Bah Owi, bale pasamoan tina awi?
Bah Oca, apan nu kiwari oge, wangunan pasantren teh tina awi.
Ngan nu kaciri ku uing mah, wangunanna kirang terawat.
Da asa geueuman, arang jalma nu ngulampreng.
Jigana Bah Owi perlu ngadaftasi model pendekatan jiga para wali.
Ngarah santri jul-jol timana mendi.

salam,
mh

On Sun, Oct 19, 2008 at 1:48 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> aeh, apanan ditulisna, kg Ndud....aya ogen?
> hampura mun teu kasebut, lepat nyebat, uin limpeuran...
> justru koncina aya di kg Ndud, ka-saratus Nunggal!!
> aeh kg Wahyu, salam balik ka Bah Tantowi...
> hampura kitu can ka ditu deui,
> anjeunna hoyong ngadamel bale pasamoan tina awi...
> he33x!
> ...oca tea...
>
> --- On Sat, 10/18/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] GERAKKAN KASUNDAAN (implengan)
> To: [email protected]
> Date: Saturday, October 18, 2008, 7:19 AM
>
> Kang Oca:
> asana mah uing teu kasebut, tapi lain hartina uing disingsalkeun pan? he 33x
> + 33x +33x + 1
>
> Kang Wahyudi:
> haturan kang Yud, tah geuning tos nambihan deui anu daria... perkawis urang
> sunda anu pabureuncay dina blok sewang-sewangan asana mah eta mah tos janten
> papasten da dalah kumaha atuh geuning jalma mah teu tiasa di seragamkeun.
> Ayeuna urang akalan bae atuh ngarah unggal golongan, kelompok, udagan jrrd
> urang dihungkeun ku silaturahim. Keun kapayun mah sugan 'ngaibleg' janten
> bukur henteu mung saukur catur, 10 -15 taun deui, sugan!
>
> wassalam
> dudi_ss
>
>
> ----- Original Message -----
> From: Wahyudi
> To: [email protected]
> Sent: Thursday, October 16, 2008 2:06 AM
> Subject: Re: [kisunda] GERAKKAN KASUNDAAN (implengan)
>
> Ieu implengan mungguh jadi udagan urang sarerea (lain ngan ukur anu aya di
> ieu milis wungkul tapi regregan lian anu aya di seuweu siwi Sunda), ...
> Jeung nu pasti MOAL PAMOHALAN ... ngan iraha cundukna nya urang nu
> nangtukeun.
>
> Ngan ningali kana sajarah ... samisal gerakan pamuda sunda taun 50'an jeung
> samemehna sarta kaayaan ayeuna aya anu kudu di motholaah deui bodas jeung
> hideungna, naha di tataran idea, tataran visi nepikeun ka tataran aksina. Nu
> tangtu urang kudu ngahijikeun gerakan aksi tina mangpirang widang naha
> widang senina, sajarahna, ekonomina atanapi pendidikanana. Oge kudu jelas
> tahapan objek garapanana ka nonoman, ka masyarakat, ka para politikus
> (nagarawan?) , ka pamarentahan ....
>
> Ngan ieu mah ceuk kuring , aya hiji lengkah anu bisa dimimitian nyaeta urang
> garap heula para nonoman khususna Mahasiswa anu engkena pikeun jadi kader
> jeung motor-motor operasional di lapangan. Sabaraha taun katukang kuring asa
> bungah ku ayana kagiatan pelatihan Kapamingpinan Sunda anu di iluan ku
> rengrengan mahasiswa tiap angkatana ampir 100 urang, pami teu lepat ayeuna
> teh tos aya kana 6-8 angkatanana di ayakeunana ku GEMA JABAR, ngan duka
> kiwari kumaha terusna ...... ?
>
> Aya hiji organisasi anu bisa digarap (kabeneran kuring aya link kadinya),
> nyaeta FOKALISMAS (Forum Komunikasi Lingkung Seni Mahasiswa Sunda) anu
> ngawengku leuwih ti 50 Paguron luhur sa-Jawa/Bali ... tah ieu organisasi
> ayeuna (mun teu salah) masih fokus kana kagiatan kasenian .... urang
> euyeuban jeung urang kuatan deui pangaweruh tur legaan deuih rohangan
> fikirna. Meureun bakal rada cape da kudu ngawal Fokalismas puseurna (anu
> bagilir), sarta kudu ngawal oge ti kampus ka kampus ngan ari rereongan mah
> meureun hampang.
>
> Tina obrolan samentara, tiap organisasi di kampus aya kana 50-100 urangna
> dirata-rata tiap entragan aya kana 2000 urangna leuwih, tah ieu tiap taun
> ... kumaha mun mayeung kana 10 tauna. Ti Organisasi anu aya di STTTelkom wae
> nyaeta SWS ayeuna anggotana ampir kana 2000 urangna sumebar dimana-mana atuh
> anu aktif di kampus aya kana 500 urangna (Ari anu aktif pisan dina
> kapangurusan jeung organisasimah 50-100 urang).
>
> Maksud teh wancina urang nyieun hiji grand desain ngangkat deui jeung
> nanjeurkeun Ki Sunda dina wangun tata nilai.
> - Buka Sajarah - angkat Kabanggaanana - arahkeun jeung  buktikeun di
> lingkunganana
>
> sakitu heula jadi wacana awal mah .... paralun
>
> nb. Aya salam ka Kang Oca, Kang Oman, miwah rengrengan ti KH Thonthowi
> Musaddad 'nu hiji komentarna dina wangongan pabeuberang kamari : kunaon
> komunitas kasundaan oge masih silih Blok/ngotak- ngotak ? bangun
> manglebarkeun
>
> On Wed, Oct 15, 2008 at 7:21 PM, Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@
> yahoo.com> wrote:
>>
>> pun dulur, kang baraya yang sa-warga SUNDA,
>> hampura uin...
>>
>> hayang gerak, tapi sok kaparotongkeun bae...
>> gerak di ka-Sunda-an,
>>
>> kahayang teh...
>> US bisa ngahiji, tapi dina wangunan anu sajati
>> hateup tina Jati...
>> tihang tina Jati...
>> tatapakan tina alam saJati
>> nya...saJatining SUNDA.
>>
>> sok sanajan, beda warna
>> sok sanajan beda rupa
>> sok sanajan beda sora
>> rek bunisora, rek tariksora
>> pek bae kumadinya...
>> tapiiii... sarua JATIna...
>> lain JUNTI...tapiii
>> JATI SUNDA!!!
>>
>> enya...
>> siga katumbiri...
>> rupi-rupi warna-warni
>> tapi nutug leuwi
>> manggih nyi putri
>> saurang sahiji...
>> kabeh kabagi...
>>
>> pamohalan???
>> teu era ka nini2 di ahir hirupna
>> masih keneh nyieun jarum
>> ku cara ngahampelas WATANG beusi beton?
>>
>> kahayang teh...
>> boga imah...
>> tapi lain sakadar saung...
>> keur paragi ngiuhan, pangreureuhan wungkul
>> tapi IMAH SAREREA, BALAREA
>> tempat ngiuhan sarerea...
>> tempat ngadu bako, balagonjangan
>> nyieun sagala, kalawan rempug jukung
>> tempat panyaluuhan
>> silih elingan
>> silih rojong
>> silih ASAH-ASIH-ASUH! !!
>>
>> emh,...ambu
>> kg mh, kh mj, kg tirta, ua duq, bah oman
>> kg illen, gan eminx, neng lina, kg rawayan
>> kg dak angon, kg engkus, kg roche
>> kg aam, kg TSAS, kg eko, kg ucir
>> kg maman, kg deuhart, kg sadewa. kg semar2
>> kg waluya, kg mkyudi, kaseeep, kg ganles,
>> kg n'tis, kg aguspaku, kg ganjar,kg yunan
>> ceu yeni, kg anin, kg tjukri, kg dedroh, kg yudkur
>> ceu nety umar,kg nong,kg billah, kg putragaluh,
>> kg agungsus, kg jaeni, kg iman, kg frednov,
>> kg jodism, kg aseptea, kg rudiheuay, kg bejomanun,
>> kg gun yusuf, kg xitanabin, kg suprihat, kgtajimalela,
>> kg tbtaufik, kg afif, kg ednug, kg diditurm, kg amnyr
>> kg, ceu,... saha deui nya? ah uin pohoan, hampura
>> pokona sakabeh anu sukasunda!
>> ka sakabeh nu hayang nyahosunda
>> ulah euceuk jeung beja, paribasana mah
>>
>> pamohaaalan, ari tipangalaman uin mah,
>> tapi karak ceuk uin...
>> ari ceuk ki dulur kumaaaaaaha?
>> mungkin?
>> mun mungkin kumaha tah carana?
>>
>> sunda
>> teu saukur genetika
>> teu ukur sampurasun.. .
>> teu saukur wacana
>> teu saukur dedegungan/kacapi suling
>> teu saukur sisilaturahmian
>> teu saukur tatakrama
>> jeung gaya basana
>> tapi mangrupakeun
>> TATANAN KAMASYARAKATAN,
>> SISTIM KAHIRUPAN
>> KABANGSAAN-KANAGARA AN
>> DUMASAR KANA
>> ELING KA PURWADAKSI-NA
>> ELING KA SABUDEUR ALAM
>> ELING KA GUSTI NU MURBENG ALAM
>>
>> CAG!
>> RAMPES!
>> ...oca tea...
>>
>>
>>
>>
> .
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke