Naha teu peryogi demokrasi. 
  
  Margi parantos kudrat sareng iradatNa,  parantos kitu we. 
  Ti  zaman Nabi Sulaeman tug dugi ka zaman kiwari.
  Ratuna sireum gaduh pancen ngendog jang neruskeun generasina
  Pekerja sireum tukang neangan kadaharan
  Jaluna(pejantana) nya  macekan ratuna kitu (meureun)
  Tangtarana duka naon tugasna(siskamling kitu?).
  Beda jeung manusa,  tiasa rangkap jabatan  atanapi pangabisa, teras tiasa naek
  status, misalna ti tukang jualan buku (siga sech puji) terus jadi bandar 
beusi(?)
  terus beunghar.
  
  Lamun nyaan eta sech puji teh jadi puji jelema, tangtuna oge tiasa nyontoan 
ka 
  Dongen Nabi Sulaeman anu  tiasa "dialog" jeung sireum.    Maksadnamah tiasa 
ngahargaan ka makhluk anu lemah, gampil ka jejek ku  manusa.
  Lain kakayaan dipake pikeun ngawayuh budak leutik,  der we make  alesan 
nyunah. Agama ngan dipake topeng wungkul.  Gebleg. 
  

ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                         
     Kang Engkus,

  Panjaaaaaang gening seratan teh, hatur nuhun parantos kersa maparin  pedaran 
anu munel ku piwejang. 
  Sababaraha taun kapengker sim kuring kantos nyerat ngeunaan warna kasebat  
nganggo lalakon sireum. Dul peun na mah kirang langkung sapertos  kieu:

  Bibit buit sieum sadunya teh asalna ti Pasundan, nyeta sireum nu rupana  siga 
manusa sunda, teu beureum, teu koneng teu hideung jeung teu bodas.  Sawareh 
turunan sireum ngumbara ka sakuliah dunya:
  - Ka Eropa, ari baralik rupana jadi bodas, adatna kana mangani, gelarna  
rajasinga, karesepna kana roti, mawa ageman A
  - Ka Cina, ari baralik rupana jadi koneng, adatna kana babanda, gelarna  
rajabarana, karesepna kana dodol, mawa ageman B
  - Ka Afrika, ari baralik rupana jadi hideung, adatna kana parasea,  gelarna 
rajapati, karesepna kana martabak, mawa ageman C
  - Ka Amerika, ari baralik rupana jadi beureum, adatna resep kumawasa,  
gelarna rajawisuna, karesepna kana kiju, mawa ageman D

  Sakabeh sireum nu baralik ngumbara teh poho kana purwa daksina, bari  terus 
nitah pribumi miluan kabiasaan anyarna bari sawareh mah aya nu make  cara 
paksaan, nyingsieunan bari ngabibita. Demi ari sireum nu caricing di  Pasundan, 
angger we rupa jeung kabeukina oge teu robah, daharna surabi  agemanana 
sakumaha nu diwaris ku luluhurna. Tapi sok sanajan kitu,  sakabeh sireum nu 
bereum, bodas, koneng jeung hideung teh diarampihan  deui wae di Pasundan da 
bubuhan ka dulurna baheula.

  Mangga teraskeun deui..... 
  



                                                  

       

Kirim email ke