Kang Engkus,
Panjaaaaaang gening seratan teh, hatur nuhun
parantos kersa maparin pedaran anu munel ku piwejang.
Sababaraha taun kapengker sim kuring kantos
nyerat ngeunaan warna kasebat nganggo lalakon
sireum. Dul peun na mah kirang langkung sapertos kieu:
Bibit buit sieum sadunya teh asalna ti Pasundan,
nyeta sireum nu rupana siga manusa sunda, teu
beureum, teu koneng teu hideung jeung teu bodas.
Sawareh turunan sireum ngumbara ka sakuliah dunya:
- Ka Eropa, ari baralik rupana jadi bodas, adatna
kana mangani, gelarna rajasinga, karesepna kana roti, mawa ageman A
- Ka Cina, ari baralik rupana jadi koneng, adatna
kana babanda, gelarna rajabarana, karesepna kana dodol, mawa ageman B
- Ka Afrika, ari baralik rupana jadi hideung,
adatna kana parasea, gelarna rajapati, karesepna kana martabak, mawa ageman C
- Ka Amerika, ari baralik rupana jadi beureum,
adatna resep kumawasa, gelarna rajawisuna, karesepna kana kiju, mawa ageman D
Sakabeh sireum nu baralik ngumbara teh poho kana
purwa daksina, bari terus nitah pribumi miluan
kabiasaan anyarna bari sawareh mah aya nu make
cara paksaan, nyingsieunan bari ngabibita. Demi
ari sireum nu caricing di Pasundan, angger we
rupa jeung kabeukina oge teu robah, daharna
surabi agemanana sakumaha nu diwaris ku
luluhurna. Tapi sok sanajan kitu, sakabeh sireum
nu bereum, bodas, koneng jeung hideung teh
diarampihan deui wae di Pasundan da bubuhan ka dulurna baheula.
Mangga teraskeun deui.....
At 06:25 PM 10/24/2008, engkus ruswana wrote:
Sampurasun !
Kidulur nu kusimkuring dipihormat,
Dina jejer Wahyu & Demokrasi ieu geus loba
ngarancabangna, aya nu mawa kana perkara simbol
warna dina kasundaan, simbul angka dina
kasundaan, aksara jeung taun saka jeung sajabana
ti eta, sedengkeun dina unggal cabang jejer
bahasan teh can nepi ka jucungna. Tah kulantaran
kitu, sangkan rada nyoko dina paguneman kalayan
mundel ku harti tina hasil silih simbeuhan ku
kanyaho ti pada urang, paguneman ieu kumaha mun
urang puseurkeun ka masing-masing cabang ieu
jadi jejer nu mandiri. Simkuring yakin mun nepi
ka rada asak dina paguneman, bakal
nambahan kareueus jeung kanyaah kana titinggal
karuhun Sunda, nu tangtu bakal reueus jadi urang
Sunda atawa paling henteu reueus ngabogaan
luluhur nu mibanda kalinuhungan. Ku kituna,
hapunten ka para moderator, simkuring tos kumawantun.
Tah dina jejer simbul warna kasundaan ieu,
simkuring rek nambahan pedaran naon nu geus
kaharti/kapanggih, nu can kapanggih nya tangtu
kuring ngaharepkeun pamairan ti ki dulur sejenna.
A. Opat Warna (beureum-koneng-bodas-hideung)
Saperti nu tiheula diebrehkeun yen simbul warna
kasundaan nu utama teh nyaeta
beureum-koneng-bodas-hideung, nu ngalambangkeun
seuneu-angin-cai-bumi nu jadi asaling wujud
dunya gede, jeung dunya leutik (diri). Tah
saripati atawa acining-acining seuneu, angin,
cai, bumi ieu ngajadi wujud diri ngaliwatan
dahar, nginum, napas jeung barang nu diasakan.
Eta 4 unsur tadi sanggeus ngajadi dina diri nimbulkeun napsu-napsu:
- napsu/sumanget baranggawe jeung
kapangkatan tina acining seuneu/beureum
- napsu/sumanget ngudag kanikmatan
kaasup napsu âbirahiâ nu asal tina acining cai/bodas
- napsu/sumanget ngudag kadunyaan (harta
banda) tina acining angin/koneng
- napsu/sumanget tetep/mertahankeun naon
bae nu geus kapimilik (teu aya jalma nu hayang ngalaman kamunduran).
Jadi dina hal ieu elmu Sunda mah dina perkara
napsu-napsu teh teu nyalahkeun ka mahluk sejenna
(setan, iblis jeung sajabana) nu sarua mahluk
Gusti, tapi estuning memang ngancik jeung nempel
(raket) teu pisah tina badan sakujur sapanjang
hirup di dunya gede, tinggal kumaha sang kuring
ngadalikeunana (ngamudina), naha rek diabur
atawa rek diatur nyoko kana papagon hirup nu
kamanusaan. Kuringna nu kudu boga pamilih sabab
âsang kuringâ geus dibere wenang ku Nu Maha
Wenang pikeun make diri jeung pangawasana di
alam Pawenangan Gusti mah teu nyaram teu nitah,
ngan sagala ucap-tekad jeung lampah teh aya
karmana (hukum sabab-akibat patokan ti Nu Maha
Kawasa), melak hade buah hade-melak goreng
buahna goreng. Pan sang kuring teh asal ti Nu
Maha Suci (Cahyaning Gusti = Nur Allah tea ceuk
tukang ngelmu mah) nu tangtu ngabogaan
sipat-sipat suci. Matak aya benerna nu
ngahartikeun ucapan sampurasun teh ngandung
sampurna ning (dina) ingsun, dina harti ingsun
teh sang kuring nu asal ti Gusti jeung teu pisah jeung Gustina.
Napsu-napsu dina diri eta aya nu hade (positip)
aya nu goreng (negatip), jadi ceuk elmu Sunda
mah napsu teu meunang dipaehan tapi
dikadalikeun/ dikokolakeun, sabab mun diabur
bakal ngarugikeun batur jeung ngarugikeun
dirina, mun dipaehan bakal moal aya kahirupan
manusa di dunya, matak dina legenda Sangkuriang
nu ku simkuring pernah dipedar dina milis ieu.
Dayang Sumbi (diri) kacida ngambekna waktu si
Tumang (napsu) dipaehan ku Sangkuriang (sang
kuring), buktina karek dikurangan oge waktu diri
butuh dahar atawa butuh nginum teu ditedunan
(puasa) apan sakitu ngambekna diri teh (beuteng
kukurubukan, hanaang jeung laleuleus). Mun urang
teu make eta opat unsur, tinangtu bakal leungit
napsu-napsu dina diri teh .....da tangtu tiwasna.
Tah didieu aya pabedaan nu prinsip dina asal
usul kajadian manusa/jalma antara elmu Sunda
jeung elmu ti Timur Tengah. Sakanyaho simkuring
elmu ti Timur Tengah mah (Yahudi-Kristen-Islam),
yen cenah jalma teh dijieun tinu taneuh, terus
ditiupkeun roh (angin), ari syetan dijieun tinu
seuneu, malaikat dijieun tina Cahaya (duka tah
nu asal tinu cai jadi mahluk naon? Simkuring teu
apal, manawi kiduluraya nu terang, bejaan
simkuring). Jadi aya sababaraha mahluk,
sedengkeun dina elmu sunda mah gumulung jadi
jalma tea. Jadi ngandung harti dina elmu sunda
mah, bisa diibaratkeun setan jeung malaikat teh
gumulung ngancik dina diri manusa, matak pantes
ucap-tekad-lampah hade atawa goreng teh aya nu
nyatet atawa kacatet ku dirina sewang-sewangan.
Bukti kalinuhungan luluhur Sunda, geura mun
dilenyepan kajadian wujud diri asal tinu cahaya
beureum-koneng-bodas-hideung teh, geuning
nyatana universal atawa cocog keur sadunya, da
buktina jalma di dunya teh geuning bisa
digolongkeun (kelompok) kana bangsa kulit merah
(Indian), bangsa kulit kuning (Indocina), bangsa
kulit putih (Eropah), jeung bangsa kulit hitam
(Negroid). Can ngareungeu aya bangsa kulit bulao
atawa bangsa kulit hejo/ungu jsb.
Ari bangsa Sunda (Malayu) kaabus golongan mana ?
Apan cenah bangsa urang mah kaabus golongan
bangsa kulit sawo matang nu hartina aya campuran
nu saimbang antara beureum-koneng-bodas-hideung
(unsur nu 4). Tah...tah...tah...mun kitu nyoko
kana palsapah ieu, sabenerna urang Sunda kudu
nganuhunkeun ka Gusti Nu Maha Suci, sabab
sabenerna bangsa Sunda kacida pantes jeung
meujeuhna ngajadi bangsa manusa nu utama teh,
sualna aya dina kasaimbangan unsur nu ngabentuk
dirina, oge dirojong ku alam/lemah-caina nu oge
saimbang sagala aya nyukupan pangabutuh
pangeusina (mun bener ngokolakeunana). Matak
ceuk elmu sunda mah ari kuring teh (lain nu aya
di lalaki bae, awewe ge sarua hakna) kudu bisa
boga pamajikan 4 kalayan adil, sabab kakurangan
atawa kaleuwihan salah sahiji unsur bae matak
pigeringeun. Contona loba teuing beureum awak
bakal panas/demam (sipat lahir) atawa loba amarah/gancang ambek (sipat batin)
Hayu urang aji nu lianna tutungkusan hasil
kalinuhungan luluhur dina perkara opat warna
ieu, geura urang purak dina pawayangan. Urang
gubrag jeung ngalalakon di dunya ku luluhur
urang digambarkeun lir ibarat wayang, tah
sajeroning milampah kahirupan gumelarna wayang,
tangtu dipirig ku gamelan wayang, nu marengan
dina metakeun ucap tekad jeung lampah eta
sakabeh wayang kalayan ninggang dina wirahmana.
Saha nu mirigna? Ceuk dina wayang disebutkeun
âwali sasangaâ (ke tunda guaran perkara wali
sasanga ieu-teundeun di haneuleum sieum), urang
guar bae alat gamelanana. Eta gamelan sarupaning
saron, kenong, goong jsb, tetekon nu aslina mah
kudu dijieun tina bahan perunggu, ari perunggu
teh mangrupakeun campuran logam tina tamaga
(beureum), kuningan (koneng), perak (bodas)
jeung beusi (hideung), malahan gamelan pusaka
mah sok oge nu ditambahan emas (koneng nu aya ajen).
Tuh geuning nyata kalinuhungan jeung kamotekaran
luluhur teh natrat pisan, eta nepi ka kapikir
pikeun ngagabarkeun kahirupan manusa di dunya nu
salawasna make diri nu asal ti 4 unsur acining,
dilarapkeun kana lakuning wayang nu dipirig
gamelan nu oge dijieun tina 4 warna nu nyimbulkeu, asal diri.
Ayeuna lumpat kana tokoh wayangna, di alam
Kahiyangan (Mayapada) aya Batara Brahma nu
ngawasa seuneu (warna wayangna beureum), Batara
Bayu nu ngawasa angin (koneng), Batara Indra nu
ngawasa cai (bodas), jeung Batara Wisnu nu
ngawasa bumi (hideung), tambah Batara Sambu nu
hartina sembada (cageur lahir-cageur batin). Eta
5 dewa batara (papat kalima pancer) teh turunan
(derivasi/penjabaran) ti Sanghiyang Manikmaya
(manik = mustika/sostya/ mani; maya = cahaya
mancur => cahaya mancur nu asal tina mani = diri
keneh bae), pon kitu deui di alam Marcapada, tingali kulawarga punakawan :
* Semar ngawakilan simbul beungeut bodas,
awak hideung nu hartina tetep dina kasucian
atawa katetepan ti Nu Maha Suci, semar
ngagambarkeun rasa/batin nu bersih, matak Semar
mah teu boga kalangkang, disebut lalaki tapi
bujurna gede jeung pinareupna jiga awewe. Jadi
lalaki lain awewe lain (kitu gambaran luluhur
pikeun ngagambarkeun batin/rasa),
* Dewi Sutiragen pamajikan Semar nu dina
wayang digambarkeun geulis (Dewi = awewe
utama/linangkung, Suti tina siti/ksiti nu
hartina taneuh; ragen tina kecap ragi-an), jadi
Sutiragen teh ngandung harti ragi/acining
taneuh, naon tah?.... Nya diri atawa raga
keneh, matak pantes pamajikan nu hartina
pangancikan rasa/batin teh taya lian iwal dina
raga/diri/lahir nu asal tina acining taneuh.
Sutiragen digambarkeun geulis, nya tangtu bae
sabab diri manusa teh mangrupakeun ciptaan Nu
Kawasa nu paling sampurna dibanding mahluk
sejenna, jeung di dunya ieu, naha aya jalma
sehat nu teu micinta kana dirina.
* Cepot atawa Sastrajungga (sastra =
tulisan, jingga = beureum) ngawakilan simbul
beureum asal dicipta tina kalangkang semar,
matak boga watekna kasar, babari ambek, ngomong saengangna).
* Dawala dicipta tina angin, warna wayang
Dawala koneng, ngagambarkeun angin, Dawala
ngabogaan irung nu gede jeung panjang
(ngagambarkeun lawang napas nu asal ti angin),
matak karakter Dawala mah angin-anginan.
* Gareng, tah Gareng mah dicipta tina
rerenteng nu ngagambarkeun rerenteng hirup dina
ngumbara di alam dunya bakal kasampeur/kaalaman
sarupaning hade-goreng, ngeunah-teu ngeunah, susah-senang, cageur-gering jsb.
Patempatan Semar di Karangtumaritis, nu hartina
tempat pada nitis, nyaeta dunya leutik (diri)
tempatna pikeun nitis (titisan indung-bapa,
jeung bakal nitiskeun anak katurunan), oge nya
dunya gede (lemah cai) tempatna para titisan.
Tah ku guaran ieu, naha rek mungkir kana
luhungna elmu kisunda?, naha tetep boga anggapan
yen wayang teh asal ti India?, naha teu reueus
jeung ajrih ku kalinuhungan jeung kamotekaran
luluhur sorangan? Naha rek era ngaku jadi urang
Sunda?, Naha rek cicing, teu era ku kamotekaran
luluhur? Iraha atuh rek ngajenan luluhur sorangan teh?....mangga teu langkung.
Tah kidulur, rada mundel simkuring ngaguar tina
palsapah pawayangan teh, ngan can kaboro
nuliskeun jadi buku, memang kahareup simkuring
boga niat ngaguar lengkep makna pawayangan Purwa ti awitan Sanghiyang Wenang.
B. Warna beureum-bodas
Harti simbul warna Sunda, kacida euyeubna. warna
beureum-bodas, bisa ngalambangkeun getih beureum
nu asal ti indung jeung getih/geutah bodas nu
asal ti bapa. Dua warna ieu oge ngalambangkeun
asal kajadian atawa sajarah diri urang. Dina
elmu Sunda pangheulana ngajenan teh kudu ka
indung-bapa, sabab indung bapa nu jadi cukang
lantaran gumelarna urang kadunya. Indung bapa nu
jadi juru salamet urang teh, da buktina kanyaah
indung-bapa ti mimiti dikandung nepi ka geus
rarumah tangga baroga budak deui ge
kanyaah-kaasih indung-bapa moal pegat, geus jadi
babasan kanyaah kolot ka anak mah : leutik ku
leutikna, gede ku gedena, hade ku hadena, goreng
ku gorengna jsb, matak simkuring mah teu ngarti
ku jalma nu leuwih mikareueus kolot/luluhur
batur tinimbang kolot/luluhur sorangan. Sakuduna
urang nempatkeun kolot/indung bapa di
tempat/kadudukan nu luhur, matak dina adat
tradisi nyieun imah, sok disimbulkeun masang
bandera beureum-bodas dina tihang/kai suhunan nu
pangluhurna (bagean suhunan naon tah kang Oca disebutna eta teh?).
Beureum-bodas oge ngalambangkeun kawani jeung
kasucian, nu hartina wani merjuangkeun
kabeneran, mun salah-salahkeun, mun bener
benerkeun, ngadek sacekna nilas saplasna.
Beureum bodas oge sok dipake pasaratan dina
sasajen mangrupa gula beureum jeung uyah.
Beureum bisa ngandung napsu/sumanget berjuang nu
kudu dimbangan ku rasa/batin (uyah sok disebut
oge panyari rasa), oge sok aya bubur beureum-bubur bodas.
Tah mun ningali dina perkara beureum-bodas, eta
nempatkeun beureum teh salawasna di luhureun
bodas, ieu teh ngandung maksud yen paugeran
Sunda mah geus luhung nempatkeun indung (awewe)
teh saluhureun bapa (lalaki), pon kitu deui dina
kekecapan atawa dina papatah sok diheulakeun,
saperti : âindung-bapaâ (tara nyebutkeun
bapa-indung), âindung nu ngandung-bapa nu
ngayugaâ; âindung tunggul rahayu-bapa
tangkal darajatâ (tara bapa tangkal
darajat-indung tunggul rahayu), âwujud asal ti
indung-adat asal ti bapaâ, indung beurang,
indung leungeun, indung suku, indung poe, indung
peuting, jsb. Nyata bedana jeung paugeran bangsa
Timur Tengah (punten sanes agamana) nu
nempatkeun awewe leuwih handap ti lalaki.
Tah ku guaran ieu, mudah-mudahan aya mangpaatna
keur kidulur, mangga disuhunkeun pamairanana,
dina perkara 4 warna ieu, atawa mun kidulur aya
nu apal kana guaran warna lianna saperti bulao,
hejo jsb, mangga geura alungkeun dina jejer ieu.
Cag ah, ambuing....ambuing......aduh aya
anak.....geuning panjang ieu guaran
teh..........hampura ingsun bisi aya nu teu sapagodos.
Pun tabe pun, rampes
Pun Engkus nun
--- Pada Jum, 17/10/08, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Dari: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>
Topik: Re: Wahyu vs Demokrasi???? Re: [kisunda]
aya CAPRES URANG SUNDA,...anu WANI ???
Kepada: [email protected]
Tanggal: Jumat, 17 Oktober, 2008, 2:11 AM
Kang Oca, kang Tirta, oge kidulur sadayana.
Leres warna beureum, koneng, bodas hideung teh
ngallambangkeun palsafah Sunda nu ngahartikeun
asal kajadian dunya gede (alam semesta) jeung
asal dunya leutik (diri). Dupi hartina, nyaeta :
- beureum ngalambangkeun seuneu
- koneng ngalambangkeun angin
- bodas ngalambangkeun cai
- hideung ngalambangkeun bumi/taneuh
Lebah dieu luluhur Sunda geus ngabogaan konsep
yen ngawujudna alam semesta ieu dimimitian ku
asana panas (energi) nu ngawujud jadi seuneu
(luyu jeung tiori ti Barat nu dimimitian ku
kajadian ledakan besar api/big bang?), tina
akibat ledakan timbul ayana angin, tina angin
terus ngawujud cai, nya lila-lila timbul tetep nu ngawujud jadi bumi/taneuh.
Nya sanggeus rebuan/jutaan taun lilana timbul
kasaimbangan nu aya di alam teh mangrupa seuneu
nu sifatna panas, angin nu sifatna hiliwir, cai
nu sifatna tiis, jeung bumi nu sifatna
tetep/angger. Naha cocog jeung teori ilmiah
geologi atanapi geofisika... . mangga mungkin
kang Oman langkung terang kana teori ieu. Nu
jelas luluhur urang ge geus kabukti ngotektak
kana nalungtik/ngaji alam semesta.
Tah ayeuna dina segi kajadian alam/dunya leutik
(diri), luluhur Sunda geus nalungtik yen asal
wujud diri teh tina saripatina seuneu,
saripatina angin/udara, saripatina cai, saripatina. Katerangannana kieu:
- sagala kadaharan nu asup kana diri indung-bapa
dimasak heula (nu hartina aya saripati seuneu),
buah-buahan, sayuran jeung beubeutian nu teu
dimasak heula oge matak jadi teh nyerep
cahaya/panas panonpoe (seuneu keneh), tah
lantaran eta dina wujud badan urang aya hawa
haneut/panas (badan nu sehat 37 darajat Celcius).
- Indung-bapa sapanjang hirupna tangtu nginum
cai (inuman atawa tina buah-buahan) , hampasna
dipiceun ngaliwatan kahampangan, kesang jsb, nu
tinggal dina dirina nya saripatina,
- indung-bapa barang dahar nu asal tina taneuh
(bubuahan, beubeutian, sayuran) nu asal ti bumi
(taneuh), tangtu ngandung sari pati taneuh, nya
dituang saripatina nu dibutuhkeun jadi diri,
hampasna dipiceun ngaliwatan B.A.B.
- sapanjang hirup indung-bapa tangtu "ngala
nyawa" (napas) aya nu diabuskeun/diseuseu p
jeung aya nu dikaluarkeun nu asalna tina
angin/udara. tah nu abus diarah saripatina, hampasna dipiceun.
Tah eta saripati seuneu-angin- cai-bumi nu
"dikonsumsi" ku indung-bapa lian ti jadi wujud
jeung jadi tanaga indung-bapa teh nya ngajadi
bahan pi-dirieun (sel telur jeung spermatozoid)
, nu sanggeus ngabuah nya ngembang ti mimiti
satitik jadi sagede orok nu asal tina 4 unsur
tadi ngaliwatan indungna (dina kandungan), nya
sanggeus gubrag kadunya oge tetap ngagunakeun 4 unsur tadi.
Tah eta unsur-unsur teh ngandung sifat atawa
mangaruhan kana sifat jalma, warna beureum kana
napsu amarah, koneng kana napsu dudunya, bodas
kana napsu birahi, bodas kana napsu kakawasaan.
Tah ieu simbol warna nu 4 ieu oge dipake dina
tetekon pawayangan, nyaeta : Semar (bodas jeung
hideung), Cepot (beureum), jeung Dawala
(koneng). Ke ku simkuring dimana cukup waktu rek
dipedar naon palsafah wayang Sunda.
Tah kitu sakaterang simkuring mah kang Tirta
dina perkara harti simbol palsafah warna.
Simkuring ngaluuhan oge kana acara Hanggara
Kasih di Taman Mini eta,malahan saacanna oge
kungsi gunem-catur jeung manehna. Memang manehna
meunang kanyaho nu ditulis jeung disumebarkeun
teh, cenah pangalaman atawa pamanggih manehna
tina hasil nyucruk diri-nyuay badan-ngotektak
raga, jeung pangalaman batinna panggih jeung
paguneman jeung luluhur Sunda di wewengkon
Sirnagalih-Bogor. Kamotekaran kang Haris Suryar
teh nyaeta ngemas eta pamanggih jeung kanyahona
dilarapkeun sacara ilmiah kalayan ngagunakeun media/teknologi unggul.
Kitu sun, pamairan simkuring.
Cag, Rames.
Engkus R.
--- Pada Jum, 17/10/08, Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com> menulis:
Dari: Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED] com>
Topik: Re: Wahyu vs Demokrasi??? ? Re: [kisunda]
aya CAPRES URANG SUNDA,...anu WANI ???
Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Jumat, 17 Oktober, 2008, 12:58 AM
US kang, urang Bandung. Patapaana mah di Desa
Sirna Galih Megamendung Bogor. Padepokana mah di Jl. Tulodong caket SCBD.
Sim kuring nembe ngek warna sunda eta, kumaha
Kang Oca naon hartosna? Simbol2 na ge mirip tangkal, daun paku.
~ jalak pakuan ~
<http://sg.rd.yahoo.com/id/mail/domainchoice/mail/signature/*http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/>Yahoo!
sekarang memiliki alamat Email baru
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di
domain baru @ymail dan @rocketmail. br> Cepat sebelum diambil orang lain!
__________________________________________________
ILEN KARDANI
Drilling Services Manager
Schlumberger Drilling & Measurements
16 Floor, Rohas Perkasa
No.8 Jalan Perak
50450 Kuala Lumpur Malaysia
Tel: 60 (3) 2166 7788
DID: 60 (3) 2169 4180
Fax: 60 (3) 21667100
Mobile: 60 (12) 2516485
mailto:[EMAIL PROTECTED]