunda eta, kumaha Kang Oca naon hartosna?
> Simbol2 na ge mirip tangkal, daun paku.
> ~ jalak pakuan ~
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
> Dapatkan nama yang Anda sukai!
> Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail. com.
> http://mail. promotions. yahoo.com/ newdomains/ id/

-- 
Sent from my mobile device

************ ********* ********* ********* ****
"...purbastiti purbajati, suka kreta tang lor kidul kulon wétan kena
kretarasa... "
------------ --------- --------- --------- --------- -----
http://www.urang- sunda.or. id/
http://pituin. multiply. com/
************ ********* ********* ********* ****
 














      
___________________________________________________________________________
Dapatkan nama yang Anda sukai!
Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com.
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke