aeh, apanan ditulisna, kg Ndud....aya ogen?
hampura mun teu kasebut, lepat nyebat, uin limpeuran...
justru koncina aya di kg Ndud, ka-saratus Nunggal!!
aeh kg Wahyu, salam balik ka Bah Tantowi...
hampura kitu can ka ditu deui,
anjeunna hoyong ngadamel bale pasamoan tina awi...
he33x!
....oca tea...
 
--- On Sat, 10/18/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] GERAKKAN KASUNDAAN (implengan)
To: [email protected]
Date: Saturday, October 18, 2008, 7:19 AM







 
Kang Oca: 
asana mah uing teu kasebut, tapi lain 
hartina uing disingsalkeun pan? he 33x + 33x +33x + 1
 
Kang Wahyudi:
haturan kang Yud, tah geuning tos 
nambihan deui anu daria... perkawis urang sunda anu pabureuncay dina blok 
sewang-sewangan asana mah eta mah tos janten papasten da dalah kumaha atuh 
geuning jalma mah teu tiasa di seragamkeun. Ayeuna urang akalan bae atuh ngarah 
unggal golongan, kelompok, udagan jrrd urang dihungkeun ku silaturahim. Keun 
kapayun mah sugan 'ngaibleg' janten bukur henteu mung saukur catur, 10 -15 taun 
deui, sugan!
 
wassalam
dudi_ss
 

  ----- Original Message ----- 
  From: 
  Wahyudi 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, October 16, 2008 2:06 
  AM
  Subject: Re: [kisunda] GERAKKAN KASUNDAAN 
  (implengan)
  

  
  
  Ieu implengan mungguh jadi udagan urang sarerea (lain ngan ukur 
  anu aya di ieu milis wungkul tapi regregan lian anu aya di seuweu siwi 
Sunda), 
  ... Jeung nu pasti MOAL PAMOHALAN ... ngan iraha cundukna nya urang nu 
  nangtukeun.

Ngan ningali kana sajarah ... samisal gerakan pamuda sunda 
  taun 50'an jeung samemehna sarta kaayaan ayeuna aya anu kudu di motholaah 
deui 
  bodas jeung hideungna, naha di tataran idea, tataran visi nepikeun ka tataran 
  aksina. Nu tangtu urang kudu ngahijikeun gerakan aksi tina mangpirang widang 
  naha widang senina, sajarahna, ekonomina atanapi pendidikanana. Oge kudu 
jelas 
  tahapan objek garapanana ka nonoman, ka masyarakat, ka para politikus 
  (nagarawan?) , ka pamarentahan ....

Ngan ieu mah ceuk kuring , aya 
  hiji lengkah anu bisa dimimitian nyaeta urang garap heula para nonoman 
  khususna Mahasiswa anu engkena pikeun jadi kader jeung motor-motor 
operasional 
  di lapangan. Sabaraha taun katukang kuring asa bungah ku ayana kagiatan 
  pelatihan Kapamingpinan Sunda anu di iluan ku rengrengan mahasiswa tiap 
  angkatana ampir 100 urang, pami teu lepat ayeuna teh tos aya kana 6-8 
  angkatanana di ayakeunana ku GEMA JABAR, ngan duka kiwari kumaha terusna 
  ...... ?

Aya hiji organisasi anu bisa digarap (kabeneran kuring aya 
  link kadinya), nyaeta FOKALISMAS (Forum Komunikasi Lingkung Seni Mahasiswa 
  Sunda) anu ngawengku leuwih ti 50 Paguron luhur sa-Jawa/Bali ... tah ieu 
  organisasi ayeuna (mun teu salah) masih fokus kana kagiatan kasenian .... 
urang 
  euyeuban jeung urang kuatan deui pangaweruh tur legaan deuih rohangan 
fikirna. 
  Meureun bakal rada cape da kudu ngawal Fokalismas puseurna (anu bagilir), 
  sarta kudu ngawal oge ti kampus ka kampus ngan ari rereongan mah meureun 
  hampang.

Tina obrolan samentara, tiap organisasi di kampus aya kana 
  50-100 urangna dirata-rata tiap entragan aya kana 2000 urangna leuwih, tah 
ieu 
  tiap taun ... kumaha mun mayeung kana 10 tauna. Ti Organisasi anu aya di 
  STTTelkom wae nyaeta SWS ayeuna anggotana ampir kana 2000 urangna sumebar 
  dimana-mana atuh anu aktif di kampus aya kana 500 urangna (Ari anu aktif 
pisan 
  dina kapangurusan jeung organisasimah 50-100 urang).

Maksud teh wancina 
  urang nyieun hiji grand desain ngangkat deui jeung nanjeurkeun Ki Sunda dina 
  wangun tata nilai.
- Buka Sajarah - angkat Kabanggaanana - arahkeun 
  jeung  buktikeun di lingkunganana

sakitu heula jadi wacana awal 
  mah .... paralun

nb. Aya salam ka Kang Oca, Kang Oman, miwah rengrengan 
  ti KH Thonthowi Musaddad 'nu hiji komentarna dina wangongan pabeuberang 
kamari 
  : kunaon komunitas kasundaan oge masih silih Blok/ngotak- ngotak ? bangun 
  manglebarkeun


  On Wed, Oct 15, 2008 at 7:21 PM, Roza Rahmadjasa 
  Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com> 
  wrote:

  
    
    
    
    
    
      
      
        
          
          pun dulur, kang baraya yang sa-warga SUNDA,
hampura 
          uin...

hayang gerak, tapi sok kaparotongkeun bae...
gerak di 
          ka-Sunda-an,

kahayang teh...
US bisa ngahiji, tapi dina 
          wangunan anu sajati
hateup tina Jati...
tihang tina 
          Jati...
tatapakan tina alam saJati
nya...saJatining 
          SUNDA.

sok sanajan, beda warna
sok sanajan beda rupa
sok 
          sanajan beda sora
rek bunisora, rek tariksora
pek bae 
          kumadinya...
tapiiii... sarua JATIna...
lain 
          JUNTI...tapiii
JATI 
          SUNDA!!!

enya...
siga katumbiri...
rupi-rupi 
          warna-warni
tapi nutug leuwi
manggih nyi putri
saurang 
          sahiji...
kabeh kabagi...

pamohalan???
teu era ka nini2 
          di ahir hirupna
masih keneh nyieun jarum 
ku cara ngahampelas 
          WATANG beusi beton?

kahayang teh...
boga imah...
tapi 
          lain sakadar saung...
keur paragi ngiuhan, pangreureuhan 
          wungkul
tapi IMAH SAREREA, BALAREA
tempat ngiuhan 
          sarerea...
tempat ngadu bako, balagonjangan
nyieun sagala, 
          kalawan rempug jukung
tempat panyaluuhan
silih elingan
silih 
          rojong
silih ASAH-ASIH-ASUH! !!

emh,...ambu
kg mh, kh 
          mj, kg tirta, ua duq, bah oman
kg illen, gan eminx, neng lina, kg 
          rawayan
kg dak angon, kg engkus, kg roche
kg aam, kg TSAS, kg 
          eko, kg ucir
kg maman, kg deuhart, kg sadewa. kg semar2
kg 
          waluya, kg mkyudi, kaseeep, kg ganles, 
kg n'tis, kg aguspaku, kg 
          ganjar,kg yunan
ceu yeni, kg anin, kg tjukri, kg dedroh, kg 
          yudkur
ceu nety umar,kg nong,kg billah, kg putragaluh, 
kg 
          agungsus, kg jaeni, kg iman, kg frednov, 
kg jodism, kg aseptea, kg 
          rudiheuay, kg bejomanun,
kg gun yusuf, kg xitanabin, kg suprihat, 
          kgtajimalela,
kg tbtaufik, kg afif, kg ednug, kg diditurm, kg 
          amnyr
kg, ceu,... saha deui nya? ah uin pohoan, hampura
pokona 
          sakabeh anu sukasunda!
ka sakabeh nu hayang nyahosunda
ulah 
          euceuk jeung beja, paribasana mah

pamohaaalan, ari tipangalaman 
          uin mah,
tapi karak ceuk uin...
ari ceuk ki dulur 
          kumaaaaaaha?
mungkin?
mun mungkin kumaha tah 
          carana?

sunda 
teu saukur genetika
teu ukur 
          sampurasun.. .
teu saukur wacana
teu saukur 
          dedegungan/kacapi suling
teu saukur sisilaturahmian
teu saukur 
          tatakrama
jeung gaya basana
tapi mangrupakeun
TATANAN KAMASYARAKATAN,
SISTIM 
          KAHIRUPAN
KABANGSAAN-KANAGARA AN
DUMASAR 
          KANA
ELING KA PURWADAKSI-NA
ELING KA 
          SABUDEUR ALAM
ELING KA GUSTI NU MURBENG ALAM

CAG!
RAMPES!
....oca 
          tea...


 


  . 
 



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke